Barata=bagi rata (jd inget sabhara :D)
Yudha=perang
Jadi, hasil rampasan perang dibagi rata...
Hahhaha...

*maksa...

Sent from MobilePhone®

-----Original Message-----
From: "Ii Sumirat" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 5 Apr 2011 10:36:55 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: RE: [kisunda] Bharata Yudha ka-15

Pami bharata yudha aya hartosna ? segi bahasa panginten 

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas Amin
Sent: Monday, April 04, 2011 10:27 AM
To: kisunda; urangsunda
Cc: Nurkadi; Ii Sumirat; Sam Soemadipradja; Aldo Desatura ™
Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka-15

 

  


Di na poe kadalapan, Bhisma nyusun pasukan Kurawa ku formasi Kaemawyuha; 
formasi Penyu; Yudhistira miwarang Dristadjumna nyusun Formasi Trisula. Beulah 
kenca Bhima; beulah katuhu Satyaki; ari Dharmaputra persis ditengah trisula.

Arjuna dina perang poe kadalapan kacida sedihna, lantaran Putrana ti Nagagini 
nya eta Rawan lastari saparantos perang rongkah ngalawan Detya Alambasa.

Arjuna sasauran ka Sri Bhatara Kresna:" Bener cek Paman Widura urang ti dua 
pihakanana bakal ngalaman kasangsaraan jeung kasedihan nu teu aya wates 
wangenna. Naon atuh gunana urang silih paehan teh ? Ukur marebutkeun warisan ? 
Satutasna ieu perang kabagjaan naon nu bakal kaala ku urang ?Krishna ! ayeuna 
Kuring sadar naon sababna Yudhistira ridho we narima saukur lima desa. Eta teh 
supaya ulah kajadian perang antara dulur ! Nu jadi matak ayana perang ngan si 
Duryodhana wungkul Nu geus nolak mere lima desa. Ngan eta hiji2na alesan naon 
sababna urang sarerea ayeuna silih paehan; kahawekan Duryodhana ! Kuring milu 
perang ayeuna, lantaran era mun disebut si leutik burih, bari teu usaha naon2 
masrahkeun diri sorangan dihina basa;  Nub kuring nempo mayit nu pating 
solengkrah,  kuring ngarasa teu tahan; loba karumasaan yen urang didieu geus 
nyebar2 dosa nu gede pisan."

Kresna enggal ngandika:"Leres pisan Yayi Kaipe. Teu lepat omongan sampean teh, 
memang dosa gede urang maehan jalmsa sakitu lobana.  Bari teu ngarti naon2. 
Tapi eta teh Dharma nu kudu dilakonan; wajibing Satriya. Mun urang ninggalkeun 
Dharma; dosa urang leuwih GEDE deui. Jadi tong pati dipikiran teuing soal eta 
mah; ayeuna mah kumaha petana maehan si durjana jeung si sarakah Duryodhana; 
supaya perang gancang eureun. "

Nuju guntreng kitu, kakuping soara handaruan nu nyorowok tarik pisan. Nyata eta 
teh sorana Gatotkacha nu amarah kabina bina; mun tos teu sabar Gatotkacha pasti 
nyorowok saperti kitu. Para pasukan Kurawa ngadadak ngadaregdeg gehgeran; loba 
oge nu calanana baseuh ku sieun2na pangamuk Gatotkacha; tos pada maphum yen mun 
Gatotkacha ngamuk, hese ngalawanna. 

Gatotkacha nyorowok kitu teh lantaran amarah ningali ingkang rai Rawan binasa; 
Gatotkacha ayeuna rek males pati ka Pasukan Astina. Harita keneh Pasukan Kurawa 
loba nu ancur diamuk KU Gatotkaca sareng pasukan Pringgandhanina; Duryodhana 
enggal megatan Gatotkacha, dibantu ku Raja Wanga nu kasohor boga pasukan Gajah 
nu hebat. Duryodhana rosa pangamukna; seueur Pasukan Pringgandhani nu tiwas ku 
pangamuk Duryodhana; sabalikna Gatotkacha ge tos maehan rebuan Gajah pasukan 
Wanga.

Akhirna Gatotkacha ngaluarkeun panah ti na pananganana, teras dilempagkeun ka 
Duryodhana; tapi pas harita teh Raja Wanga ngaliwat hareupeun Suyudhana; atuh 
Raja Wanga jeung gajahna harita keneh ancur ku panah Gatotkacha.

Ningali Duryodhana ripuh, kadesek ku Gatotkacha; enggal Bhisma miwarang Resi 
Drona ngabela Duryodhana. Tapi Drona oge ripuh ngalawan Gatotkacha mah. Duanana 
Drona, sareng Duryodhana kadesek terus ku Gatotkacha. Bhisma marentahkeun 
pahlawan2 sareng pasukan sanesna ngabantu Drona sareng Duryodhana. Akhirna 
Gatotkacha kinepung wakul buaya mangap ku pasukan sareng Pahlawan Astina. 
Yudhistira enggal marentah Abimanyu ngabela Gatotkacha; kitu deui Bhimasena. 
Bhimasena bungah pisan, langsung wae lumpat nuju ka Duryodhana; tapi Bhima 
dihalangan ku rai2 Duryodhana; atuh der tarung rame pisan. Poe eta poe 
kadalapan ditutup lantaran panonpoe geus surup; 16 urang rai Duryodhana tiwas 
ku Bhima di na eta peperangan.

Hanca 




Kirim email ke