Ieu teh Perpus anu tema greenhouse tea nya? Saurna ngangge panel sel surya teu ngangge PLN. Manawi teh tos diresmikeun, sataun katukang ngan saukur ningali ti kajauhan wungkul meni agreng katingalna ge, plus unik bentukna. Sae pisan pami ieu janten ngarojong kana sumanget riset dunia atikan. Tapi sajabi ti eta pasilitas anu sanes sapertos Lab kedah disaekeun oge. Soalna teu saalit jalmi nu mending riset di Lab tinimang di Perpus. Mudah-mudahan perpus kampus MJ oge tiasa di-upgrade Mang, duka abdi mah ningali perpus nu di Bandung teh ti kajauhan kawa ningali WC raksasa... Hahahaha.. Powered by Telkomsel BlackBerry®
-----Original Message----- From: Jalak Pakuan <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sun, 22 May 2011 11:37:26 To: [email protected]<[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Bls: [kisunda] Edukasi - Perpustakaan "The Crystal Knowledge" UI Depok? Meungpeung tacan diresmikeun ieu mah ngemutankeun we, ulah hilap ayakeun kantin 24 jam. Kumargi merenah ulah hilap deui ke 5 taun kapayun ditalungtik deui, kamungkinan seueur pasangan keluarga muda sasama alumni UI hasil duo program "diajar-bobogohan" he... he... Sukses, hidup UI! salam JP Makarya Mawa Raharja Dari: MRachmat Rawyani <[email protected]> Kepada: "[email protected]" <[email protected]> Dikirim: Sabtu, 21 Mei 2011 12:01 Judul: Re: [kisunda] Edukasi - Perpustakaan "The Crystal Knowledge" UI Depok? Ieu mah opini pribadi kuring sabada nengetan sababara statement rektor dina sababaraha acara. Kahij, Rektor UI gaduh konsep, UI kedah jadi trendsetter,pikeun paguron sejenna sareng jadi lokomotif peradaban bangsa. Kadua, salah sahiji penjabaran konsep eta ngawangun perpustakaan anu megah, tempat cicing buku.buku sabage gudang ilmu pikeun dunya atikan mah penting pisan, Jantungna elmu teh pan buku. Harta kakayaan buku supados katingali sacara kasat mata, nya kedah dikumpulkeun dihijikeun. di hiji tempat, di tempat anu merenah jeung megah, supaya anu daratang baretah jeung cicing ngeunah. Katilu, ngawangun perpustakaan anu luasna 33.000 meter pasagi (bandingkeun jeung perpustakaan National University Of Singapura/NUS anu jadi 30 an universitas kawentar sadunya luasna ngan 20.000 meter pasagi). Perpustakaan ieu tiasa nampung 2 juta kopi buku, kalayan disayagian 1000 komputer I-Mac apple sacara online. Aya puluhan rohangan khusus pikeun calon kandidat doktor atawa paneliti anu bade nyepi/nulis.Rencananya perpustakaan buka 24 jam. Katilu, teu acan katingali kulan sabaraha pengunjungna, nembe bade diresmikeun sasih Juli. ayeuna masih tahap uji coba, margi teu acan sadaya buku ti fakultas dialihkeun ka perpustakaan. Sakitu nu kapihatur, ke ditambihan deui mun aya info enggal. baktos, mrachmatrawyani From: Ki Hasan <[email protected]> To: [email protected] Sent: Saturday, May 14, 2011 6:13 AM Subject: Re: [kisunda] Edukasi - Perpustakaan "The Crystal Knowledge" UI Depok? Urang toong, cing aya sabaraha urang nya nu macana unggal poena? Cing kumaha Kang Yani, sugan aya dongengna.
