Caturkeun bae Susarma/dulur2 sarta sakabeh pasukanana ngaganti pakeanana ku nu 
bodas kabehanana; model pakean ihram; terus nyieun "api unggun" ( naon nya 
Sundana?); terus rame ngadaroa "sumpah", yen rek tarung bibilasan ngalawan 
ARJUNA; ditungguan isukan.Moal mundur samemeh maksud laksana, naha Arjuna nu 
binasa, atawa maranehna jeung sagemblengna pasukan binasa kabeh. Hung ! Huug ! 
Bhatara Agni !
Ieu sumpah samsaptaka teh tos kakuping ku Pihak Pandawa' terasna ngayakeun 
sidang darurat, di na maslah ieu, Yudhistira ngemutan ka Arjuna, yen eta teh 
taktik musuh pikeun nyulik anjeunna; da ari aya Arjuna mah pasti gagalna.
Arjuna ngalahir:"Kakang Prabu, kakang tos maphum yen Rayi can pernah mundur ti 
na hiji tantangan, komo deui ieu mah make sumpah samsaptaka. Mun Rayi teu 
ngalawanan, tada teuing kasurakna ku jalma rea. Didieu aya Kakang Bhima, nu 
pasti moal ngantep mun kakang Prabu disisikudi; kitu deui Rayi percaya yen 
Satyaki bakal bisa ngajaga kakang. Jadi na masalah ieu Kakang teu kedah 
ringrang, kakang pasti salamet. Yakin!"
Bhimasena nimbrung:"Hemmm, jenet, teu salah omongan andika teh; Kula pasti 
bakal ngajaga Darmaji ! Saha wae nu wani deukeut ka Darmaji, pasti bakal 
dibinasa ku Kaula; ngan...............aya iwalna, terus terang we ari 
nyanghareupan Resi Drona mah, kuring rada was was; lantaran manehna sagala 
nyaho kalemahan Kula."
Satyaki lajeng kapayun:"Dananjaya, sok we ancurkeun eta musuh bangkawarah urang 
Trigarta teh; keun didieu mah Kula bakal ngajaga Kakang Prabu Yudhistira, ulah 
ringrang sol we isuk maju lawanan si Susarma. Hancurkeun sakabehna, ulah 
disesakeun !"
Kresna di na hal ieu, nyata teu ngiring nyarios, netrl we; hartosna nyatujuan 
ka na rencana Arjuna ngalawan SDusarma sareng pasukanana. Atuh Yudhistira ge 
teu seueur saur deui, nya ngidinan we ka Arjuna.

HANCA

Kirim email ke