Nuhun Bah Ocha pedaranana.

Diinget-inget, pedaran "paeh" jiga kitu teh asa mirip jiga nu sok dipedar ku
mang lebe di tajug,
mun keur medar perkara maotna para pendekar.

Cing Kang Oman, Kang Zen, kumaha cenah eta katerangan lebe teh, sugan inget
keneh.

2011/5/28 Roza R. Mintaredja <[email protected]>

>
>
> mang H,
> geunin nalaktak pantun bogor meni ka ponyo kitu, hebbbaaaaat, teu sangka
> pedaran uin sa ayana, mungkin teu bisa disebut deskripsi sacara ilmiah
> ieu mah sasieureun sabeunyeureun, pangalaman pribadi uin be dina ngaguar
> pantun
> kunaon bisa rada kaharti, sabab kabeneran uin urg bogor we meureun.
> tong dipercaya, tong dianggap, ieu mah anggap seungseurikeuneun we
> tapi .......ah ieu mah, pangalaman asup ka pantun teh jeung nu nyalinna,
> 'ngobrol'
> alm anisjati sunda, jeung alm saleh danasasmita we.
> ..........................................................................,
> KU TEPUNGNA WAKTU NU TANGTU
>
> kajadian paeh, aya dina Wanci, Wayah jeung Waktuna (www.com?), mangrupa *
> katangtuan/kapastian/papasten* ti gusti
> aya elmu wiwitan jeung wekasan; awal jeung ahir, ngeunaan hirup jeung
> paehna manusa
> ngeunaan wiwit jadina dunya ieu, ngeunaan obahna jaman
> aya elmu/itungan weton/wiwit poe borojol orok ka alam dunya, jeung elmu
> profesi/paksaban naon anu cocokna dina kahirupan
> hirup mah darma wawayangan, mun apal ka jatidiri tinangtu nyaho si 'diri'
> teh pancenna jadi wayang naon?
> aya rumus rumusna, ngeunaan pasipatan/karakter, ngeunaan panyakit matuh
> jeung ubarna.
> dina itungan kasebut aya sakabeh rumus rumusna, kusabab sipat pa elmuan
> tea, lain klenik, tapi metafisik.
> jadi hirup jeung paeh teh lain misteri aya elmuna. (aya elmu paeh samemeh
> paeh, supaya apal jalan balik)
> (loba kacaritakeun kolot baheula, sok bebeja , "geus wayah aing balik"
> jrrd)
> nyaeta anu disebut mulih kajati mulang ka asal, geus nyaho wayah;wanci
> jeung waktu balik ka alam padang poe panjang tea.
>
> NU NANGTUKEUN AYANA AYA;
> JEUNG NANGTUKEUN AYANA EUWEUH
> kalimat ieu nunjukkeun pangawasa jeung pangersa na gusti
> tapi,
> DINA PINDAHNA AYA KA EUWEUH;
> NGAN EUWEUH DINA PANGDEULEU
> TAPI TETEP AYA DINA EUWEUH JAMAN
> paeh, hartina beak/euweuh *waruga/raga*na tapi *sukma *na* (*euweuh dina
> pangdeuleu*)* aya, ngan pindah 'alam'
> ka alam padang poe panjang( kalanggengan)/euweuh jaman.
> 'alam' di sunda eta disebutna mandala panta panta/tingkatna
> kasebut mandala salapan, atawa salapan mandala
> mandala kahiji nepi ka tilu, sakadang sukma bisa keneh pulang anting
> kadunya, rek nitis ka waruga mana
> pulang anting ieu aya elmuna di sunda
> ti mimiti elmu ngahyang jeung anu disebut *nitis*, 'nyusup sukma laju
> ngaraga sukma' (lain reinkarnasi-hindu)
> mun teu nepi, disebut marakahyangan/marakayangan lain indit ka kahyangan.
> *mun balik .diburitna moal sia jadi jurig..*.....marakayangan
> *kapapancenan carita nganyam saban jaman?*........carita pulang anting ti
> mandala panta panta ka dunya ieu.
> sabab geus pancenna/katangtuanana kitu....
> eta sakabeh mangrupa ucap mang lengser, hartina mang lengser boga elmu eta!
> asli elmu sunda pituin.
> (jadi lengser teh lain sikabayan, lain tukang bodor, tapi ngaresi,
> panasehat raja)
> pamadengan uin pantun bogor lain sakadar caritasastra make prosa,
> (pantun-prosa buhun).
> eusina ngeunaan palsapah, ageman, tungtunan, pangarti jrrd. nepi ka ubar
> ubar tina dangdaunan,bubuahan..............
> (ngan dibungbuan ku bodor, cawokah jsbna we, ngarah teu bosen, biasa elmu
> 'dakwah'mah kitu lin?)
>
> *sakitu anu wasa ku uin dipedarkeun., hampura teu bisa panjang carita,
> atawa nampi patarosan deui.......*
> saterusna mah..........
> cag  tunda di hanjuang *hyang*, teundeun di haneuleum *hieum*
> paragi nunda, jeung nyokot,........ keur sampeureun jaga!
> SUNDA, SILIWANGI, PADJADJARAN.
> *AYA* DI *EUWEUH* NA,* EUWEUH* DI *AYA* NA
> padjadjaran lain runtag, tapi burak, sabab keur tunda carita
> numbu catur keuna waktu,
> mudu tunggu ka cundukna,
> nyaksian saniskara,
> anu jagana pasti bukti kajadian.......datangna *padjadjaran
> anyarrrrrrrrrrrrrr!*
>
> hn*R3M
>
>
>
>
>
>
>
>
>
> 2011/5/28 Ki Hasan <[email protected]>
>
>>
>>
>> Dina salah sahiji Pantun Bogor, aya deskripsi naon hartina "paeh". Kieu
>> cenah:
>>
>> =====
>>
>> Ceuk Si Lengser: “Deuleu, Rakean ! Ari ngaranna perang teh; mudu maehan
>> samemeh dipaehan !
>> tapi Ulah maehan lamun teu perlu ! jeung ulah poho; papasten teh; hanteu
>> dipastikeun ku seukeutna tungtung tumbak; atawa ku baruang ruruhit panah !
>>
>> tapi, KU TEPUNGNA WAKTU NU TANGTU; NU NANGTUKEUN AYANA AYA; JEUNG
>> NANGTUKEUN AYANA EUWEUH; tapi, DINA PINDAHNA AYA KA EUWEUH; NGAN EUWEUH DINA
>> PANGDEULEU; TAPI TETEP AYA DINA EUWEUH JAMAN.
>>
>> Tah ! Sabab eta, Rakean ! Ulah sia edek keder ! Amun paeh di pangperangan;
>> perang bela ka nagara
>> najan ngaran sia dilaleungitkeun; di buritna moal sia jadi jurig !
>> Sabab sia mah; kapapancenan; nganyam carita saban jaman; numbu catur keuna
>> waktu; mudu tunggu ka cundukna; nyaksian saniskara; anu jagana pasti bukti
>> kajadian !
>>
>> =====
>> Cing sugan aya nu apal, naon cenah maksudna deskripsi di lihur teh?
>>
>> nuhun,
>> -mh-
>>
>>
>  
>

Kirim email ke