Caturkeun di Kurusetra, wengi eta keneh Pasukan Kurawa maju bade ngagempur 
Pihak Pandawa di kemahna; dipimpin ku Resi Drona.neraskeun perang tadi siangna.

Di Pihak Pandawa, harita Arjuna, Bhimasena, Satyaki Dristadjumna sareng 
Pahlawan2 nu sanesna sami karulem tibra; margi kacapean perang tadi siang; 
kantenan ari Arjuna mah.
Atuh para Senapati nu tugur kalintang paciweuh sareng reuwasna lantaran Pasukan 
Kurawa ujug2 ngambreg nepi ka dinya bari marawa obor. Atuh kapaksa Para 
Senapati sareng prajurit Pandawa ngalawan sabisa bisa; nu sempet niup tarompet 
sayaga; terus niup tarompetna.
Nya atuh sapada harita seueur pisan korban ti Pihak Pandawa; da teu siap tea; 
estuning nyerangna Resi Drona katut Pasukanana saperti ngabongohan pisan.

Ieu mah serangan dadakan tea; harita DIUMUMKEUN; harita keneh dilaksanakeun; 
teu pisan aya antarana; atawa mere kasempetan ka musuh supaya siap ! Nya atuh 
Pasukan Pandawa teh kawas didodoho pisan. Kemah2 didurukan; loba prajurit nu 
keur sare tibra; nyaring kageuingkeun ku sora ribut jeung aya seuneu; maranehna 
gigisik bingung; malum nu hudang sare; barang gigisik barang keplas beuheungna 
sapat; atuh maranehna paeh bari teu nyahonaon sababna, saha nu maehanana.

Maha Senapati Pandawa Dristadjumna kaget pisan, barang gugah ti na kulemna; 
nguping sora raribut nu pa ting corowok sareng pating jarerit; bari katingal 
aya seuneu ngabebela; teu kantos gentos busana deui Dristadjumna kaluar bari 
nengteng Gondewa sareng jamparingna.Katingal dipayun Pasukan Kurawa nuju 
ngabinasa Pasukan Pandawa; teu tata pasini deui Dristadjumna mentangkeun 
panah2na nuju ka Pasukan Kurawa. Harita keneh Pasukan Kurawa pating jarerit 
tiwas, keuna ku panah Dristadjumna. 

Pasukan Astina rada malundur ayeuna mah teu ngambreg teuing. Keur kitu kaluar 
Arjuna nu nyandak Gondewa, sareng Bhimasena nu nyepeng gada. Bhima seak wae 
nyerbu ka Pasukan Kurawa, atuh harita keneh puluhan prajurit Kurawa jadi 
korban; ari arjuna mentangkeun panahna; burudul teh ratusan panah; atuh beuki 
loba wae korban ti Pihk Kurawa/Astina teh. Barang ningal Arjuna, berebet wae 
Para pasukan Kurawa teh barirat; lantaran sieun ku Arjuna; nu harita kasohor 
pisan sa Kurusetra.

"mundur batur ! mundur ! aya Arjuna tah ! urang tangtu cilaka ! Hayoh kabur, 
samangsa masih bisa !" Kitu cocorowokanana para Pasukan Astina harita. Pasukan 
astina nu nyerang ayeuna teh nyata Pasukan Pelopor; Pasukan Garis Depan 
tea.maranehna teu nyangka yen Arjuna bakal gampang lilir; da di na pamikir 
maranehna mah masih sarare keneh; cenah; gampang ditelasanana mun keur sare 
tibra mah.

Para Prajurit Astina ayeuna mah kacida sieunna3ningal Arjuna teh; sapert ningal 
malakal maut rek nyabut nyawa. Keur kalabur kitu, jol Wae Resi Drona sareng 
Pasukan utama Kurawa Astina, teras sesentak:"Eh Prajurit ! Kunaon arandika 
kalabur !? aya naon ?!"
Para prajurit laporan:"Ampun paralun Senapati Agung, Bhatara Yama lungsur, 
senapati !"

Drona:"Tong ngaco sampeyan ! Naon maksudna Bhatara Yama turun ?!
Para Prajurit:"Sumuhun dawuh, Maha Senapati, itu Arjuna ngamuk lir Bhatara 
Yama...."
Drona mani keuheuleun pisan terus nyorowok:"Hey Para Prajurit ! Di dieu aya 
Kaula Resi Drona ! Tong gimir ku Arjuna; kula nu bakal nyanghareupanana !"
Para Prajurit:"rampeesss............rampeeesss!

Tapi teu acan ge Drona sareng pasukannana nyerang, dibeulah tukang para 
prajurit loba nu ting jarerit; teras tiwas; tapi teu terang saha nu 
ngalantarankeunana; aya oge nu siga seuseurian tapi seuri nu nyeri tea; siga 
aya nu ngeletek; saterusna letahna ngelel tanda dicekek! Aya oge nu aduh2an 
ceulina nyeri pisan, barang ngalieuk teu kaciri sasahana; akhirna beletuk 
sirahna ditinggang nepi ka moncrot polona. Tapi teu katingal saha musuhna.

Drona sareng Pasukan nu dipayun pada karaget ningal kajadian anu tumiba ka para 
pasuka di garis tukang' lajeng wae Drona mapatkeun ajian; ayeuna mah katingal 
Butha nu ngajungkiring tanding pasir, teu salah deui si Gatotkacha, anak Bhima; 
keur mimpin Pasukan Pasukan Pringgandhani nu kantun ngaratus. Enggalna bae 
Drona mentangkeun jamparing hiji jadi saratus tea; tapi Gatotkacha tos luncat 
kaluhur nyalindungan para prajuritna; atuh eta panah nu ngaratus teh ditakisan 
ku Gatotkacha sareng seueur nu ngeunaan Gatotkacha tapi clak clik teu aya 
dayana; ayeuna malah sanggeus luncat Gatotkacha meubeutkeun maneh ka Para 
Pasukan Kurawa; nepi harita keneh ratusan parajurit teu nyawaan mani garepeng; 
katindihan Gatotkacha nu ngajungkiring !

"Ho ho ho ! Eh Resi Drona; wani2 sampeyan perang licik ngadodoho Pasukan 
Pandawa; ayeuna ku Kaula sampeyan didodoho sok lawanan Kaula ieu Gatotkacha; 
diperenen sakabehna ku Kaula !"

Drona enggal masihan parentah mundur; bari anjeunna miheulaan di na karetana 
kabuur ngantunkeun palagan; tos teu nolih deui Pasukanana salamet atawa 
henteu:"Eh mundur ! Mundur ! ayo mundur !"

Pasukan Kurawa/astina enggalna tos ngantunkeun perkemahan Pandawa. Tapi 
Gatoskacha teras wae nguber eta para pasukan; sajajalan atuh rebuan korban 
tiwas ku Gatotkacha sareng Pasukanana.

HANCA
 

Kirim email ke