Ari ceuk panempo uing mah, babasan "lamun keyeng tangtu pareng", kitu deui "manuk hirup ku jangjangna, jalma hirup ku akalna", geus "self explanation" mun ceuk urang Garut mah. Kulantaran kitu bisa disedek-sedek digedengkeun jeung widang naon wae. Boh widang sosial ekonomi, pendidikan, karir, jeung sajabana.
Urang cobaan ngarang nyedek-nyedek eta babasan dikawinkeun jeung urusan sosial ekonomi. Meureun jiga kieu nya: Kang II boga cita-cita hayang jadi pengusaha Restoran Sunda nu make konsep jiga KFC. Keur ngahontal eta ka hayang, Kang II terus nyieun rencana nu pasti, naon target nu kudu dihontal tiap taunna. Bisa jadi rupa-rupa tarekah dilakonan, ti mimiti milu kursus di NHI neuleuman urusan teknologi dahareun. Milu kursus di UNPAD keur neuleuman urusan manajemen warung kejo. Teu poho, neangan wanoja nu geulis, anak tunggal pengusaha sukses, ngarah gampang neangan modal keur modal awal usaha. Tah sagala rupa tarekah nu dilakokan ku Kang II teh, nuduhkeun yen Kang II kayeng kana pamaksudan nu diucita-citakeun. Tangtu mun jiga kitu bakal pareng jadi pengusaha Restoran Sunda teh. Hehehe. -mh- 2011/6/15 oman abdurahman <[email protected]> > > > Jadi bahan skripsi atuh patarosan teh nya? hehehe. Dina lebah dieu, eta > pasoalan anu tilu ngantet silih pakait (pamali jeung 2 babasan anu > ditanyakeun). Dimimitian ku pamali. Naon anu dipamalikeun kudu diteuleuman > jero-jerona, rahasiah2na atawa hikmah2na. Laju ditarjamahkeun ku tafsir > kiwari. Lengkah kahiji lebah dieu, ceuk panoong si kuring, nya kudu nyortir > atawa milah-milah pamali naon wae anu layeut pakuat-pakaitna jeung ekonomi. > Saterusna, nya mesek eta pamali naon wae rusiah anu dikandung ku eta pamali. > Tulisan Mh anu diposting ulang ku si kuring bisa jadi pamiangan. > > Saterusna, nya mesek babasan "lamun keyeng tangtu pareng". Ieu pakait jeung > tekad, proaktivitas jeung kasempetan. Coba guliksek titinggal budaya Sunda > migunakeun pigura (frame) eta anu 3 (tekad nu gilig, proaktivitas, jeung > kasempetan). Saterusna, nya ngalengkah kana babasan anu kadua, "manuk hiber > ku jangjangna, jelema hiup ku akalna". Nepi kamana budaya Sunda ngahargaan > kana akal kudu kaguar. Saterusna, kaitkeun oge jeung etos kerja urang > Sunda...bandingkeun anu baheula jeung kiwari, teangan kalemahanana jeung > sabab musababna, laju ringkelkeun usulan pikeun ngomeanana. > > Hehehe, hampura nya, tinimbang mere jawaban model contekan, si kuring > kalahka nyodorkeun "pasoalan" oge. Tapi, Insya Alloh, lamun dileukeunan anu > disodorkeun ku si kuring asana mah geus ngarupakeun bagian tina rarangkay > atawa outline tulisan/panalungtikan. > > salam, > manar > > 2011/6/15 Ii Sumirat <[email protected]> > >> >> >> Patarosanana didukdekeun jeung konsep ekonomi, jadi kumaha tah ?, ieu >> mah sikuring tos maca, da noongan milis ampir ungal poe asup gawe. >> >> Ke diteruskeun ku sikuring ka manehna. >> >> >> >> Nuhun >> >> >> >> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On >> Behalf Of *oman abdurahman >> *Sent:* Wednesday, June 15, 2011 8:22 AM >> *To:* [email protected] >> *Subject:* Fwd: [kisunda] Pamali jeung Sanget? >> >> >> >> >> >> Kang Ii, mangga ngeunaan pamali, kenging milarian tina arsip file milist >> kisunda. Cara milarianana gampil, kantun gunakeun wae fasilitas search mail >> dina mailbox salira, kecap konci ku kecap anu rek dipilarian (upamana: >> "pamali"). >> >> Jejer ngeunaan pamali kungsi diguar, diantarana postingan Mh dihandap ieu. >> >> manar >> >
