Tempat panagogan hawu, oge sakaligus sok jadi toilet uing, hehehe, eta teh parako tea. Enya nyieun parako teh mun imah panggung sok ngabobok palupuh, terus diurugan taneuh.
2011/4/19 setiadi_rs <[email protected]> > > > Leres pisan kitu Ki H, hawu di lembur kuring mah anu kenca, liang > panagoganna sajajar ka tukang sakumaha gambar ti Ki H. Ari nagogna hawu mah > tiasa di handap dina lantai taneuh, tiasa sajajar sareng panggung imah. Pami > sajajar sareng panggung, alasna mah tetep tina taneuh anu ditaekeun ku jalan > ngurug lantei picingogoeun hawu dugi ka sajajar lantei panggung. Ari kituna > mah mun lantei hawu lain tina taneuh, upamana bae tina papan,atuh meureun > mirun seuneu teh kaduruk jeung imahna! > > --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote: > > > > Tah geuning manggih dua versi hawu lengkep. > > Nu kenca, hawu versi Kang Setiadi, nu katuhu hawu di lembur uing. > > > > <http://moeflich.files.wordpress.com/2008/10/hawu.jpg> > > > > > > 2011/4/14 Ki Hasan <khs579@...> > > > > > > Mun noong deskripsi HAWU Kang Setiadi, "Gog seeng ditagogkeun dina > liang > > > hawu nu payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker." Jigana wangun > hawu > > > jeung posisi nempatkeunana beda jeung di lembur uing. > > > > > > Hawu Kang Setiadi mah jigana, dua liang tur liang suluhna di hareupeun > > > salah sahiji liang hawu. Posisi nempatkeun hawu vertikal ka nu > cinutrung > > > hareupeun hawu. > > > > > > Sedengkeun hawu di lembur uing mah, dua liang oge, ngan liang suluhna > > > sajajar jeung dua liang hawuna. Posisi nempatkeunana, horizontal ka nu > > > sideang make sarung. > > > > > > 2011/4/13 setiadi_rs <setiadi_rs@...> > > > > > > >> > > >> > > >> Leres Ki Hasan, janten emut pangalaman mirun seuneu. Kieu: tos > kabiasaan > > >> mirun seuneu teh rebun-rebun. Gog seeng ditagogkeun dina liang hawu nu > > >> payun, ari ketel tambaga dina liang nu pengker. Teras baralak > sakeupeul > > >> ditilep ujungna dilebetkeun kana liang paranti suluh, bari diseblok > minyak > > >> tanah saeutik tina cempor. Naaa... atuh ari gur baralak hurung ... ari > > >> gurubug aya nu ngajol tina liang seuneu ... baralak amburadul, lebu > jeung > > >> silalatu paburisat. Reuwas lain meumeueusan, kuring tijengkang > spontan. > > >> Manahoreng ... si Belang keur tibra sieuneun kaduruk... He..he... > > >> > > >> Setiadi > > >> > > >> > > >> --- In [email protected], Ki Hasan <khs579@> wrote: > > >> > > > >> > Kutan sok ngala suluh, Kang Setiadi teh. Ngala pangpung ka pasir. > > >> Hehehe. > > >> > Sami tah pangalaman teh. > > >> > Taun 70-an, 80-an, suluh teh bahan bakar utama keur kaperluan > sapopoe > > >> > keluarga. Alat masakna mangrupa hawu nu depa dina parako. Ngarah > tereh > > >> > hurung, ditiupan ku songsong solobong awi. Hawu mah alat multiguna, > > >> salian > > >> > keur ngasakan kejo, mun keur usum tiris bisa dipake sideang, > isuk-isuk > > >> > cinutrung hareupeun hawu, bari ngaregot cikopi panas, mun keur usum > > >> jagong, > > >> > bari ngadagoan kejo asak, bisa bipake keur meuleum jagong. > > >> > > > >> > 2011/4/12 setiadi_rs <setiadi_rs@> > > >> > > >> > > > >> > > > > >> > > > > >> > > Kang Oman hatur nuhun. Parantos ditoong, horeng anu sapertos kitu > > >> geuning > > >> > > haramay teh. Emut kapungkur nuju alit sok rajeun meungkeut suluh > ku > > >> kulit > > >> > > tangkal haramay, panginten atuh sae, liat pisan. Kawitna mah > dikinten > > >> > > haramay teh anu sapertos tangkal danas mung langkung kandel > daunna, > > >> wartosna > > >> > > anu sapertos kitu (tangkal danas) oge sae kanggo benang atanapi > > >> sarupaning > > >> > > tali. Duka naon namina. > > >> > > > > >> > > >
