NUHUN Mang Yayat Soelaeman. Meni jentre merele seratan nana. Saurna kedah ulah bosen, sakumaha kasauran panimu Bohlam, Thomas Alfa Edison. Anu dimaksud bakat teh, 99% kerjakeras 1% sukses.
Hatur Nuhun sakali deui. Baktos. On Sun May 15th, 2011 1:10 AM ICT Yayat Soelaeman wrote: >Manawi bade ngiring nyumbang ka mr maman anu hoyong nulis di koran. Sae eta >teh. Da nu pertama mah, niat heula, nu kadua sareng saterusna mah nya gampang, >da teknis, tiasa dipelajari. > >Kira-kira kieu yeuh menurut saya mah: >1. ulah netepkeun sasaran heula hayang tulsain urang dimuat di koran. Nu >penting mah nulis heula, naon bae nu dipikaresep ku urang. >2. teu kudu seiun pendek atawa panjang tulisan teh, nu penting mah tuliskeun >bae pamikiran urang. pan engke oge diedit deui ku urang. sok dibaca deui. tah >biasana mah aya tambahan atawa dikurangan/diedit tea. >3. tentukeun heual tema na. Terus diperkecil tema itu. Conto Tema: Rakyat >Indonesia Masih Banyak Yang Susah. Tema dipersempit menjadi sub-tema: >misalnya: a. sulitnya cari modal untuk wira usaha, b. semakin banyak orang >menganggur, c. semakin banyak orang miskin, d. Makin banyak gelandangan dan >pengemis, e. makin banyak maling dan WTS karena kemiskinan, f. Makin banyak >orang desa ke kota mencari rejeki, g. susahnya mencari kerja, dll sub tema. >Nah pilih salah satu sub tema itu. Jika masih terlalu luas, tiasa dipersempit >deui. Mangga terserah urang bade milih nu mana. >4. Tulisan2 teh disebatnya macam-macam, aya nu nyebat artikel, karangan khas, >pumpunan, prosa, opini, telaah, janten tergantung konten tulisan urang. >5. Menurut pengalaman abdih mah, tulsian teh dibagi menurut SAHA PENULISNA, >contona. a. Seorang ahli atawa pakar menulis tentang bidangna (misalnya Amien >Rais menulsi tentang Demokratisasi atau segala sesuatu yang berhubungan dengan >kekuasaan, atau seorang S2 atau S3 yang menuliskan tentang bidang kaahlianna >berdasarkan pengamatannya dengan landasan teori keilmuan itu sendiri--kalau S1 >sih masih dianggap bukan ahlinya, kecuali didukung oleh pengalaman.), b. >Tulisan seorang praktisi di bidang yang kompeten dengan pekerjaannya atau >keahliannya atau pengalamannya (misalnya kepala sekolah dan guru yang menulis >tentang sekolah, kondisi guru, dll), c. Tulisan seorang pengamat yang memang >telah dikenal sebagai pengamat di bidang tertentu itu, misalnya pengamat >sosial, pengamat politik, pengamat ekonomi, dll), d. Tulisan seorang awam atau >tulisan seorang wartawan. Khusus poin d ini, wartawan dianggap sebagai orang >awam/umum, karena seorang wartawan hanya berhak > menulis (berita atawa feature) berdasarkan apa kata orang lain (yang disebut > 'orang lain' itu tentu harus yang kompeten dengan keahliannya) . Tulisan > semacam ini mungkin bisa dibilang seperti round up dari beberapa berita: > Mengemukakan pendapat, statement, kata-kata dan penilaian orang-orang ahli, > kemudian disambung-sambung dengan manisnya, ditambah dengan data yang sahih, > kemudian dicari intisarinya dan disimpulkan dengan mantap. >6. Nah, bade milih tulisan anu mana? Mangga. Lamun S1 Sospol atuh keah tulisan >anu terkait dengan itu. Lamun tulisan tentang IT, nya mangga, nu penting mah >memenuhi syarat: Naon tah syaratna teh? >a. Tulisan teh logis, bisa dipercaya, benar, ada landasan teorinya (jika ilmu >sosial), atau ada bukti nyata dan telah terbukti atau ada saksinya, jika itu >mengenai hal teknis. b. Tulisan teh aya ageung mangpaatna untuk rakyat