Saparantos manahna buleud, Abimanyu teras wae maju, teu aya kagimir; atuh ger 
wae diraponan. Tapi ngan sakilat sakilat Abimanyu mentang2keun jamparingna; 
puluhan prajurit binasa. Dursasana nu harita aya di dinya kacida keuheul jeung 
sirikna ka Abimanyu teras wae milu ngaraponan ngepung ka Abimanyu. Abimanyu teu 
gentar teras ngalayanan Dursasana.
"Hahahahaha ! Manyu2X ; poe ieu kapaksa Kaula nyabut nyawa andika, Manyu ! Ulah 
sambat kaniaya." Dursasana susumbar.
"Ah ulah waka gede omong, Paman. Buktikeun heula, yeuh tarima panah ti 
Kula."Abimanyu ngawaleran, bari mentangkeun jamparing. Nyata Dursasana kadesek, 
teu yasa ngalawan Abimanyu; sapada harita dada Dursasana kapanah, teras 
kapiuhan na karetana; diantep we ku Abimanyu lantaran emut yen Bhima tos sumpah 
bade ngalediskwun sadaya Putra Drestarastra ku anjeunna nyalira.
Lajeng Abimanyu ngayonan deui para Prajurit nu teras ngambreg; Abimanyu estu 
aya ditengah lautan manusa musuh; tos kinepung buaya mangap. Tapi teu gentar 
teu sing, malah lambeyna imut, lantaran ngabayangkeun ayeuna anjeunna nuju 
nandingan Ramana Arjuna; perang nyorangan ngalawan sadaya prajurit musuh.
Keur kitu jol Pamuda Kaep Raspati, pujaan para Prajurit Astina. Nya eta Raden 
Laksamana Mandrakumara, putrana Duryodhana. Barang sumping ladinya; para 
prajurit sarurak ngabagean Pahlawan Rumaja nu pang kasepna. Terus sadaya pada 
tibf corowok yen Abimanyu bakal mati lastari ku Laksamana.
Enggal wae ieu dua Runaja Putra teh tarung silih panah; nyata Laksmana oge 
gagah sareng jago panah. Tapi lami2 mah Laksmana teu kiatan akhirna dadana 
kapanggang ku panah Abimanyu jero pisan; dugi ka ngajungkel ti na karetana; 
barang diburu, nyata Laksmana tos tiwas. Amarah para Prajurit Astina; ngaramuk 
bela pati. Abimanyu teras ngalawan bari tetep teger; tos teu kaetang seui nu 
binasa ku panah Abimanyu.
Jaya Bang Winga Winga ! Amarahna Suyudhana kagiri giri; enggal muru ka Abimanyu 
bari manahan; tapi Abimanyu teras kalem ngalawan; Suyudhana oge kadeek tos 
ripuh pisan.Enggal wae Salya ngiring nyerang; Abimanyu ngantunkeun Suyudhana nu 
enggal dicandak ka nu aman, ku Krepa; ari Abimanyu bari waspada ku kepungan 
prajurit, teras silih panah sareng Salya Mandaraka.
Satadina Prabu Salya rada nganggap enteng ka Abimanyu, tapi barang tos 
diperangan; nyata Abimanyu punjuling ngapapak,awak manusa tandangna Dewa. Salya 
kadesek pisan ku Abimanyu; malah tos sababaraha panah narancep kana jasmani 
Salya; atuh kapaksa Salya oge mundur.
Karna masih ragu2 rek maju, lantaran kahiji Abimanyu masih anom keneh; kaduana 
sosorangan dikepung musuh; asa harianeun ngalawan hiji Pamuda di na kayaan kitu.
Keur kitu corowok teh Duryodhana:"Eh sadaya Pahlawan, tong diantep eta si 
Abimanyu; sok koroyok we, ulah make mikir aturan deui ! Manehna geus maehan 
anak Kaula Lasmana Mandrakumara ! Kula hayang males pati !"
Drona enggal wae nyarios ka Karna, yen mun rek nalukkeun Abimanyu; nu 
pangheulana nyaeta kudu kusir jeung kudana heula; kakara didinya si Abimanyu 
lumpuh.
Teu tata pasini deui Karna mentangkeun jamparing. Sapada harita sumitra kusir 
kareya Abimanyu binasa; teras kadali kudana; ath ngan sakedap Abimanyu tiguling 
ti na karetana. Atuh ayeuna mah Abimanyu teh teu tiasa gerak deui; da kudana 
tos binasa; kakara bade ngangkat gondewa tos potong dipanah ku Resi Drona. 
Kakara bade mesat pedang, ieu ge tos parotong dipanah ku Resi Drona.
Abimanyu memang tos niat bajoang dugi ka mati; teu sieun teu gimir; teras 
nyandak roda kareta dianggo cakram ! Tapi bade dibaledogkeun tos amburadul 
dipanah ku Karna.Tos kitu Putra Dursasana kadinya manahan dugi ka Abimanyu 
tigugulitik; salirana tos ranceb ku panah. Teras wae dileyekan ku Putra 
Dursasana; Abimanyu nu nuju sakarat masih keneh tiasa ngarawel sampean Putra 
Dursasana atuh der we papuket gelut. Atuh Putra Dursasana teh kageteun pisan 
cocorowokan tulung2an. Ger wae atuh Abimanyu dironom ku ratusan prajurit. najan 
sakumaha kuatna oge lami mah Abimanyu teu kiat deui teras lastari ngemasi pati.
Sadaya parajurit Astina barungaheun pisan enggal wae sasenjata sasenjatana 
nojosan Abimanyu nu tos jadi mayit.  Dursasana nu tos jagag deui enggal 
cocorowokan bari igel2an muter disakuriling mayit Abimanyu. Abimanyu hawato 
pisan mayitna tos teu puguh rupa deui.
HANCA

Kirim email ke