Padahal ceuk eusi prasasti mah ukur nyebutkeun sual kakawasaan Purnawarman raja Taruma. Katrangan sejen ngeunaan ieu patempatan aya dina salasahiji naskah Wangsakerta nu nyebutkeun ieu wewengkon (Pasir Muhara) salaku rajamandala atawa bawahan Taruma. Ieu batutulis nandaan yen bener eta wewengkon teh aya dina kakawasaan Taruma.
2011/4/6 setiadi_rs > Sampurasun, > Aya beja pabeja-beja, duka saha nu mimiti ngabogaan beja, sigana ieu beja > kungsi jadi topnyus mun cara ayeuna mah, kitu meureun harita dina jamana > mah. Kieu cenah eusi eta beja teh: Di sisi Ciaruteun, walungan di wewengkon > Bogor anu ngabogaan sajarah (prasasti Ciaruteun), aya tangkal salak hiji > dina luhur makam. Ceuk beja eta makam teh kuburan salah sahiji raja > Pajajaran. Ceuk beja deui, sing saha anu ngadahar eta buah salak bakal maot > ngadadak amun lain turunan Pajajaran. > Ieu beja dibejakeun di dieu teh, lain uing rek ngasaan buah salak, ngan > hayang nyaho saha atuh raja Pajajaran anu dumakamkeun di dinya teh? Sugan > ari ahli sajarah jeung nu bisa noong ka beh ditu mah, siga Kang Halimun > atawa Kang Nonggerak apal ka eta beja. Ari urusan maot mah sarerea ge bakal. >