banyak >atawa kamajuan iptek, c. Tulisan runtuy tea atuh, jelas, logis, EYD tea, >pokona teknis lah. Makanya kedah latihan nulis terus menerus, supaya lancar, >teras sering maca lah biasa, teras bandingkeun tulisan urang - tina sisi >konten atawa tina sisi penggunaan basa-. d. Tulisan teh mengenai hal anu keur >rame sareng menarik perhatian atawa penemuan anyar atawa menyangkut >kepentingan negara, rakyat banyak atawa human interest, misalna menyangkut >nyawa manusia, menyangkut urusan orang top atawa masa depan atawa lenyapnya >sesuatu yang berharga di masa lalu (di antarana eta teh), f. Tulisan nu sae >teh biasana mah diberi judul yang HEBAT, teras diawali kalimat (lainea >pertama) yang menakjubkan, aneh, khas, memikat, anomali, mengundang > perhatian pembaca, merangsang pembaca, memancing pemb aca untuk terus > membaca, pasti tos terang lah, g. Saantos judul sareng alinea pertama anu > MANTAP, maka saterasna penulis teh kedah bermain sulap, nyaeta memilih, > menyusun, dan merangkai kata-kata dengan manisnya, indah, lah pokona mah nu > maca jadi asa kasirep lantaran untaian kata-kata anu pas, tepat, mantao, > menjurus, kitu lah pokona mah. h. Ulah hilap didukung ku data anu benar. >7. Terasna, tulisan teh dibagi sababaraha jenis lamun ningali tina waktuna: >Paling tidak aya dua jenis tulisan:. Tulisan Serius/Topik (timly): Biasana mah >ieu tulisan teh soal topik anu hangat, top, yang sedang diperbincangkan >masyarakat: contona tulisan bertemakan: Pembangunan Gedung DPR Yang Penuh >Kontroversi. Tulisan ini hanya menarik jika ditulis sekarang, hari ini, atau >minggu ini, atau paling jauh bulan ini, tetapi tulisan tentang tema ini hanya >akan jadi barang basi jika ditulis tahun depan atau dua tahun lagi atau tiga >tahun lagi. b. Tulisan universal (timless): Biasana mah tulisan tentang >perjalanan, pengalaman, wisata, atau keindahan alam (pariwisata) sareng >sajabina, jadi tulisan teh tiasa relevan dibaca ayeuna, bulan depan, tahun >hareup atawa lima tahun kemudian. >8. Syarat nu mutlak mah da niat tea, mau nulis, tidak pernah bosan menemui >kegagalan, aya waktu untuk latihan dan menulis (ini biasana mah nu susah teh). >Penulis top yang berhasil itu, termasuk novelis, biasana selain ahli, >menguasai teori, dan mantap menguasai bahasa tulis, juga memiliki niat yang >kuat, dan WAKTU. >9. Tah kanggo Mr Maman, mangga dicobian. Lamun kira-kira yakin mah, teraskeun >bae. Nulis terus. Nulis terus. lama-lama juga nanti akan jago nulis dan mahir >berbahasa tulis. Nanti juga akan ketahuan mr Maman tuh cocogna ka mana, da >hasil tulisan mah bisa dikirim ka mana bae, ka koran (aya ratusan koran dengan >berbagai karakterna), majalah (aya ratusan majalah), penerbit (aya ratusan >penerbit), atawa portal berita. >10. Tos mungkin cekap sakitu. Ka nu sanes, punten ah ditambihan tulisan ieu, >sehingga menjadi leuwih lengkep. Atuh lamun aya nu rada salah, nya mangga >dilereskeun. 11. Terakhir mah, punten pisan da bahasa Sunda teh mani pabaliut, >tapi nu penting mah mudah-mudahan dipikahartos. Nuhun. permios. Adios: >soel2001// > >Sat, 3/5/11, Maman <[email protected]> wrote: > >From: Maman <[email protected]> >Subject: [kisunda] Hayang Diajar Nulis di Koran >To: [email protected] >Date: Saturday, March 5, 2011, 12:29 PM > > > > > > > > > > > > > > > > > > > >Hayang Diajar Nulis di Koran > > > >Fokus we kana hiji hal, tong loba nulis >berbagai hal, tong loba omong berbagai hal. > > > >Dina kaping 