Wa'alaikum salam,

Bagea kang Dodi, tangtu wae kawidian pisan. Nya puguh nambahan baraya, salah
sahijina tujuan ieu milist. Soal basa Sunda mah cobaan wae anu biasa
digunakeun. Insya Alloh anggota milist sejenna paham jeung moal nyawad.

manar


2011/4/9 Ki Hasan <[email protected]>

>
>
> Waalaikumsalam,
> Wilujeng rebun-rebun, Kang Dodi
>
> Tah aya deui baraya anyar ti Cikarang. Der Kang Dodi geura ngadongeng.
> Perkara bahasa mah, keun wae, tong pati teuing dipikiran,
> nu penting mah make basa Sunda nu kaharti ku blarea.
>
> -mh-
>
>
> 2011/4/8 dodi nuryadin <[email protected]>
>
>>
>>
>> Assalamu'alaikum,
>> Wilujeng wengi,
>>
>> Akang, Eteh, Amang, Ibi, Abah, Ambu,
>> Nepangkeun pribados dupi nami mah Dodi Nuryadin, yuswa ampir 29 taun,
>> kawit ti majalengka, ayeuna netep di cikarang, buburuh dipausahaan deungeun,
>> upami kawidian mah pribados seja ngiring ilu biung dina ieu millis, milari
>> luang sareng pangalaman, tur tiasa komunikasi sareng inohong-inohong sunda
>> anu berintelektual, mung hapunten saupami budi basa pribados aya anu kirang
>> mernah, sanaos pribados pituin urang sunda oge sok rada tulag talog ari
>> nyarios sunda teh, rumaos pribados mah teu kantos "ngadahar bangku kuliahan"
>>
>> Sakieu bae heula nu munggaran mah
>> Hatur nuhun
>>
>> Dodi
>>
>
>
>  
>

Kirim email ke