ٍsalam, 
sae kang.... nambihan wungkul, leres ari jalmi diluhur di pesawat misalna teu 
ningali bumi teh muter, lamun ditingali dina perhitungan perbandinganana, atawa 
penglihatan nisbina, disebabkeun ku volume bumi dibandingkeun ku penglihatan 
urang. jadi soca urang ningali dina jarak pesawat yen bumi teh ageung , tang ku 
gedena bumi jadi katingalina bumi teh teu bergerak, padahal mah eta teh 
bergerak, sapertos kieu:
Lamun gede na bola ngan saukur 30 cm (garis tengahna) , teras diputer ku 
kecepatan misalna 10cm/ detik bakal katingali jelas muterna eta bola teh 
kulantaran jarak tempuh 10 cm dina hiji detik kajangkau ku soca,
eta jarak tempuh bola lamun ceuk si kuman ( binatang paling leutik) oge moal 
katingali gerakna ... hehe

 tah beda deui lamun misalnya jarak tempuhna jiga bumi anu ribuan kilo , 
katingalina teu bergerak padahalma bergerak, tah beda deui lamun urang leuwih 
luhur misalna ka bulan atawa leuwih jauh ti bulan , bakal katingali 
pergerakanana walaupun saeutik kulantaran jarak mata urang bisa ningali jarak 
tempuh puter bumi anu beuki leutik katingalina ti jauh.

bukti kadua, perhitungan astronomi , jeung perpindahan musim lamun revolusi, 
lamun rotasi ku perpindahan poe

tah pembuktian ieu dina sudut pandang perhitungan astronomi
perhitungan ilmiah ieu nunjukkeun kanyataan ayana di Alam, janten sanes 
penglihatan semu deui

katilu, lamun bumi teu muter boh dina porosna atawa ngurilingan mataharina, 
bumi 
bakal lumpat dina lintasanana, jeung bakal tubrukan jeung nu lainna, bahkan 
bisa 
jadi katarik ku gaya mataharina, bakal tubrukan jeung matahari, ku kituna si 
bumi kudu muter, ngan ajaibna ieu ciptaan Gusti Allah yen kecepatan putaran 
bumi 
dina lintasanana bisa nyaimbangkeun gaya tarik matahari jeung gaya lepasna... 
lamun cicing bumina, langsung we katarik atawa kaaclengkeun ka dunia laenana.

tapi dina alquran oge sebenarnamah disebatkeun yen setiap benda di angkasa 
bergerak dina lintasanana

tah perhitungan ilmiah eta membuktikeun kanyataan anu aya di alam

tapi di lain hal, urang bisa ngajadikeun bumi sebagai pusat alam semesta, tanpa 
menghilangkan perputaran rotasi atawa revolusi (ku perhitungan nyata), tapi 
urang bisa ngajadikeun bumi jadi pusat ku cara SEMU, jadi saakan2 bintang jeung 
planet anu bergerak, ieu bisa diukur ku komputer (ngan rada pajeulit), tah dina 
elmu perbintangan jaman kuno.... perhitungan semu ieu bisa dipake kanggo 
ningali 
perbintangan jeung penentuan musim... tapi ieu mah ngan saukur perhitungan 
semu, 
artina DIANGGAP bumi jadi pusat.

tah perdebatan kaum gereja jeung cendekiawan sanes mendebatkan penglihatan 
semu, 
tapi mendebatkan hakikat (kanyataan bergerakna) buktina, jadi mereka hayang 
ngabuktikeun hakikatna kumaha?, si kaum gereja mawa kitab injil, si kaum 
cendekiawan mawa pembuktian perhitungan


wassalam





________________________________
From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, June 20, 2011 8:16:17 PM
Subject: Re: gerak nyata jeung gerak semu ...Re: [kisunda] Re: Astronomi - 
Samagaha Bulan "Tok", 16 Juni 2011

  
Naha anu cicing di luhur bumi teu ngarasakeun bumi muter(bergerak) ?
Ieu aya hubunganna sareng pengamat sareng sudut pandang (frame of refference). 
Kusabab bumi bergerak beraturan dengan kecepatan anu tetap, teu aya percepatan 
kitu oge perlambatan. 

Tiasa diumpamakeun upami urang (pengamat) naek kareta api (anu jandelana 
ditutup 
kabeh) anu bergerak tetap teu aya percepatan sareng perlambatan, teras 
jandelana 
dibuka, upami
ningali ka sisi kenca jeung sisi katuhu tina jandela, si pengamat moal tiasa 
nangtukeun mana anu bergerak. Naha pamandangan di sisi katuhu jeung kenca anu 
gerak atanapi anjeuna.

