ieu babon MAHABHARATA asli yasana Vyasa. 
Dronacharya, guru agung Hastinapura, henteu cacad!
Dronacharya sakti ahli Veda jeung sagala kasaktian sejenna, memang "umurna"  
aki-aki saperti Bhisma.


________________________________
Dari: Ii Sumirat <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Terkirim: Ming, 1 Mei, 2011 12:31:28
Judul: RE: [kisunda] Bharat Yudha ka-22

  
Rada flash back, anu carita katukang bah (carita bambang kombayana), abdi 
naros, 
perkawis cacadna drona baheulana ku saha ?, Gandamana sanes ? Tah dinu perang 
ieu drona geus aki aki atuh bah  
 
From:[email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of 
Abbas 
Amin
Sent: Tuesday, April 26, 2011 12:52 PM
To: kisunda; urangsunda
Cc: Nurkadi; Ii Sumirat; Sam Soemadipradja
Subject: [kisunda] Bharat Yudha ka-22
 
  
Perang poe kasawelas. Drona nyusun formasi kanggo ngaburantakeun konsentrasi 
pasukan Pandawa nu dipuseurkeun disakuriling Yudhistira. Yudhistira 
dilingkungan 
ku jago2
sapertos : Prabu Drupada; Prabu Maespati; Prabu Yudamanyu; Dristaketu; 
Srikandhi 
Satyaki; Bhimasena; Gatotkacha, Abimanyu; sareng seueur deui Pahlawan sanesna. 
Tapi
balucat balicetna Resi Drona sareng susunan formasi Pasukanana kalintang 
hebatna; sadaya
Pahlawan pada paburisat, lantaran seueur pasukanana nu diresak
ku serangan Resi Drona;
akhirna formasi pasukan Pandawa jadi burakrakan; Drona enggal lebet nyusup ka 
formasi pasukan Pandawa; mung sakedap tos papayun payun sareng Yudhistira.

Ari Bhimasena dipegat ku Raja Wiwimsati; rame perang ragot.
Di medan sanesna Prabu Maespati kapegat ku Karna; ger wae silih panah.
Sadewa kedah mayunan Sakuni; janten ngantunkeun Yudhistira
Kitu deui Nakula daek teu daek kudu ngalawan Prabu Mandaraka Salya.
Kripa tarung sareng Dristaketu.
Paurawa silih mentangkeun panah ngalawan Abimanyu.
Gatotkacha dipegat ku Bhagadata.

Tah nuju Pahlawan sareng Pahlawan tarung kitu; Resi Drona balucat balicet teras 
norobos Pasukan Pandawa; akhirna papayun payun sareng Yudhistira.

Yudhistira mentang2keun panah mani murudul ka Resi Drona; tapi sadayana oge 
katakis gampil pisan; teras Drona males; Yudhistira ripuh kadesek ; beletak 
gondiwana potong; enggal nyandak deui gondewa sejenna; tapi karek ge diangkat 
tos potong deui kapanah ku Resi Drona. Untung Dristadjumna kadinya; teras 
manahan ka Drona; tapi ieu oge teu mangga pulia diserang ku Resi Drona ripuh 
pisan. Para prajurit pating corowok :"Awas Dharmaputra bade diculik ! 
sababaraha 
kali. Arjuna nu teu tebih ti eta medan enggal marentah kusirna ( Kresna ) 
supaya 
nuju ka tempat Drona; lir kilat kareta Arjuna nuju ka eta tempat teras motong 
kareta Drona; bari teras manahan ka Resi Drona !

Ayeuna mah Resi Drona katingal ripuh lantaran ngaraos nu nyerang teh tanagana 
estu ageung pisan; mun salah nakis bisa cilaka ! Enggal wae ngantunkeun 
Yudhistira; teras mayuneun ieu musuh anyar, Ger wae tarung silih panah antawis 
gutru sareng murid kakasih nya eta Drona sareng Arjuna. Eta dua lawan teh, estu 
satanding kacida gegetna; itu ieu teu aya nu mundur; duanana ngetrukkeun 
pangabisana !

Sajeroning perang silih panah, Drona ngagerentes di na manahna:"Emh ieu aing, 
geus kolot geuning, jeung tanpa daksa lantaran Gandhamana; emh inget keur masih 
Bambang Kombayana keneh; moal aya nu bisa ngalawanan aing di na perkara manah 
mah. Tapi ayeuna ieu Arjuna bisa nandingan Kaula; nya wayahna we satanding; da 
geuning ayeuna mah aing teh loba kalemahan." Kitu gerentes atina Resi Drona di 
na salami perang sareng Arjuna teh; ari Arjuna ku margi sieun rakana katangkep 
toh2an ngalawan Drona; atuh Resi Drona teh rada kateteran.

Tapi dasarna Resi Drona memang mandraguna; tetep we tiasa ngalawan sareng males 
ka Arjuna. Atuh ieu perang teh ragot pisan; teu aya nu unggul atanapi asor; 
akhirna kapegat surupna srangenge. Terasna dua pihakanana mundur.

Hanca 
 

Kirim email ke