Hehehe. Nuhun Bah AA Jigana wae Bah AA, masih aya salah persepsi kana naon nu kungsi diposting ku uing. Perkara obrolan di milis hadena jigana urang puseurkeun wae kana topik bahasanana. Teu kudu dipakaitkeun ka personaliti saha nu postingna. Uing upama ngomentaran hiji postingan sabisa-bisa, teu aya maksud ngomentaran ka personaliti nu postingna, tapi leuwih museur kana topik atawa gagasan nu dipostingkeuanana. Kulantaran kitu misalna, upama Bah AA atawa baraya sejenna teu panuju kana pamanggih uing, sah-sah wae. Jadi teu perlu pupuntenan sagala. Hehehe. Apan eta intina diskusi teh.
Ayeuna urang teruskeun kana perkara kecap nu dominan diwangun ku vokal "eu" tea. Naon nu dikritisi ku uing lebah dieu, nyaeta pamanggih Bah AA yen kecap-kecap nu diwangun ku vokal "eu" cenderung asup kana kategori kecap basa loma (kasar). Upama toongan uing salah, koreksi nya Bah AA. Tah lebah dieu, uing boga pamanngih sejen, yen kecap basa loma teu bisa dipakaitkeun sacara langsung kulantaran kecapna diwangun ku vokal "eu". Alesanana mah jelas bisa disurvey sacara statistik, najan enya aya kecap nu diwangun ku vokal "eu" kasup kategori kecap kasar, tapi wilanganana teu loba. Malah loba kecap nu diwangun ku vokal "eu" sifatna netral (jiga nu kungsi diposting ti heula, maksudna netral lain nyieun undakan anyar, tapi nuduhkeun kana kategori kecap nu hartina teu robah, boh dina konteks kalimah basa lemes, kitu deui dina kalimah basa loma. Salian ti eta, katiluna, loba kecap nu diwangun ku vokal "eu" kaasup kana kategori basa lemes. Tah eta intina mah. Geura ieu kecap nu diwangun ku vokal "eu" tur kaasup kategori basa lemes: - deuheus, ngadeuheus - deudeuh, - galeuh, ngagaleuh - leueut, ngaleueut, - seuseul, nyeuseul - ageung, - anjeun, - seueur - peuseul, meuseul, jsb. Tuh pan sakitu jelasna nya? Ti sisi sejen, uing nandaan, yen basa nu aya undakanana teh leuwih pakait kana jenis rupa kecapna. Nu dimaksud jenis rupa kecap teh nyaeta, kecap gawe, kecap barang, kecap ganti, kecap sifat, kecap sambung jeung sajabana. Tah mun ditoong make kacamata ieu, uing noong yen basa nu aya undakanana teh umumna mangrupa kecap ganti jalma, jeung kecap gawe. Mangga geura taroong! 2011/4/17 Abbas Amin <[email protected]> > > > seubeuh --->> wareg; deuleu --->> tenjo - tingali ; > ceuceub - ngewa - ijid ; deudeuh - nyaah - asih > geuleuh - jiji - gila - ; teuneung - wanian - ludeung - wantunan > euweuh - teu aya ; heueuh - sumuhun - enya ; > > Tah geuning seueur oge conto2 EU nu aya panta2na. > Punten pisan kh. > >
