Asa kahudang ingetan teh sabada maca "panoong" Sdrk AA nu nyebutkeun
kecap-kecap nu diwangun ku dua vokal "eu" boh nu ngantet boh nu kaselang ku
konsonan cenah lolobana kecap basa loma / kasar. Sedengkeun eu cenah ngan
kapanggih dina basa Sunda, ku kituna simpulan anjeunna ciri basa sunda asli mah
basa loma.( hampura mun salah tafsir)
Sakadar nambahan keur bahan "adu renyom", paribasa jeung babasan nu mindeng
kapanggih dina basa Sunda oge diwangun ku kecap-kecap tina basa loma. Padahal
sarerea pada apal paribasa/idiom teh laku keur sarerea. Teu meunang dirobah
pedah ka saluhureun atawa ka nu dipihurmat,mun make paribasa tetep kudu ku nu
geus baku. Conto : Ki Lamsijan mah teu gede hulu, na ari istri kuwu salian ti
gede hulu teh biwir nyiru rombengeun, matak rawing ceuli.
Sok geura urang titenan : panjang leungeun,hulu peutieun,taktak korangeun,tiis
ceuli herang mata,kaciwit kulit kabawa daging,ngabejaan bulu tuur, jrrd.
Komo mun panggih jeung kecap .... heunceut ucingeun, sirit konci,... siga-siga
jorok atawa jorang tapi keur urang sunda mah netral bae karasana teh.
Ieu tulisan lain maksud rek ngabahas bagbagan bahasa,sakadar umajak ka
dulur-dulur kisunda hayu urang pake basa sunda teh. Ulah paribasa sieun salah
rumasa teu pati bisa. Eta sakadar alesan nu diaya-ayakeun bakat ku mumul make
basa indung.
Prung ah ... urang sing pede !
Ti pun Adi.