Perang Poe ka-13. 
Isuk2 keneh pisan Dulur2 Susarma nu rek males pati ka Arjuna geus arindit ka 
medan perang pangkidulna jeug sakabeh Pasukan Trigarta. Der deui nakolan 
tambur, bari nangtang Perang ka Arjuna. Atuh Arjuna oge enggal nuju ka Medan 
Perang pang kidulna.
Barang yakin Arjuna tos nebihan enggal wae Resi Drona nyusun formasi nu hese 
pisan ditembus, nya eta "Formasi tarate" . Ieu formasi teh pikeun ngadesek 
Pasukan Pandawa; mun tos mojok pisan; kari ditelasan, atanapi ditangkep; nya 
tujuan utamana mah bade nangkep DarmaPutra tea.Ningali Formasi Tarate kitu; 
Yudhistira rada geumpeur, lantaran mung Arjuna nu tiasa nembus eta formasi nu 
apal ka na sagala seluk beluk sareng rusiah eta formasi; di antawis pasukanana 
anjeunna apal, teu aya nu tiasaeun nembus ieu formasi,. Tapi anjeunna emut ka 
Putrana nya eta Abimanyu Putra Arjuna; ah ieu Pahlawan teh budak keneh pisan, 
tapi sagala bisa; malah mah bisa nandingan Bhisma sareng Drona. Sugan we 
manehna bisaeun ; cing urang panggil ayeuna. Kitu manah Dharmaputra.
Enggalna wae Abimanyu tos ngadep ka Yudhistira; saparantos basa basi, teras 
Yudhistira ngandika:"Kasep, Abimanyu anak Ua; Ua teh bingung lantaran musuh 
urang ngaluarkeun Formasi "Kembang Tarate"; ngan Rama hidep nu apal rasiah eta 
Formasi; didieu sadayana teu aya nu apaleun. Tangtu sakeudeung deui Maha 
Senapati Kurawa Resi Drona, bakal ngagempur kadieu; ceuk pikiran Ua, tangtu 
hidep geus diajar ieu Formasi ku Rama hidep?"
Abimanyu cong nyembah:"Leres pangandika Rama Ua, mung wae Putra teh nembe 
dipasihan terang carana lebet; tapi teu kabujeng diajarkeun kumaha carana 
nembus kaluar upami tos aya dijero."
Yudhistira:"Euh eta mah gampang; Ua bakal ngutus si Ua hidep Bratasena nu bakal 
nuturkeun ka mana hidep indit. Nu penting mah, nembus heula; sesana mah keun 
Rama ua sareng sadaya Pahlawan bakal nembus babarengan."
Bhima ngiring ngahatean ka Abimanyu:"Hemmmm, bener omongan Dharmaji; Ua maneh 
Bhima bakal nuturkeun kareta maneh; sok tong ringrang tong salempang; Bhima 
pasti nuturkeun ti tukang."
Abimanyu ngawaleran:"mangga Putra bade nyobi nembus Formasi Kembang Tarate; 
mugia sadaya pinisepuh ngajiad Putra."
Bhima:"Jung, diduakeun pisan sing salamet; sing hasil. Ua bakal nuturkeun ka 
maneh."
Enggalna wae Abimanyu tos naek kareta perangna, dikusiran ku Sumitra; kudana 4 
Darawuk; katingali esrtu gagah pisan ieu Putra Arjuna teh; ieu Abimanyu tos 
jadi Pahlawan kakasih para Prajurit, salian ti Gatotkacha; lantaran 
kapinteranana lir ngimbangan ramana Arjuna.
Kareta Abimanyu laju katengah Formasi teu luak leok deui teras nuju ka titik 
Pusat; enggalna bae Formasi tarate tos tiasa dibuyarkeun ku Abimanyu; teras 
maju langkung kapayun. Bhima Yudhistira, sareng Pahlawan sanesna naluturkeun 
kareta Abimanyu nu nyesakeun hiji lolongkrang pikeun asup.
Kelana Jayadratha, Raja Sindhu, nu mimpin Pasukan titik Puseur , nu memang ahli 
strategi perang, tos nyorowok ka para senapati lan prajurit; barang eta 
parentah dilaksanakeun................ nyata lolongkrang nu tadi dibuka, 
sakedet netra tos ditutup ku Jayadrata sareng Pasukanana; Bhima Dristadjumna, 
Srikandhi, sareng sadaya Pahlawan nyobi2 nembus eta hahalang; tapi kalah ka 
seueur korban. Nyata para pahlawan Pandawa teu aya nu apal kumaha nembus 
Formasi tarate. Akhirna malah lalaunan kadesek mundur ku Pasukan Kurawa nu 
dipimpin ku Jayadrata.
Atuh ayeuna mah Abimanyu teh tos misah nyalira; cuang cieung tanpa balad. Tapi 
anjeunna teu gimir; teras wae maju; anjeunna emut yen Ramana, Arjuna ari perang 
teh; boh ngalawan saurang, boh ngalawan Pasukan pasti tara nyandak Pasukan; 
atuh ayeuna piraku kudu ngandelkeun Pasukan? keun Kula rek nyoba perang 
sorangan kawas RAMA. Kitu manah Abimanyu.
HANCA

Kirim email ke