Basa Bhagadatta ditelasan ku Arjuna waktosna tos burit pisan; harita ditempat 
sanesna Resi Drona teras ngadesek Para Pasukan Pandawa; Yudhistira tos teu 
walakaya deui ngajungkel kapiuhan di na karetana; diburu ku Resi Drona bade 
dicangkalak; Para Prajuing pating corowok:"Arjuna ! Bhagadatta geus tiwas ku 
Arjuna ! ieu Drona rek nangkep Yudhistira!"
Bagawan Drona kalintang reuwasna nguping kitu teh; culang cileung bisi aya 
Arjuna datang ka eta tempat. mun teu sayaga bisa bahaya. Dina tempo nu ngan 
sakiceup eta para prajurit enggal nyandak Yudhistira nu teu walakaya 
diungsikeun ka kemahna. Ti katebihan katingal kareta Arjuna nyuruntul 
kadieujkeun. Drona kacida hanjeluna; lantaran nangkep Yudhistira gagal deui; 
ayeuna Arjuna datang katempatna; barang bade siap tarung deui sareng Arjuna; 
tarompet disada tanda perrang poe ieu ditutup; da panonpoe tos surup.
Di kemah Senapati Agung, limaan ngayakeun pagunemananu rada heuras jeung kasar.
Nyata eta nu galuntreng teh Drona, Duryodhana, Sakuni. Karna, lan Dursasana.
Suyudhana bari emosi nunjuk ka Senapati Agung Drona:"Eh Paman ! Tadina Kula 
yakin pisan, yen poe ieu Yudhistira bakal bisa katangkep! Kula yakin pisan, 
jeung memang kabuktian sampeyan hasil ngadesek jeung ngajadikeun Yudhistira 
ambruk na karetana; kunaon paman ragu2 teu tuluy ditangkep!? Padahal tinggal 
sakali luncat ka kareta Yudhistira; eta si Darma Putra teh tangtu kacangking ku 
urang !? Naha sampeyan kaciri ragu2, bangun embung nangkep Yudhistira !? Kaula 
hayang ulah aya korban deui, eh malahan Susarma binasa; kitu deui andelan urang 
sarerea Bhagadatta palastra ! Cik omongan naon deui ti sampeyan di na kajadian 
ieu ! kula hayang nyaho ?"
Resi Drona kacida amarah sareng mentegegna ku sadaya cariosan Pangeran 
Duryodhana nu sakitu kasar garihalna, tur teu aya basa hormat saeutik eutik 
acan; enggalna matur:" Ieuh,Pangeran Duryodhana, Kula satekah polah geus usaha 
pikeun ngalaksanakeun parentah sampeyan, pikeun kajayaan sampeyan ! Pahlawan2 
Pandawa poe ieu loba nu binasa ku Kaula; teu saeutik nu tatu jeung malabur; 
tapi tadi aya nu nyorowok yen Arjuna datang; jadi Kaula kudu waspada; mun 
gagabah tangtu Kula binasa; lantaran Arjuna teu bisa dibandingkeun jeung 
Drestadjumna, Srikandhi, upamana. Jadi Kula teu meunang gagabah; tah eta 
sababna Kula gagal tadi. Bhagadatta tiwas; nya wajar we eta bebela ka sampeyan; 
tapi ngalawan Arjuna memang lain pantarna. Matakna Kula ge teu bisa gagabah. 
Tapi Kula ge hayang apal naon atuh sajatina untungna nangjkep Yudhistira teh? 
Kapan geus jelas urang keur silih paehan? Ti dua pihak loba Pahlawan nu geus 
tiwas. Engke kumaha tannggung jawab sampeyan ka Para
 Raja, mun Nagara teh saterusna dipasrahkeun ka Pandawa? Meureun loba nu 
kukulutus, korban geus loba akhirna Indraprasta dipasrahjkeun oge ?"
"Hahahahaha, Paman,,,,,,,,,,,,,,,,,,,, Paman................ yeuh, lamun 
Yudhistira dibinasa, tangtu nu sejenna adi adina bakal leuwih garalak deui 
ngaramukna. Tapi mun ku urang ditangkep, terus diajak badami; tinangtu adi2na 
bakal nurut; tah saterusna Indraprasta dipulangkeun ka maranehna. Sanggeusna 
kitu ku Kaula bakal diundang deui, saperti baheula terus bakal diajak maen DADU 
deui ku Paman Sakuni; pan beres tah. Indraprasta bakal karebut deui; Pandawa 
bakal leuleuweungan deui ! Hahahahaha ! Tah kitu Paman Drona ! Da moal aya nu 
bisa ngalawan ka na kajagoan Paman Sakuni maen dadu!"
Drona sajongjonan mah olohok we; ngarasa hanjakal yen anjeunna tos percanten ka 
na cariosan Suyudhana rek mikeun nagara ka Pandawa; padahal mah BOHONG ! Wah 
tapi sahenteu henteuna Kaula teu kudu nelasan para Pandawa; da masing kalah 
kumaha oge, ari kanuaah mah tetep ka Pandawa; utamana nya ka Arjuna. Saparantos 
ngahuleng kitu enggal wae Resi Drona ngandika:" Nangkep Yudhistira mah perkara 
gampang; tapi salila Dananjaya aya didinya; urang moal bisa nangkep Yudhistira. 
Tetep kudu aya strategi pikeun misahkeun Arjuna ti Pandawa sejenna; geus 
dicoba; isuk urang usahakeun deui. Najan Susarma geus lastari; tapi dulur2na 
masih aya, jeung hayang males pati ka Arjuna; tah sumpah samsaptaka bakal 
dicoba deui isuk!"
Terus Drona ngangkat pananganana tanda tamu2na kedah enggal kaluar, lantaran 
anjeunna bade istirahat. Kanggo mimpin pasukan poe ka 13.
HANCA

Kirim email ke