Assalamu'alaikum,
Wilujeng wengi,

Akang, Eteh, Amang, Ibi, Abah, Ambu,
Nepangkeun pribados dupi nami mah Dodi Nuryadin, yuswa ampir 29 taun, kawit ti 
majalengka, ayeuna netep di cikarang, buburuh dipausahaan deungeun, upami 
kawidian mah pribados seja ngiring ilu biung dina ieu millis, milari luang 
sareng pangalaman, tur tiasa komunikasi sareng inohong-inohong sunda anu 
berintelektual, mung hapunten saupami budi basa pribados aya anu kirang mernah, 
sanaos pribados pituin urang sunda oge sok rada tulag talog ari nyarios sunda 
teh, rumaos pribados mah teu kantos "ngadahar bangku kuliahan"

Sakieu bae heula nu munggaran mah
Hatur nuhun

Dodi

Kirim email ke