ciga nu heureuy tapi eusi lan munel hn*R3M============== Jadi inget kamari keur muka lapak buku di Gedong Sate poe jum'at, sabeulah kuring tukang ngajualan kaca eunteung. Dagang kaca eunteung anu make ornamen mozaik. Geus rada kasorenakeun arek beberes aya survey, dina salah sahiji pertanyaan, nanya omzetna poe harita sabaraha. Teu loba katingalina kaca eunteung nu kajual teh, ngan dua. Terus ceuk kuring: "wah si Akang mah teu loba anu kajual, ngan MUNEL". (750 rebu, dua eunteung) Terus pamajikanana nanya, naon "munel" teh, ka salakina. Ceuk kuring, Ibu asal dari mana? Walon anjeuna dari Tasik. Ibu, pami teu lepat Tasik teh kalebet daerah kasundaan. Rupina ibu tos lami linggih di betawi nya janten teu patos apal kanu istilah munel. Kapalang teu ngarti ku kuring dijelaskeun, MUNEL teh sami sareng MUNUU bin NGADUNGKUK.
Kuring protes kanu ngageugeuh eta patempatan, yen pameran jeung promosi bulanan teh ulah narsis, konsumen na ngan ukur keur pagawe gedong sate wungkul. lebar ku bahan rugi bandar. Nya mugia dikobul, cenah sasih payun OPD-2 oge diusahakeun sina daratang ka pameran dina poe jum'at di bulan hareup.
