Dina salah sahiji Pantun Bogor, aya deskripsi naon hartina "paeh". Kieu
cenah:

=====

Ceuk Si Lengser: “Deuleu, Rakean ! Ari ngaranna perang teh; mudu maehan
samemeh dipaehan !
tapi Ulah maehan lamun teu perlu ! jeung ulah poho; papasten teh; hanteu
dipastikeun ku seukeutna tungtung tumbak; atawa ku baruang ruruhit panah !

tapi, KU TEPUNGNA WAKTU NU TANGTU; NU NANGTUKEUN AYANA AYA; JEUNG NANGTUKEUN
AYANA EUWEUH; tapi, DINA PINDAHNA AYA KA EUWEUH; NGAN EUWEUH DINA
PANGDEULEU; TAPI TETEP AYA DINA EUWEUH JAMAN.

Tah ! Sabab eta, Rakean ! Ulah sia edek keder ! Amun paeh di pangperangan;
perang bela ka nagara
najan ngaran sia dilaleungitkeun; di buritna moal sia jadi jurig !
Sabab sia mah; kapapancenan; nganyam carita saban jaman; numbu catur keuna
waktu; mudu tunggu ka cundukna; nyaksian saniskara; anu jagana pasti bukti
kajadian !

=====
Cing sugan aya nu apal, naon cenah maksudna deskripsi di lihur teh?

nuhun,
-mh-

Kirim email ke