15 Januari 2011 kuring ngilu ”Pelatihan Nasional Menulis >Artikel, di Kantor Galamedia Bandung”. Kuring >sumanget pisan ngilu eta pelatihan sabab boga cita-cita hayang sakali-kali bisa >nulis dina media koran. Kaduana kuring oge hayang boga kabisa tulas tulis dina >media Korang. Katiluna kataji oge ku >iklanna pedah nu mere pelatihan teh gegedug anu sapopoe aktif dina koran >Pikiran Rakyat. > > > >Saenggeus diumumkan di Harian Umum Pikiran Rakyat tanggal 29 Desember 2010, >dina poe Senen tanggal 3 Januari 2011 kuring buru-buru daftar jadi peserta. >Hariwang bisi teu >kabagean tempat, pas daftar geuningan karek aya 3 urang anu daftar. Dina >poe H na, kuring datang pang isuk-isukna. Nu ngilu pelatihan kirang langkung >aya kana 40 jalmian. > > > >Dina sesi kahiji dibenjerbeaskeun pasualan pentingna nulis-kalimah >ngagunakeun cara anu lugas teu bulat-beulit ngejelimet. Kusabab kaayaan >katerbatasan rohangan anu aya >dina lembaran kertas koran, nulis teu meunang ngayayay. Dipaparkan oge >pentingna migunakeun basa Indonesia ’yang >baik dan benar’ sesuai jeung aturan Ejaan Yang Disempurnakan (EYD). Wajib >ceuk >hukum jeung penting ngahargaan basa nasional Indonesia jeung sabisa-bisa >ngahindarkeun make istilah basa deungeun. Saha deui anu ngahargaan basa >Indonesia lamun lain ku bangsana sorangan. > > > >Wah, geuningan loba pisan aturan serat sinerat atanapi tulis menulis dina >media >koran teh. Umpamana kumaha nu bener dina ngantetkeun awalan jeung akhiran >me-an, pe-an, kumaha nu bener ngagunakeun awal ber, me, di, ke, dari. Aturan >konsonan, diftong, phonem jste. Lieur we lah. Jadi asa inget kuring baheula >keur jaman kuliah diajar basa >Indonesia. Suganteh gampang tulas-tulis na koran teh. > > > >Dina sesi kedua sumanget kuring hayang diajar nulis artikel (ilmiah populer) >dina koran jadi rada tambah lungse. Penyaji kedua jentre nyaritakeun secara >filosofis yen syarat mutlak keur jadi penulis artikel aya 4 hal. Hiji, boga >otoritas atanapi kompetensi >anu nyoko saluyu jeung bidangna. Kadua boga pengaweruh anu luas jeung jero dina >bidangna. Katiluna boga kamampuan ngilo hal-hal anu aktual atanapi keur >rame(haneut) >dipadungdengkeun di masyarakat. Kaopat mampu nyampeikeun kanyahona ku basa anu >dipikaharti ku jelema umum/publik bari teu make rumus-rumus anu rumit >pabeulit bin pabaliut. > > > >Ceuk penyaji kadua, konsumen media >koran taya sanes masyarakat anu beragam mun diklasifikasikeun aya tilu kalangan >: 1 umum, 2 semi akademis 3. kalangan akademi. Ngarana oge harian umum, tulisan >anu alus kudu bisa ngajangkau kalangan anu disebut di luhur. Lamun tulisan >akademis lewih cocok keur >kalangan na we. Penyaji kadua nedeskeun soal pentingna kompetensi. Umpamana >aya jelema >lulusan Sakola Peternakan, terus manehna boga kanyaho soal peminyakan, sanajan >loba kanyaho soal minyak, secara etika teu cocok lamun manehna nulis soal >perminyakan. Atanapi lulusan Teknik Kimia ari nulis soal Astronomi, teu >nyambung, kitu oge umpamana sarjana Sosial >Politik, sanajan manehanana boga kanyaho soal >obat-obatan jeung panyakit, tetep manehna teu boga hak lamun nulis >artikel soal farmasi atawa kedokteran. > > > >Persyaratan otoritas jeung >kompetensi nyadarkeun kuring kanu pendidikan jeung pangalaman hirup kuring dina >hirup kumbuh kahirupan sapopoe. Lamun >kitu, umpamana kuring hayang nulis dina >koran, kuring kudu nulis anu aya kaitanna jeung pangalaman naon wae anu ku >kuring nggeus