Nu ieu mah geus lain kecap murni, geus katambahan rarangken

1. KAMEUMEUT

KA-MEUMEUT
KA-BOGOH
KA-ASIH

Rarangken KA, ngabarangkeun kecap gawe, bisa mere harti "nu dipika-X": nu
dipika-meumeut, nu dipika-bogoh, nu dipika-asih, jst.

Rarangken KA oge, bisa mere harti pagawean "teu kahaja": ka-dupak,
ka-geleng.

2. PEUPEULEUKEUK

Nu ieu ge kecap jajadian, kucara ngulang engang awalna.

Tah jigana pola ieu bisa mere harti khusus "superlative adjective" oge,
nuduhkeun pagawean nu kaleuleuwihi.

3. TISEUREULEU

Ieu ge kecap jajadian, make rarangken kecap TI.

2011/4/13 oman abdurahman <[email protected]>

>
>
> Contoh-contoh dihandap kieu kumaha rumusna?
>
> KAMEUMEUT?
> PEUPEULEUKEUK?
> TISEUREULEU?
>
> manar
>
>
> 2011/4/13 MRachmat Rawyani <[email protected]>
>
>>
>>
>> Eueureuleuan
>>
>> keureuneuh
>>
>>
>> ------------------------------
>> *From:* Ki Hasan <[email protected]>
>> *To:* [email protected]
>> *Sent:* Wed, April 13, 2011 12:30:37 AM
>> *Subject:* min(EU) jeung max(EU) ==> Re: [kisunda] Kecap anu tungtungna
>> "eu"...Kang Irpan
>>
>>
>>
>> min(EU) jeung max(EU) maksudna mah masing-masing keur ngitung sabaraha
>> engang minimum
>> jeung sabaraha engang maksimum kecap dina basa Sunda nu miboga harti.
>> Jigana kudu ditambahan
>> ku length(EU), keur ngitung sabaraha engang kecap nu make eu-peureudeuy.
>>
>> length(EU) = 1
>>
>> - EU, biasana keur ekspresi ngangluh, jiga keur pogot ngadengekeun dongeng
>> di radio mang jaya,
>> teu karasa waktuna beak, "eu waktosna seep para mitra". hehehe
>>
>> - BEU
>> - CEU
>> - HEU
>> - TEU
>>
>>
>> length(EU) = 2
>>
>> - EUEU, nginum
>> - HEUHEU, seuri
>>
>> Cing kecap naon nu meke "eu" nu pang-panjangna?
>>
>>
>> 2011/4/13 Ki Hasan <[email protected]>
>>
>>> Tah mimiti katoong, aya pola khas, pakait jeung kecap nu make pola:
>>> xEUyEUz
>>>
>>> Jigana kecap nu make pola xEUyEUz ngaharib-harib kana kecap "superlative
>>> adjective" dina basa bule.
>>> Ieu kecap nuduhkeun tingkatan kecap sifat. Bule boga jiga kieu "good",
>>> "better", "best".
>>>
>>> Geura ieu contona:
>>>
>>> GEUGEUT, dalit pisan
>>> SEUSEUT, hese pisan
>>> DEUDEUH, nyaah pisan
>>> KEUKEUH, hayang pisan
>>> JEUJEUT,  pabeulit pisan
>>>
>>> Perlu ditoong leuwih jero, cing pek taroong. hehehe
>>>
>>>

Kirim email ke