Suyudhana kalintang hanjelu, sareng amarahna, ningali kanyataan Jayadratta tos 
lastari ditelasan ku Arjuna, pas samemeh panonpoe surup. Suyudhana ngaluarkeun 
unek2na payuneun para Pahlawan Astina, kalebet Senapati Agung Drona:"Yeuh Para 
Pahlawan sadaya ! Poe tadi teh Kaula gede hate pisan, Kaula yakin pisan yen 
Jayadratta moal bisa ditelasan ku Arjuna samemeh panonpoe surup. Kaula percaya 
pisan ka na kapinteran jeung kabisa Pahlawan2 Kaula ! Kaula yakin pisan, Arjuna 
mati poe tadi! Lantaran geus ngaluarkeun sumpah nu pamohalan pisan ! Buktina 
kumaha ? Si Permadi mani gampang pisan ngaliwatan Paukan Utama Astina 
........mani jigana teh Arjuna uulinan waktu ngaliwatan Pasukan utama teh, 
.............   reg Suyudhana ngarandeg sakedap nyariosna, ngareret ka Resi 
Drona.  Teras Duryodhna neraskeun deui unek2na:" Lain Arjuna wungkul ! Tapi 
Satyali oge, siga diantep sina lolos! naju katempat Arjuna merangan Jayadratta 
! Jol deui si gendut, si Jahat, si purah
 barang lebok ! BHIMA; ieu ge sigana gampang pisan ngaliwatanana! Geus kitu 
teh, Kresna CURANG ! Curang Curaling!  Dasar si eta mah turunan BUDAK! Budakna 
Kangsa! Lain2 sing Bangsawan. Kresna , Satyaki memang curang pisan! Burisrawa 
ditelasan ku Satyaki nuju sila Yoga! Atuh Jayadratta bisana kapanah ku Arjuna, 
lantaran Kurusetra dipoekkeun sakeudeung ku si Kresna! Curaling pisan tah i 
Kresna teh!  Da mun teu litu mah, moal enya Jayadratta olohok teu siap; terus 
dipanah ku Arjuna! " Suyudhana liren nyariosna, bari hos hosan lantaran kacida 
emosin.

Dona enggal nyarios:"Prabu Anom Duryodhana! Abong biwir teu diwengku, letah teu 
tulangan. Sampeyan ngomong sadaekna wae! Yeu Kaula geus nyoba2 megatan Arjuna, 
malahan perang ragot, tapi Medan Perang harita kacida poekna katutup HASEUP, 
Arjuna teu katempo dimana lebah2na. Waktu medan nyacas deui, Arjuna geus teu 
katempo deui. Ari Satyaki memang ngahaja ku Kaula sina jauh ti tempat 
Yudhistira; lantaran lamun aya manehna, hese Kula nangkep Yudhistira."

Nembe ge sakitu cariosan Resi Drona, tos dipotong ku Duryodhana:"Tah kapan, 
Pahlawan Pandawa nu tilu geus naringgalkeun Yudhistira? Naha atuh Yudhistira 
teu katangkep wae?" Naha memang teu aya NIAT Nangkep !?"

Drona nambalang, bari nahan amarahna:"Yeuh sampeyan tong nyarita kitu ! Kaula 
enya2 merangan Pandawa! nepi ka Pahlawan2 Pandawa loba nu binasa ku Kaula! Tapi 
maranehna euweuh nu mundur ngalawan Kaula; kabehanana kaciri toh pati jiwa raga 
ngabela Pandawa ! Nepi ka satiap lawan teh nyolong waktu loba pisan pikeun 
ngelehkeunana! Sampeyan bisa nanya ka saha wae Pasukan nu dibawa ku Kaula, naha 
enyaan Kaula perang, atawa henteu !?"

Suyudhana:"Enya eta oge ari perangna mah Kula percaya yen sampeyan enya2 
merangan musuh; tapi sampeyan geus jangji bakal nangkep Yudhistira? Cenah mun 
aya Arjuna, hese nangkep Yudhistira !? Tapi nyatana; Arjuna euweuh, Satyaki 
Euweuh, malah Bhima ge absen, tetp we sampeyan teu bisa nangkep Dharma Putra !? 
Tah ayeuna naon alesanana !?"

Sajongjonan mah Drona melengek, teu tiasa ngawaleran, saparantos kitu akhirna 
matur, lalaunan:"Prabu Anom Duryodhna! Mun sakirana smpeyan cangcaya ka Kaula, 
pasrahkeun we atuh pangkat Maha Senapati teh ka Karna!"

Sakuni enggal majeng kapayun:"Eh Suyudhana......... cing atuh ari nyarita teh, 
sing aya diplomasian, ulah dapon kaluar bae! Sadaya Pahlawan nu aya di dieu ku 
Paman katingal soson2 ngabela sampeyan. Resi Drona, Kripa, Aswatamma sste 
maranehna merangan Pandawa enya2 ! Cibf atuh hargaan kasatiaan maranehna teh. 
Atuh cenah Pasukan urang loba nu ruksak, Atuh da kapan saha nu teu apal ? nu 
ngamukna kapan Murid Kinasih Jago Panah sadunya !? Nya eta Resi Drona!? Ny 
tngtu atuh hamo aya nu kuat ! Tah ayeuna mah tong kapalang; da batur mah loba 
nu galimir ku Dananjaya teh ! tah ayeuna tugas sampeyan Resi Drona, salian ti 
nangkep Yudhistira kudu nalukkeun Pandawa."

Nyata pinter pisan nyariosna Sakuni; ti harita Drona memang leres2 merangan 
Arjuna.

HANCA 

Kirim email ke