Satutasna perang poe kasabelas, Duryodhana ngayakeun gempungan di kemahna; ieu 
sidang perang nu lengkep; nu hadirna sadaya Raja2 sakutu Kurawa/Astina. Nu bade 
dibahas nya eta perang poe tadi.

Biasa Sakuni salaku Katua Panitya kapayun, teras biantara yen ieu sidang perang 
teh ngabahas perang poe tadi. Saparantos Sakuni teras Suyudhana dipasihan 
waktos munggaran. Lajeng wae Syudhana kapayun biantara.

"Para Raja sadaya nu dipihormat ku Kaula, Senapati Agung Drona; sareng sadaya 
pahlawan, urang geus nempo kajadian perang poe ieu; memang Pasukan Pandawa 
cukup kadesehh poe ieu teh; tapi kuring heran ningal Senapati Agung ? Kapan 
Yudhistira teh tinggal sagilek deui ge katangkep ? Naha siga nu ngahaja 
ditunda2? jadi we Yudhistira bisa kabur ? Heran bin ajaib pisan tah."

Ngan sakitu biantarana Suyudhana, teras Resi Drona majeng kapayun, ngong 
biantara:
"Pangeran Duryodhana, Raja2 Sakutu, sareng para Pahlawan sadaya, kuring menta 
dihampura, poe ieu gagal nangkep Samiaji; lantaran teu kaitung ti anggalna. 
Sugan teh Ki Arjuna, murid Kaula moal wawanianan ngalawan ka Kaula; eh nyatana 
mah manehna teh enyaan nyerang ka Kaula, rek nyabut umur Kaula; nya atuh 
kapaksa ngalawan. Jeung saenyana pisan, eta Ki Arjuna teh geus nampa sakabeh 
Ilmu ti Kaula; ku sabab eta Kula teu bisa gampang2 ngelehkeun 
manehna................" reg heuila Drona liren biantara; hadirin ting 
karuciwes, aya oge nu jarebi...................."Tah ku sabab kitu...........," 
Drona neraskeun deui biantarana.
"Ayeuna mah daek teu daek kudu ngitung ulang urang teh, Samangsa Arjuna masih 
kumelendang, moal bisa urang nangkep Yudhistira; atuh meureun maehan Arjuna oge 
hararese; tapi Kaula boga stategi keur nyanghareupan masalah ieu; nya eta 
jauhkeun Ki Arjuna ti tempat pusat pasukanana, kumaha we carana mah. Tapi mun 
nangtang biasa, sigana moal hasil, ieu mah kudu aya nu wani Toh Pati Jiwa Raga; 
nya eta nyieun pasukan nu moal mundur sa teu acan pati; boh Arjuna boh urang; 
tah ieu teh kudu makeSumpah. Ari ieu sumpah teh disebut sumpah samsaptaka. Tah 
kira2na saha nu leber wawanen daek ngorbankeun diri perang ngalawan Arjuna; nu 
tempat pupuhna jauh pisan ti pusat Pasukan Pandawa!?"

Sadaya sami jempe, da memang ngalawan Arjuna macan Pandawa mah sarua jeung 
masrahkeun umur. Karna bade maju yen anjeunna sanggup; tapi pananganana 
dicepeng pageuh pisan ku Suyudhana. Ari Suyudhana kacida nyaahna ka Karna teh, 
anjeunna yakin yen Karna sakti, sareng iasa ngalawan Arjuna; tapi ah paur cek 
di na manahna; mun meunang mah bungah Kaula; tapi kuma mun eleh ? Aduh tada 
teuing aing kaleungiteunana? Ke heula can waktuna Karna kudu maju; da masih 
keneh loba Raja2 nu sejen, bari jeung hayang nyaho kasatian Raja2 Sakutu. Kitu 
gerentes manah Duryodhana. 
Kanggo Duryodhana mah Karna teh Asset nu kacida pentingna; nyaah pisan 
Suyudhana ka Karna teh, malah leuwih nyaah keneh ka Karna ti batan ka Dursasana 
raina ku anjeun.

Barang hadirin nuju pada barengong, teras aya nu ngadeg, nyata eta teh Raja 
Susarma ti Trigarta; teras nyungkun widi kapayun; nya atuh Resi Drona ge enggal 
masihan waktos ka Susarma.

Susarma ngong we pidato:" Raja2 sadaya, kuring geus badami jeung dulur2 Kula, 
yen Kula nu bakal ngalaksanakeun sumpah Samsaptaka teh sadulur dulur; lantaran 
naon ? Kula nyaho yen Baghadatta boga pancen megatan Gatotkacha nu hese 
disanghareupanana, jadi tangtu moal alus mun Bhagadatta nu kudu 
ngalaksanakeunana,
Raja Burisrawa enya ge sakti, tapi teu pantes, lantaran teu aya mumusuhan 
khusus ka Pandawa; jeungna deui, meureun Raja Burisrawa terus nunggu waktu keur 
maehan Satyaki; jadi moal kagoda ku soal Arjuna. Raja2 nu sejenkitu deui loba 
tugas khusus; tah nya Kaula pisan nu rada salse teh, jeungna deui Kaula sanget 
nya ngewa ka Pandawa, lantaran ngawiwirang baheula waktu perang di Wirata, ku 
sabab kitu Kaula bakal usaha satekah polah supaya ieu peperangan dimeunangkeun 
ku pihak Kurawa. Ayeuna Maha Senapati Drona aya strategi nu bakal ngajadikeun 
Kurawa meunang perang; tah Kula ngadukung pisan, Kaula ayeuna keneh rek menta 
idin nyieun sumpah SamSaptaka nu ditujukeun ka Arjuna. Mun Arjuna misah, resi 
Drona bisa nangkep Yidhistira; lamun Arjuna teu daekeun, urang bakal meunang, 
lantaran Arjuna pasti moal daekeun perang, lantaran era wirang."

Gerrr atuh sadaya hadirin surak, mani eak2an; ku panuju2na ka na pidato Susarma.

HANCA 

Kirim email ke