On Mon, 20 Jun 2011 02:37 ICT Mohammad zen wrote:

>Salam,
>Mungkin ieu masalah tina istilah wae kang... Semu sareng nyata...lamun Istilah 
>nyata nyaeta meureun nyata ayana tos diselidiki dina satelit jeung dibuktikeun 
>ku ilmiah, istilah semu meureun maksadna saakan akan matahari muter 
>ngurilingan 

>bumi semu ditingali dina sudut  pandang mata jelema anu nangtung di bumi, tapi 
>ari kanyataanana teu kitu.
>
>jadi semu jeung nyata lain sudut pandang urang anu nangtung di bumi, tapi 
>sudut 

>pandang pembuktian ku eksperimen atawa satelit atawa ku perhitungan anu 
>nunjukkeun kanyataanana kitu...
>nya leres ari sudut pandang jalmi anu nangtung di bumi mah meureun kabalik 
>istilahna, Nyata jeung semu, hehe...anu nyata katingal matahari teh bergerak 
>ngurilingan bumi...
>
>hukum GELO jeung heunteu na jaman baheula lamun ku kuring maca mah sanes 
>istilah 
>
>sudut pandang jalmi anu nangtung di bumi, tapi sudut pandang kanyataan 
>eksperimental, jadi kaum gereja jeung kaum cendekiawan, dua2na nyumpahan yen 
>kanyataanana di dunia teh kitu (menurut pendapatna masing2), jadi sanes sudut 
>pandang jelema anu cicing di bumi, kadua belah pihak ngabuktikeun ku sudut 
>pandang menuerut kanyataan, dibuktikeun ku ngarujukna kaum gereja kana kitab 
>sucina, ari kaum cendikiawan ku eksperimental jeung perhitungan (jadi dua2na 
>hayang ngabuktikan anu NYATA sanes istilah anu SEMU =menurut mata telanjang 
>anu 

>nangtung di bumi).. ku kituna ditambihan ku kitab sucina yen kaum cendekiawan 
>teh gelo jeung kafir atawa murtad...
>
>kitu meureun kang
>
>wassalam
>
>
>
>
>
>________________________________
>From: Gus Maman <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Sun, June 19, 2011 10:11:26 PM
>Subject: gerak nyata jeung gerak semu ...Re: [kisunda] Re: Astronomi - 
>Samagaha 

>Bulan "Tok", 16 Juni 2011
>
> 
>=========
>> Gerak harian bulan dan matahari, terbit di Timur dan terbenam di Barat,
>> hanya merupakan gerak semu. Karena sesungguhnya bumilah yang bergerak. Bumi
>> berputar pada porosnya sekali dalam sehari sehingga siang dan malam silih
>> berganti dan benda-benda langit pun tampak terbit dan terbenam, seperti
>> hanya bulan dan matahari.
>
>===========
>Sakadar nambihan komentar. Perkawis "gerak semu" sareng "gerak nyata".
>Upami numutkeun rarasaan mah anu gerak teh sidik matahari anu "naek" kaluhur 
>terus "turun" kahandap,
>Sidik karasa pisan taneuh-bumi anu ditincakan jeung dijejekan ku urang-urang 
>mah 
>
>cicing, gerak atanapi oyag 
>
>teh lamun karasa aya gempa. Lamun nyaan bumi teh muter dina porosna, atuh 
>lamun 

>urang ngajleng ka luhur (kusabab cenah bumi muter dina porosna) atuh lamun 
>turun 
>
>deui kahandap urang moal ragrag di tempat dimana urang ngajleng(da bumi na 
>geus 

>ngageser) Naha atuh bet balik deui ka tempat urang ngajleng kaluhur, atuh 
>wadul 

>bumi muter (maju) dina porosna teh. Terus lamun "semu" sabalikna tina "nyata", 
>atuh anu nyata teh matahari atanapi bulan anu gerak, bumi anu cicing.
>
>Nerangkeun yen bumi muter dina porosna anu kecepatanana langkung ti kecepatan 
>pesawat terbang rada lieur
>saumpama diterangkeun ka jelema anu teu maca teori fisika dasar.
>Teu aneh lamun baheula saencana can kapanggih hukum Newtown sareng gaya 
>Gravitasi, jelema anu boga pamikiran
>bumi muteran matahari disebut jelema sesat atanapi nugelo. :) Kumaha teu 
>disebut 
>
>"nugelo", puguh bumi anu
>dijejek anu ditincakan teh cicing ngajedog, ceuk saha gerak Iroh. he.he.he...
>
>Baktos.
>mz
>
> 

 

Kirim email ke