Tah mimiti katoong, aya pola khas, pakait jeung kecap nu make pola: xEUyEUz

Jigana kecap nu make pola xEUyEUz ngaharib-harib kana kecap "superlative
adjective" dina basa bule.
Ieu kecap nuduhkeun tingkatan kecap sifat. Bule boga jiga kieu "good",
"better", "best".

Geura ieu contona:

GEUGEUT, dalit pisan
SEUSEUT, hese pisan
DEUDEUH, nyaah pisan
KEUKEUH, hayang pisan
JEUJEUT,  pabeulit pisan

Perlu ditoong leuwih jero, cing pek taroong. hehehe

2011/4/13 MRachmat Rawyani <[email protected]>

>
>
> Kang Irpan, cocok mana GEUGEUT = nyaah pisan atawa GEUGEUT= mesra?
>
> mrachmatrawyani
>
>
> ------------------------------
> *From:* Irpan Rispandi <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Thu, April 7, 2011 3:24:09 AM
> *Subject:* Re: [kisunda] Kecap anu tungtungna "eu"
>
>
>
> nyobaan ah:
> PEUEUT               = sari gula (amis lah pokonamah)
> (KA)REUEUT        = nerangkeun amis pisan
> CEUCEUB            = ngewa, benci
> (KA)MEUMEUT    = paling dipikanyaah, kesayangan
> GEUGEUT            = nyaah pisan
> KEUKEUH            = ngotot
> LEUBEUT             = loba pisan (bubuahan dina tangkalna loba pisan
> (leubeut))
> (TI)BEUBEUT       = awak ragrag, labuh
> REUEUS               = bangga (bahasa indonesia)
> EUEUT                 = nginum
> SEUBEUH             = wareg
> (NGA)GEUGEUH   = nyicingan, ngawasa
>
> nambahan yeuh :)
> HEUNCEUT           = alat kelamin awewe / bikang
> PEUPEUJEUH        = saran, nasehat
> PEUPEUH              = nenggeul  ku tonggong leungeun
> SEUREUH             =  sirih
> BEUNTEUR           = sejenis lauk air tawar
> TEULEUM             = menyelam
> PEUPEULEUKEUK = sikap menghina dan menantang
>
>
>
>
>
> On 04/07/2011 04:52 PM, MRachmat Rawyani wrote:
>
>
>  Ti tadi enjing keur ngimpleng-ngimpleng aya kecap-kecap anu tungtungna
> "eu" nu gaduh harti anu ampir sami. tapi can tiasa nyimpulkeun.
>
> jiga kecap ieu PEUEUT, (KA)REUEUT, CEUCEUB, (KA)MEUMEUT, GEUGEUT, KEUKEUH,
> LEUBEUT, (TI)BEUBEUT, REUEUS, EUEUT, SEUBEUH, GEUGEUH, sjb.
>
> Aya nu tiasa ngajentrekeun kecap kecap dilihur?
>
> mrachmatrawyani
>
>  ------------------------------
> *From:* Abbas <[email protected]> <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Thu, April 7, 2011 2:24:17 AM
> *Subject:* [kisunda] Re: CI deui wae
>
>
>
> Tah pasti si akang uranag ciranajang nya?
> Seueur tah keur si abah tamabahanana. Hehehehe. Nuhun
>
> --- In [email protected], "setiadi_rs" 
> <setiadi_rs@...><setiadi_rs@...>wrote:
> >
> > Di Sukabumi ka kulon/kaler: 1. Cisaat 2. Cibadak 3. Cikidang 4. Cicurug
> 5. Cigombong (perbatasan Bogor). Ka wetan: 1. Ciaul 2. Cibeureum 3. Cimahpar
> 4. Cipetir 5. Cimangkok (perbatasan Cianjur) 6. Cireunghas 7. Cipriangan 8.
> Cijurey. Ka kidul: 1. Cipoho 2. Cipanengah 3. Cikembar 4. Cikembang 5.
> Ciemas 6. Ciwaru 7. Cimaja 8. Cisolok 9. Cijalingan.
> > Sakitu teh loba anu can kasebut ... poho deui.
> >
>
>

Kirim email ke