Salam,
Mungkin ieu masalah tina istilah wae kang... Semu sareng nyata...lamun Istilah 
nyata nyaeta meureun nyata ayana tos diselidiki dina satelit jeung dibuktikeun 
ku ilmiah, istilah semu meureun maksadna saakan akan matahari muter ngurilingan 
bumi semu ditingali dina sudut  pandang mata jelema anu nangtung di bumi, tapi 
ari kanyataanana teu kitu.

jadi semu jeung nyata lain sudut pandang urang anu nangtung di bumi, tapi sudut 
pandang pembuktian ku eksperimen atawa satelit atawa ku perhitungan anu 
nunjukkeun kanyataanana kitu...
nya leres ari sudut pandang jalmi anu nangtung di bumi mah meureun kabalik 
istilahna, Nyata jeung semu, hehe...anu nyata katingal matahari teh bergerak 
ngurilingan bumi...

hukum GELO jeung heunteu na jaman baheula lamun ku kuring maca mah sanes 
istilah 
sudut pandang jalmi anu nangtung di bumi, tapi sudut pandang kanyataan 
eksperimental, jadi kaum gereja jeung kaum cendekiawan, dua2na nyumpahan yen 
kanyataanana di dunia teh kitu (menurut pendapatna masing2), jadi sanes sudut 
pandang jelema anu cicing di bumi, kadua belah pihak ngabuktikeun ku sudut 
pandang menuerut kanyataan, dibuktikeun ku ngarujukna kaum gereja kana kitab 
sucina, ari kaum cendikiawan ku eksperimental jeung perhitungan (jadi dua2na 
hayang ngabuktikan anu NYATA sanes istilah anu SEMU =menurut mata telanjang anu 
nangtung di bumi).. ku kituna ditambihan ku kitab sucina yen kaum cendekiawan 
teh gelo jeung kafir atawa murtad...

kitu meureun kang

wassalam





________________________________
From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sun, June 19, 2011 10:11:26 PM
Subject: gerak nyata jeung gerak semu ...Re: [kisunda] Re: Astronomi - Samagaha 
Bulan "Tok", 16 Juni 2011

  
=========
> Gerak harian bulan dan matahari, terbit di Timur dan terbenam di Barat,
> hanya merupakan gerak semu. Karena sesungguhnya bumilah yang bergerak. Bumi
> berputar pada porosnya sekali dalam sehari sehingga siang dan malam silih
> berganti dan benda-benda langit pun tampak terbit dan terbenam, seperti
> hanya bulan dan matahari.

===========
Sakadar nambihan komentar. Perkawis "gerak semu" sareng "gerak nyata".
Upami numutkeun rarasaan mah anu gerak teh sidik matahari anu "naek" kaluhur 
terus "turun" kahandap,
Sidik karasa pisan taneuh-bumi anu ditincakan jeung dijejekan ku urang-urang 
mah 
cicing, gerak atanapi oyag 

teh lamun karasa aya gempa. Lamun nyaan bumi teh muter dina porosna, atuh lamun 
urang ngajleng ka luhur (kusabab cenah bumi muter dina porosna) atuh lamun 
turun 
deui kahandap urang moal ragrag di tempat dimana urang ngajleng(da bumi na geus 
ngageser) Naha atuh bet balik deui ka tempat urang ngajleng kaluhur, atuh wadul 
bumi muter (maju) dina porosna teh. Terus lamun "semu" sabalikna tina "nyata", 
atuh anu nyata teh matahari atanapi bulan anu gerak, bumi anu cicing.

Nerangkeun yen bumi muter dina porosna anu kecepatanana langkung ti kecepatan 
pesawat terbang rada lieur
saumpama diterangkeun ka jelema anu teu maca teori fisika dasar.
Teu aneh lamun baheula saencana can kapanggih hukum Newtown sareng gaya 
Gravitasi, jelema anu boga pamikiran
bumi muteran matahari disebut jelema sesat atanapi nugelo. :) Kumaha teu 
disebut 
"nugelo", puguh bumi anu
dijejek anu ditincakan teh cicing ngajedog, ceuk saha gerak Iroh. he.he.he...

Baktos.
mz

 

Kirim email ke