Resi Drona dilawan ku Prabu Matsyapati; rame silih panah; itu ieu pada wani; 
teu aya nu asor; estu geget pisan silih panahna. tapi lami2 mah, katingal 
bedana kamahoran enggoning ngawasa gandewa sareg jamparing; Drona langkung 
gesit sareng langkung kukuh; lami2 Matsyapati ripuh, dicecer ku Drona; akhirna 
kareana ancur burakrakan pisan. Kuda sareng kusirna sadaya sami binasa; untung 
Raja Wirata kabujeng luncat; jplPutra bungsuna Sanga di na karetana; enggal 
Matsyapati luncat ka na kareta Sanga; Drona teras ngadesek ka dinya; enggalna 
Sanga mentang gondewa manah Drona. Nya der we ieu Guru Agung Drona ngalawan 
jajaka Sanga. Sanga wantun pisan teu pisan undur, masing tos jelas Resi Drona 
Jago Panah Guru sadunya; teras we Sanga ngalawan bari teger sareng teteg.
Tapi sakumaha wanina Sanga, akhirna tiwas ku panah Resi Drona. Da teu cekap ku 
wawanen wungkul ngalawan Jago panah model Drona mah.

Di medan nu sejen deui Srikandhi nuju RIPUH ngalawan Aswatama nu memang jago 
pisan maen panahna; teu era ngaku Putrana Bagawan Drona; memang pantes pisan 
jadi andelan para Kurawa.Kareta Srikandhi ancur ku panah Aswatama; Srikandhi 
luncat teras nyabut pedang; tapi ngan sakilat ditumbak ku Aswathama; dugi ka 
pedangna potong. Srikandhi maledog Aswatama ku ieu pedng potong; Aswatama rikat 
malincet baru terus manahan Srikandhi. Kaleresan Satyaki na karetana nuju 
perang sareng Detya Alambasa liwat kadinya; atuh terus Srikandhi lumcat ka na 
kareta Satyaki. Harita Satyaki ge keur defensif ngalawan Detya Alambasa; barang 
mireng Srikandhi kalah tarung sareng Aswatama, enggal Satyaki ngamuk 
namplokkeun eluna nyerang Alambasa; atuh ayeuna mah Detya Alambasa nu 
karipuhan; enggal wae marentah kusirna kabur ti na palaga. Mani purat perot 
Alambasa kaburna.

Dimedan sejenna perang poe katujuh ieu; nya eta Driatadjumna lawan Duryodhana; 
rame duanana silih panah; lami2 Duryodhana kadesek ; kareana ancur ku panah2 ti 
Driatadjumna. Suyudhana bari luncat ti na kareta nu ancur tea, teras mesat 
pedang, bade ngalawan; tapi untug aya Sakuni nu caket ka dinya; enggal Sakuni 
nulungan Duryodhana nebihan medan.

Kritamarma nu ngoroyok Bhimasena nyata nuju apes; masing Bhima dikoroyok; tapi 
nyata Bhima masih unggul sadayana mundur u pangamuk Bhima. Wikarna, Citrasena 
sareng Kritamarma tos taratu sareng katancep jamparing; atuh teras bubar 
katawuran; neangan salamet. Kritamarma nu boga pokl ditinggalkeun sorangan 
ngalawan Bhimasena; atuh reuwaseun pisan ieu Kritamarma; karetana oge ancur. 
Tersa wae lun cat ka na kareta Sakuni sapertos Pangeran Duryodhana; enggal 
dbawa kaluar kaangan jurit.

Pasukan Awanti nu dipimpin ku Raja kembar nya eta Winda sareng Anuwinda 
ngalawan Pasukan Kasi nu dipimpin ku Yudhamanyu. Rame pisan; campuh; Raja lawan 
Raja; pasukan lawan pasukan. Akhirna Raja Awanti tiwas ku panah Yudhamanyu; 
saterasna pasukan Awanti oge ledis ku pasukan Kasi.

Hanca

Kirim email ke