Rada flash back, anu carita katukang bah (carita bambang kombayana), abdi
naros, perkawis cacadna drona baheulana ku saha ?, Gandamana sanes ? Tah
dinu perang ieu drona geus aki aki atuh bah  

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Tuesday, April 26, 2011 12:52 PM
To: kisunda; urangsunda
Cc: Nurkadi; Ii Sumirat; Sam Soemadipradja
Subject: [kisunda] Bharat Yudha ka-22

 

  


Perang poe kasawelas. Drona nyusun formasi kanggo ngaburantakeun konsentrasi
pasukan Pandawa nu dipuseurkeun disakuriling Yudhistira. Yudhistira
dilingkungan ku jago2
sapertos : Prabu Drupada; Prabu Maespati; Prabu Yudamanyu; Dristaketu;
Srikandhi Satyaki; Bhimasena; Gatotkacha, Abimanyu; sareng seueur deui
Pahlawan sanesna. Tapi
balucat balicetna Resi Drona sareng susunan formasi Pasukanana kalintang
hebatna; sadaya
Pahlawan pada paburisat, lantaran seueur pasukanana nu diresak
ku serangan Resi Drona;
akhirna formasi pasukan Pandawa jadi burakrakan; Drona enggal lebet nyusup
ka formasi pasukan Pandawa; mung sakedap tos papayun payun sareng
Yudhistira.

Ari Bhimasena dipegat ku Raja Wiwimsati; rame perang ragot.
Di medan sanesna Prabu Maespati kapegat ku Karna; ger wae silih panah.
Sadewa kedah mayunan Sakuni; janten ngantunkeun Yudhistira
Kitu deui Nakula daek teu daek kudu ngalawan Prabu Mandaraka Salya.
Kripa tarung sareng Dristaketu.
Paurawa silih mentangkeun panah ngalawan Abimanyu.
Gatotkacha dipegat ku Bhagadata.

Tah nuju Pahlawan sareng Pahlawan tarung kitu; Resi Drona balucat balicet
teras norobos Pasukan Pandawa; akhirna papayun payun sareng Yudhistira.

Yudhistira mentang2keun panah mani murudul ka Resi Drona; tapi sadayana oge
katakis gampil pisan; teras Drona males; Yudhistira ripuh kadesek ; beletak
gondiwana potong; enggal nyandak deui gondewa sejenna; tapi karek ge
diangkat tos potong deui kapanah ku Resi Drona. Untung Dristadjumna kadinya;
teras manahan ka Drona; tapi ieu oge teu mangga pulia diserang ku Resi Drona
ripuh pisan. Para prajurit pating corowok :"Awas Dharmaputra bade diculik !
sababaraha kali. Arjuna nu teu tebih ti eta medan enggal marentah kusirna (
Kresna ) supaya nuju ka tempat Drona; lir kilat kareta Arjuna nuju ka eta
tempat teras motong kareta Drona; bari teras manahan ka Resi Drona !

Ayeuna mah Resi Drona katingal ripuh lantaran ngaraos nu nyerang teh
tanagana estu ageung pisan; mun salah nakis bisa cilaka ! Enggal wae
ngantunkeun Yudhistira; teras mayuneun ieu musuh anyar, Ger wae tarung silih
panah antawis gutru sareng murid kakasih nya eta Drona sareng Arjuna. Eta
dua lawan teh, estu satanding kacida gegetna; itu ieu teu aya nu mundur;
duanana ngetrukkeun pangabisana !

Sajeroning perang silih panah, Drona ngagerentes di na manahna:"Emh ieu
aing, geus kolot geuning, jeung tanpa daksa lantaran Gandhamana; emh inget
keur masih Bambang Kombayana keneh; moal aya nu bisa ngalawanan aing di na
perkara manah mah. Tapi ayeuna ieu Arjuna bisa nandingan Kaula; nya wayahna
we satanding; da geuning ayeuna mah aing teh loba kalemahan." Kitu gerentes
atina Resi Drona di na salami perang sareng Arjuna teh; ari Arjuna ku margi
sieun rakana katangkep toh2an ngalawan Drona; atuh Resi Drona teh rada
kateteran.

Tapi dasarna Resi Drona memang mandraguna; tetep we tiasa ngalawan sareng
males ka Arjuna. Atuh ieu perang teh ragot pisan; teu aya nu unggul atanapi
asor; akhirna kapegat surupna srangenge. Terasna dua pihakanana mundur.

Hanca



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke