Dina perang Poe katujuh ieu; estu sadayana pada saradis; saperti contona 
Pasukan Awanti; ancur ku Pasukan Yudhamanyu.

Teras di medan sejenna deui Pasukan Tradjutisna nu dipimpin ku Bhagadata; nu 
nyepeng pancen khusus, nya eta ngahalangan kiprah Gatotkacha sareng pasukanana; 
harita ngaramuk da papendak pisan sareng satruna nya eta Gtotkacha sareng 
Pasukan Pringgandhani. Pasukan Tradjutisna ngaramuk kawas nu kasandingan; 
seueur nu tariwas mah ku pasukan Pringgandhani sareng Gatotkacha; tapi 
maranehna euweuh kasieun terus maraju; Diu lawan Diu; Butha lawan Butha; 
Gandarwa lawan Gandarwa. Atuh lami2 mah Pasukan Pringgandhani oge seueur nu 
ting jarungkel ngemasi pati; lantaran tandangna Pasukan Trajutisna kacida matak 
gigisna. Ngaramuk lir kasandingan teh enyaan pisan.
Gatotkacha oge nu nahan Pangamuk Bhagadatta ( Boma ) ripuh ayuna mah; 
Gatotkacha kadeseh pisan; enggal wae Gatotkacha nyorowok ngomando Pasukanana 
supaya mundur; nya akhirna masih loba keneh Pasukan Pringgandhani nu bisa 
disalametkeun; mun henteu mah CAREM tangtuna ge. Lantaran Pasukan Trajutisna 
geus nekad pisan; teu mikirkeun korban; pokona bisa ngelehkeun Gatotkacha.
Atuh ku mundurna Gatotkacha teh; pasukan Astina kacida bungah nungangangna; 
ampir samedan Kurusetra para pasukan Kurawa sarurak rame pisan; lantaran ti 
poe2 samemehna Pasukan Gatotkacha can ngajaran eleh; sipikagimir pisan ieu 
pasukan Gerak Cepat teh. Nu matak Para pajurit Kurawa/Astina kacida barungahna. 
Maranehna ngarasa meunang GEDE ku mundurna Gatotkacha ti na palagan jurit teh. 
Komo deui Pasukan Trajitisna mah; estu reueus pisan; da bangga pisan ngalawan 
Pasukan Gatotkacha mah.

Di na poe katujuh ieu; Yudhistira oge rame perang ragot ngalawan Srutayu; 
Yudhistira kapanah telek pisan; teras dipanahan dugi ka Yudhistira pinuh ku 
tatu. Ayeuna mah Dharmaputra twu tiasa sabar deui; amarahna muncul; enggal 
Yudhistira mentang panah bari diparancahan; ngan sakilat kuda, kusir sareng 
kareta srutayu tos burakrakan; Srutayu oge kapanah dadana pisan; atuh mani 
tigugulitik, niban lemah; saterusna Srutayu kabur Colong playu ku sieun2na. 
Diantep we ku Yudhistira.

Dina waktos nu persis sami antara Yudhistira lawan Srutayu, Salya oge nuju 
perang ragot sareng Nakula; akhirna kareta Nakula ancur; enggal luncat ka na 
kareta Sadewa nu teras pacaket teu misah tebih. Ayeuna Nakula sareng Sadewa 
ngalawan Salya di na karetana.
Akhirna Salya tatu parna; enggal wae dibawa kabur ku kusirna kaluar palagan. 
Elehna Salya ngarupakeun panyabok nu tarik pisan pikeun Pasukan Kurawa; loba nu 
boga pikiran pesimis yen Perang ieu bakal meunang.

Chekitana nu ngalawan Kripa; kacida saimbangna; duanana pada ngaluarkeun 
kamahiranana mentangkeun jamparing. Akhirna kareta Chekitana ancur; Chekitana 
rikat luncat ti na karetana teras males manah ku BALISTA ( panah nu tara 
meleset ); ayeuna mah kuda sareng kareta Kripa nu ancur teh. Duanana sami 
taratu; teras sami2 mesat pedang;- teras we bitotama diteraskeun u maen anggar. 
Bhima nu tutas merangan Kritamarma enggal nyaketan nu nuju ragot perang; teras 
ngarawu Chekitana ka na karetana teras dibawa kabur bari saluar awakna pinuh ku 
getih. Ti Pihak Kurawa Sakuni enggal mayang Kripa nu tatu parna dicandak ka na 
karetana; teras dibawa kaluar medan; sapanjang jalan getih Kripa netes ngucur 
maseuhan taneuh Kurusetra.

Burisrawa ripuh pisan perangna lawan Dristaketu; ampir aya saratus panah nu 
narancep di na sakujur badanna; tapi Burisrawa neruskeun ngalawan; akhirna ti 
na raray sareng jasmanina kaluar sinar; Dristaketu kaget ningal kajadian nu 
aheng ieu; perangna teu laju; Dristaketu rada hemar hemir; akhirna mundur ti 
palagan.

Abimanyu ngalawan tilu rai Duryodhana; sadayana tiasa diusir ti palagan; 
Abimanyu teu kersa nelasan; lantaran emut ka na sumaph Bhima; yen anjeunna 
nyalira nu bakal ngalediskeun sadaya Putra Distarastra.

Perang poe katujuh ieu kacida gegetna. Nu pangramena nya eta perang antara 
Arjuna lawan Bhisma; estu tanding pisan; sami2 teu aya nu asor. Liren soteh 
karana Surya tos surup.

Hanca
 



Kirim email ke