kaalaman, tangtungna sesuai jeung latar pendidikan. Kuring >lulusan Fakultas Sosial Politik >Jurusan Administrasi Publik (Negara) Unpad, ngan ari kahirupan sapopoe kuring >sibuk dina >bidang IT, jeung kabeneran kuring oge lulusan Senior Programmer Komputer. > > > >Beda jeung babaturan kuring, ti Sospol anu loloba jadi PNS, ari kuring mah >wirasuadma we, di bidang IT, Percetakan jeung Penerbitan. Teuing kusabab >bakat kabutuh, kuring gawe diluar jalur anu umum sakuduna ti >Sospol biasana arasup jadi PNS. Baheula >kuring teu wani neruskeun gawe jadi PNS , kusabab ditempatkeun di Sajira >Serang Banten, asa jauh pisan ti Bandung. >Sieun ditigas mastaka. J > > > >Kuayana persyaratan di luhur minat >kuring jadi penulis di koran jadi rada turun , padahal minat kuring asa loba >pisan, umpamana nulis soal filsafat, >sastra, puisi, astronomi, politik, >ekonomi, agama, fisika jeung nu lain-lainna. >Ceuk budak ayeunamah meureun, ”Sok teu jeung sok nyaho”. Kajeun. > > > >Dina sesi 3, Penyaji anu katilu ngaderes soal Kode Etik Jurnalistik >Wartawan. >Dicaritakeun soal ’suka-duka’ jadi wartawan. Ceunah beurat boga profesi jadi >wartawan, resikona bisa leungit nyawa >kusabab nyalabarkeun hiji berita. Tapi aya oge ceunah wartawan ’Amplop’. >Wartawan >anu jual beuli info nyaeta wartawan anu >nyilidik, nyinyidik ku make jalan investigasi langsung ka lapangan naliti >kalakuan >jeung sepak terjang pajabat. Difoto jeung direkam bari nyumput ti kajauhan. >Geus meunang info jeung datana, ku manehna ditingalikeun ka Pajabat nu >bersangkutan. > > > >Ngakuna mah moal arek meres, ngan ngomong diplomatis, ’Bapa abdi gaduh data >anu bade disiarkeun dina koran, kumaha teu sawios-wios’. Tangtu wae atuh si >Pajabat teh reuwaseun, teu >nyangka manehna aya nu nutur-nutur jeung ngarekam kalakuan manehna (tangtunga >berita aib), resiko jabatan manehna bisa >leungit. Teuing sabaraha duit eta wartawan dibere ku pajabat, da beritana teu >jadi disiarkeun. >Data nu aya diolah jadi informasi, nyaeta jadi duit, tapi duit keur kapentingan >sorangan. > > > >Ku ngilu pelatihan nulis eta, kuring jadi aya minat pikeun nulis soal >politik. Kapikir ku uing geuningan loba pejabat publik dina mangsa kiwari anu >teu kompeten. Fakta di lapangan nunjukan hampir setengah na ti Kepala Daerah >di Indonesia boga masalah. > >CUNO, masalah ieu timbul kusabab Pajabat Publik, nu mangrupakeun hasil tina >Pemilihan Umum Kepala Daerah (berita Kompas, 18 Januari 2011), teu boga dasar >pendidikan politik jeung kebijakan publik anu memadai. Maenya artis jadi >pejabat publik anu boga tanggung jawab gede pikeun urusan masyarakat. Asa >araraneh. > > > >Sanajan syaratna kitu, kudu aya kompetensi, >kuring mah embung ”terpenjara”, da nu penting jang sadirieun kuring >mah kuring boga sudut pandang tertentu, >anu haneut, unik jeung menarik. Ceuk penyaji katilu, nulis teh ibarat ngojay. >Sakumaha jelema dibere teori ngojay, nepi ka belel letah ceuli rebing oge, moal >bisa ngojay lamun nu diajar ngojay teu ancrub ngagejebur ka balong. Jelama bisa >nulis alus lamun manehanana leukeun jeung junun terus latihan nulis. > >---00--- > > > > > >Punten Ki Hasan, ieu mah langkung ti sakaca. > >--- On Sat, 3/5/11, Ki Hasan <[email protected]> wrote: > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > Kang ERN, sok atuh geura ngadongeng pangalamanana, ngarah tambah euyeub. >Tong panjang-panjang, sakaca we geura. > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
