Meungpeung tacan diresmikeun ieu mah ngemutankeun we, ulah hilap ayakeun kantin 
24 jam. Kumargi merenah ulah hilap deui ke 5 taun kapayun ditalungtik deui, 
kamungkinan seueur pasangan keluarga muda sasama alumni UI hasil duo program 
"diajar-bobogohan"  he... he... Sukses, hidup UI!
 
salam
JP

Makarya Mawa Raharja

Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]>
Kepada: "[email protected]" <[email protected]>
Dikirim: Sabtu, 21 Mei 2011 12:01
Judul: Re: [kisunda] Edukasi - Perpustakaan "The Crystal Knowledge" UI Depok?


  
Ieu mah opini pribadi kuring sabada nengetan sababara statement rektor dina 
sababaraha acara.

Kahij, Rektor UI gaduh konsep, UI kedah jadi trendsetter,pikeun paguron sejenna 
sareng jadi lokomotif peradaban bangsa.

Kadua, salah sahiji penjabaran konsep eta ngawangun perpustakaan anu megah, 
tempat cicing buku.buku sabage gudang ilmu pikeun dunya atikan mah penting 
pisan, Jantungna elmu teh pan buku. Harta kakayaan buku supados katingali 
sacara kasat mata, nya kedah dikumpulkeun dihijikeun. di hiji tempat, di tempat 
anu merenah jeung megah, supaya anu daratang baretah jeung cicing ngeunah.

Katilu, ngawangun perpustakaan anu luasna 33.000  meter pasagi (bandingkeun 
jeung perpustakaan National University Of Singapura/NUS anu jadi 30 an 
universitas kawentar sadunya luasna ngan 20.000 meter pasagi). Perpustakaan ieu 
tiasa nampung 2 juta kopi buku, kalayan disayagian 1000 komputer I-Mac apple 
sacara online. Aya puluhan  rohangan khusus pikeun calon kandidat doktor atawa 
paneliti anu bade nyepi/nulis.Rencananya perpustakaan buka 24 jam.

Katilu, teu acan katingali kulan sabaraha pengunjungna, nembe bade diresmikeun 
sasih Juli. ayeuna masih tahap uji coba, margi teu acan sadaya buku ti fakultas 
dialihkeun ka perpustakaan.

Sakitu nu kapihatur, ke ditambihan deui mun aya info enggal.

baktos,

mrachmatrawyani


From: Ki Hasan <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Saturday, May 14, 2011 6:13 AM
Subject: Re: [kisunda] Edukasi - Perpustakaan "The Crystal Knowledge" UI Depok?


  
Urang toong, cing aya sabaraha urang nya nu macana unggal poena?
Cing kumaha Kang Yani, sugan aya dongengna.
 




Kirim email ke