Pamali jeung sanget hiji cara nerapkeun aturan anu diloyogkeun jeung umur. Ngatik ngadidik dimimitian ku pangbibita atawa panyingsieun tapi dina bungkus anu teu togmol. Bakal kahartina dimana urang geus dewasa. Soal "tafsir" tina pamali jeung sanget moal kaudag ku logika umum da pastina unggal "hulu" bisa ngamanaan sorangan saluyu jeung tingkat kadewasaanana. Kiwari pamali jeung sanget geus kaluli-luli sabab loba kolot nu pegat tatali mimitran jeung anak rabina. Alesanana soal atikan geus diserenkeun ka sakola,kursus,jeung lembaga anu sejenna. Maranehna poho yen guru utama jeung anu pangheulana mah nya nu jadi indung bapana. Ti mimiti ... hao hakeng,neleng nengkung .... tug nepi ka dongeng enteng samemeh sare sakuduna diterapkeun ti lingkungan imah. Kitu sigana mah ceuk pamanggih si kuring. Cag. Ti pun Adi.
