Wilujeng wayah kieu Akang, Eteh.. Sampurasun. Terinspirasi tina serat di ieu millis sababaraha minggon kalangkung perkawis nami, ayeuna kaalaman ku pribados, dina wangkit ayeuna pribados nuju ngantosan babarna putra munggaran pribados nu saur hasil USG mah saurna teh pameget, Alhamdulillah.. Pribados sareng pun bojo tos sharing perkawis nami kanggo si utun inji, sanaos dina brol namah duka teuing pameget duka teuing istri da Allah mah maha kawasa, mung bade pameget bade istri oge Alhamdulillah saur pun biang tea mah "moal burung dirawu dipangku". Wangsul deui kana perkawis nami, dina obrolan pribados sareng pun bojo saupami leres si utun inji teh pameget hoyong dipasihan nami nu awalna tina hurup F, ah ieu mah teu aya dasar nanaon mung sakadar kahoyong, sami ieu oge terinspirasi ti kulawargi saderek sakulawargi teh nami putra putrina tina huruf G sapertos Gesha, Gea, Gerald, Gerland, sareng sajabina. Ah pribados mah hoyong tina hurup F mung rada islami, sapertos Fikri, Farouk, Firman, Firdaus, sareng sajabina. Mung tina sababaraha nami nu kapendak teu acan aya anu loyog sareng manah, pangpangna mah pribados kirang ngartos kana hartos eta nami, apan nami teh salah sahiji do'a, tangtosna urang ngado'akeun sae ka turunan urang. Nya dicandak kasimpulanna, kinten-kintenna naon bae nami-nami nu awalna tina hurup F sareng naon kinten-kinten pihartoseunna?? Punten bahasanna kirang berbobot.
Hatur nuhun Dodi
