Karna parantos nguping yen Bhisma tos teu daya upaya deui; kantun ngantos waktos; enggalna wae Karna wengi eta sowan ka Bhisma; nyalira wae teu nyandak rencang. Sasumpingna ka medan perang dimana Bhisma ayana; teras wae Karna nyaketan; tos sidik eta teh Bhisma; nu jasmanina pinuh ku panah; enggal wae Karna ngarawu sampean Bhisma bari ngalimba; ku teu tegana ningal waruga Bhisma, anu tadina sakitu gagahna, ayeuna teu aya daya .
"Duh Eyang Bhisma nu dipihormat ku sadaya; ieu kuring Radhea anak Kusir Radha, dongkap sinembah ka sampeyan eyang. Rumasa kuring teh sok wangkelang ngalawan ka sampean; tah ayeuna kuring dongkap seja menata dihampura ku eyang." Bhisma matur lalaunan, tapi kakuping ku Karna:"Duh Karna, sampean lain anak kusir; tapi nyata sampean turunan Satriya anak Kunthi Dewi nu pang payunna lahir; nu jadi rama sampean nya eta Dewa Surya/Bhatara Surya. Jadi hidep teh geus salah milih; kuduna mah milu ka Pandawa lantaran sampean teh lanceuk para Pandawa." "Duh eyang Bhisma, nuhun pesan piwejangna ; kuring oge apal lantaran Bhatara Surya tos maparin wartos ka kuring. Tapi di na waktu ieu kuring tangtu wae teu bisa ngalesotkeun kawajiban bela ka Duryodhana; naon kasebutna Karna biluk ka Pandawa waktu ieu ? Tangtu ngaran kuring jadi goreng kacida. Eukeur mah eukeur kuring teh kaseebut atawa disarebut anak kusir; katurug turug ayeuna cidra ka na jangji rek bela ka Kurawa lan Duryodhana. Jadi punten wae eyang, kuring bakal tetep milu pihak Kurawa; nepi ka akhirna ieu perang." Bhisma:"Bener pisan pamadegan hidep; Karna." Enggalna wae Bhisma ngusapan mastaka Karana dijiad pangesto. Bhisma nyarios deui :"Mudah2an wae atuh tujuan sampean bela ka Kurawa teh teu nguciwakeun; naon wae oge tetep urang kudu tuhu ka na Dharma." Karana:"Leres pisan eyang, kuring bungah , bungangang sabab sampean teu ngahulag pamadegan kuring; kuring ayeuna rek ngadep ka Duryodhana; mangga pamit." Bhisma:"Bral diduakeun pisan." HANCA
