Enya kamana nya Kang Imun teh, ngampleng. Piraku sugan eta teh ari kuburan Raja Salak Pondoh mah?
2011/4/6 setiadi_rs <[email protected]> > > > Sampurasun, > Aya beja pabeja-beja, duka saha nu mimiti ngabogaan beja, sigana ieu beja > kungsi jadi topnyus mun cara ayeuna mah, kitu meureun harita dina jamana > mah. Kieu cenah eusi eta beja teh: Di sisi Ciaruteun, walungan di wewengkon > Bogor anu ngabogaan sajarah (prasasti Ciaruteun), aya tangkal salak hiji > dina luhur makam. Ceuk beja eta makam teh kuburan salah sahiji raja > Pajajaran. Ceuk beja deui, sing saha anu ngadahar eta buah salak bakal maot > ngadadak amun lain turunan Pajajaran. > Ieu beja dibejakeun di dieu teh, lain uing rek ngasaan buah salak, ngan > hayang nyaho saha atuh raja Pajajaran anu dumakamkeun di dinya teh? Sugan > ari ahli sajarah jeung nu bisa noong ka beh ditu mah, siga Kang Halimun > atawa Kang Nonggerak apal ka eta beja. Ari urusan maot mah sarerea ge bakal. > > Setiadi. > >
