Perang sadulur; sami2 teureuh BHARATA.
Tapi saleresna jadi perang SADUNYA.
Da keur alam harita disebut dunya teh nya eta satanh HINDI.
Kaan ieu perang Bharata Yudha teh diiluaanana ku bangsa sakuliah Hindustan.

Tadina ti na perang antara MARGA Bharata lawan Bharata; akhirna jadi perang 
sakuliah Hindustan !!!

Jadi loba nu lain turunan Bharata; tapi milu atawa pipilueun perang di na 
Bharata Yudha.

Lolobana mah bari hayang mals pati ( balas dendam ).

Samodel Satyaki jeung Burisrawa; kapan eta mah musuh tujuh turunan.

Model Kasi ngewa ka Astina; nu matak atoheun pisan Pandawa ngamusuh ka Astina 
teh.

Model Drupada ti Panchala ngunek2 hayang males pati ka Drona.





--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote:
>
> Pami bharata yudha aya hartosna ? segi bahasa panginten 
> 
>  
> 
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
> Abbas Amin
> Sent: Monday, April 04, 2011 10:27 AM
> To: kisunda; urangsunda
> Cc: Nurkadi; Ii Sumirat; Sam Soemadipradja; Aldo Desatura ™
> Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka-15
> 
>  
> 
>   
> 
> 
> Di na poe kadalapan, Bhisma nyusun pasukan Kurawa ku formasi Kaemawyuha; 
> formasi Penyu; Yudhistira miwarang Dristadjumna nyusun Formasi Trisula. 
> Beulah kenca Bhima; beulah katuhu Satyaki; ari Dharmaputra persis ditengah 
> trisula.
> 
> Arjuna dina perang poe kadalapan kacida sedihna, lantaran Putrana ti Nagagini 
> nya eta Rawan lastari saparantos perang rongkah ngalawan Detya Alambasa.
> 
> Arjuna sasauran ka Sri Bhatara Kresna:" Bener cek Paman Widura urang ti dua 
> pihakanana bakal ngalaman kasangsaraan jeung kasedihan nu teu aya wates 
> wangenna. Naon atuh gunana urang silih paehan teh ? Ukur marebutkeun warisan 
> ? Satutasna ieu perang kabagjaan naon nu bakal kaala ku urang ?Krishna ! 
> ayeuna Kuring sadar naon sababna Yudhistira ridho we narima saukur lima desa. 
> Eta teh supaya ulah kajadian perang antara dulur ! Nu jadi matak ayana perang 
> ngan si Duryodhana wungkul Nu geus nolak mere lima desa. Ngan eta hiji2na 
> alesan naon sababna urang sarerea ayeuna silih paehan; kahawekan Duryodhana ! 
> Kuring milu perang ayeuna, lantaran era mun disebut si leutik burih, bari teu 
> usaha naon2 masrahkeun diri sorangan dihina basa;  Nub kuring nempo mayit nu 
> pating solengkrah,  kuring ngarasa teu tahan; loba karumasaan yen urang 
> didieu geus nyebar2 dosa nu gede pisan."
> 
> Kresna enggal ngandika:"Leres pisan Yayi Kaipe. Teu lepat omongan sampean 
> teh, memang dosa gede urang maehan jalmsa sakitu lobana.  Bari teu ngarti 
> naon2. Tapi eta teh Dharma nu kudu dilakonan; wajibing Satriya. Mun urang 
> ninggalkeun Dharma; dosa urang leuwih GEDE deui. Jadi tong pati dipikiran 
> teuing soal eta mah; ayeuna mah kumaha petana maehan si durjana jeung si 
> sarakah Duryodhana; supaya perang gancang eureun. "
> 
> Nuju guntreng kitu, kakuping soara handaruan nu nyorowok tarik pisan. Nyata 
> eta teh sorana Gatotkacha nu amarah kabina bina; mun tos teu sabar Gatotkacha 
> pasti nyorowok saperti kitu. Para pasukan Kurawa ngadadak ngadaregdeg 
> gehgeran; loba oge nu calanana baseuh ku sieun2na pangamuk Gatotkacha; tos 
> pada maphum yen mun Gatotkacha ngamuk, hese ngalawanna. 
> 
> Gatotkacha nyorowok kitu teh lantaran amarah ningali ingkang rai Rawan 
> binasa; Gatotkacha ayeuna rek males pati ka Pasukan Astina. Harita keneh 
> Pasukan Kurawa loba nu ancur diamuk KU Gatotkaca sareng pasukan 
> Pringgandhanina; Duryodhana enggal megatan Gatotkacha, dibantu ku Raja Wanga 
> nu kasohor boga pasukan Gajah nu hebat. Duryodhana rosa pangamukna; seueur 
> Pasukan Pringgandhani nu tiwas ku pangamuk Duryodhana; sabalikna Gatotkacha 
> ge tos maehan rebuan Gajah pasukan Wanga.
> 
> Akhirna Gatotkacha ngaluarkeun panah ti na pananganana, teras dilempagkeun ka 
> Duryodhana; tapi pas harita teh Raja Wanga ngaliwat hareupeun Suyudhana; atuh 
> Raja Wanga jeung gajahna harita keneh ancur ku panah Gatotkacha.
> 
> Ningali Duryodhana ripuh, kadesek ku Gatotkacha; enggal Bhisma miwarang Resi 
> Drona ngabela Duryodhana. Tapi Drona oge ripuh ngalawan Gatotkacha mah. 
> Duanana Drona, sareng Duryodhana kadesek terus ku Gatotkacha. Bhisma 
> marentahkeun pahlawan2 sareng pasukan sanesna ngabantu Drona sareng 
> Duryodhana. Akhirna Gatotkacha kinepung wakul buaya mangap ku pasukan sareng 
> Pahlawan Astina. Yudhistira enggal marentah Abimanyu ngabela Gatotkacha; kitu 
> deui Bhimasena. Bhimasena bungah pisan, langsung wae lumpat nuju ka 
> Duryodhana; tapi Bhima dihalangan ku rai2 Duryodhana; atuh der tarung rame 
> pisan. Poe eta poe kadalapan ditutup lantaran panonpoe geus surup; 16 urang 
> rai Duryodhana tiwas ku Bhima di na eta peperangan.
> 
> Hanca
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke