Eta senjata nu bahaya Bramasytra ibarat bom nuklir kitu bah ?

 

From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
Abbas Amin
Sent: Saturday, June 18, 2011 12:01 PM
To: kisunda; urangsunda
Cc: narayana; Nurkadi; Ii Sumirat
Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 56

 

  


Arjuna sasauran dui :" ateuna urang nyaho ka na kalemahan Guru; tapi kumaha
carana supaya Guru palay ngeureunan Perang ? Pan bangga tah !?"

Kresna :"Enya hese alias bangga ! Tapi ku urang kudu dicoba ! Da mun henteu
mah Pandawa tumpes !"

Arjuna :" Kumaha atuh carana ?"

Kresna :" Drona teh saenyana ti baheula keneh boga Hiji panyakit nu teu bisa
diubaranana ( JIWA ) nepi ka Drona sering hayang mati ! Tapi aya kabeurat;
nyaeta Putrana Aswatamma ! Mun eta masih aya, Drona satekah polah masih
hayang hirup keneh; tapi mun eta tos teu aya, euweuh kasenangan deui keur
manehna hirup di dunya ! Drona bakal siap paeh !"

Dananjaya :" Enya ayeuna jadi leuwih jelas, tapi kuma carana supaya
Aswatamma tiwas ? Kapan teu gampang tah ? Kapan Aswatamma ge jago pilih
tanding nu teu bisa dianggap enteng ! Jeungna deui kumaha mun Guru engke
neangan nu nelasan aswatamma ? Saha nu bisa ngalawan ?!"

Kresna :" Moal. moal nepi ka kitu; Drona bakal mikir asa ka teu teu ari
males pati, lantaran moal ngahirupkeun Aswatamma !"

Permadi :" Enya oge alus kituna mah , tapi keukeuh kumaha carana nelasan
Aswatamma !? Lain perkara gampang ! Komo bari dijaraga ku Pahlawan sejenna
jeung rebuan prajurit !? Wah hese Kresna hese !"

Kresna :" Enya Kula ge ngarti ! Tapi keukeuh Aswatamma KUDU dibewarakeun
mati ka Drona !"

Partha :" Naon !? Kudu diwartakeun tiwas ? Hartina .....!????"

Kresna :" Enya bobodo we lah Resi Drona teh ! Mun teu kitu ancur urang !"

Arjuna :" Naon !!!!???   Kudu ngabobodo Guru !? Ke heula Kresna ! Kula pasti
moal satuju, jeung moal dfaek pipilueun ngabobodo GURU ! Ih Baid pisan !
Kaula kajeun eleh perang ti batan meunang ku ngabobodo mah ! Komo iru mah ka
Guru !"

Rame pacental cenrtal antara Kresna sareng Arjuna ! Teu pisan nu asor salah
sahiji ! Antukna Kresna enggal mecut kudana ngantunkeun Partha, nu olohok
teu ngarti ka na polahna Kresna .

Kresna enggal gesat gesut ka tengah medan deui nyampeurkeun Yudhistira;
nyarioskeun bahayana upami Resi Drona ngaluarkeun senjata Bramasytra; dimana
upami kapepet teu yasa ngawonkeun Arjuna senjata eta bakal dipake ! bahayana
teu tiasa dicaritakeun deui ku bahaya2na; teras nerangkeun yen Arjuna teu
kersaeun ngabobodo Resi Drona.
Yudhistira mutuskeun anjeunna nyalira nu bade ngabobodo Drona !

CATETAN :  SEUEUR PANGARANG DI NA IEU PERANG BINGUNG TEU TERANG ALESANANA
NAHA KRESNA BET JADI AYA DI GIGIREUN YIDHISTIRA ! kAPAN KUSIR ARJUNA !? TAH
DI NA SERATAN MAH ESTU ECES NARATAS SABAB2NA !
hE HE HE HE ( SANES 33X ) IEU HEBATNA ABBAS AMIEN !!!!! MUJI MANEH !

HANCA



<<image001.jpg>>

<<image002.jpg>>

Kirim email ke