Punten ngiringan komentar... kanggo baraya anu sok rajeun nongton TV saluran "History" sering pisan dibahas ku para ilmuwan di bidangna... Kanggo para elmuwan kagungan hipotesa, yen baheula ning baheula mahluk antariksa (Aliens) parantos ngajorag ka bumi (Earth). Tah buktosna cenah di antawisna dipintonkeun dina lalakon Bharatayuda, aya pirang-pirang senjata "canggih" paparin ti para "Dewa" anu ditafsirkeun sumpingna ti Sawargaloka (langit). Alesan maranehna cenah asa teu kahontal ku akal dina jaman manusa primitif tos tiasa ngagambarkeun hal-hal anu kacida majuna sapertos kiwari nyata sabangsaning, bisa hiber, sanjata laser, nuklir/bom atom sareng sajabana. Tapi kanggo sapalihna anu percanten kana "Uga" sareng "De Ja Vu", eta dongeng teh ciri yen bujangga kapungkur anu ngarangna tos tiasa nganjang ka pageto cenah... alias ngaramalna tepat. Da ayeuna kabuktosan, peperangan antar bangsa mintonkeun senjata canggih sapertos dina dongeng tea. Mana kinten-kinten anu kahartos, naha hipotesa para ilmuwan atanapi bujangga anu wacis? Lajengkeun....
--- On Mon, 6/20/11, Abbas <[email protected]> wrote: From: Abbas <[email protected]> Subject: [kisunda] Re: Bharata Yudha ka 56 To: [email protected] Date: Monday, June 20, 2011, 10:22 AM sUMUHUN pamhinten ; da ti saprak perang Bharata Yudha dugi ka akirna teu kapake tah ! Hahahahaha ! --- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote: > > Eta senjata nu bahaya Bramasytra ibarat bom nuklir kitu bah ? > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Abbas Amin > Sent: Saturday, June 18, 2011 12:01 PM > To: kisunda; urangsunda > Cc: narayana; Nurkadi; Ii Sumirat > Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka 56 > > > > > > > Arjuna sasauran dui :" ateuna urang nyaho ka na kalemahan Guru; tapi kumaha > carana supaya Guru palay ngeureunan Perang ? Pan bangga tah !?" > > Kresna :"Enya hese alias bangga ! Tapi ku urang kudu dicoba ! Da mun henteu > mah Pandawa tumpes !" > > Arjuna :" Kumaha atuh carana ?" > > Kresna :" Drona teh saenyana ti baheula keneh boga Hiji panyakit nu teu bisa > diubaranana ( JIWA ) nepi ka Drona sering hayang mati ! Tapi aya kabeurat; > nyaeta Putrana Aswatamma ! Mun eta masih aya, Drona satekah polah masih > hayang hirup keneh; tapi mun eta tos teu aya, euweuh kasenangan deui keur > manehna hirup di dunya ! Drona bakal siap paeh !" > > Dananjaya :" Enya ayeuna jadi leuwih jelas, tapi kuma carana supaya > Aswatamma tiwas ? Kapan teu gampang tah ? Kapan Aswatamma ge jago pilih > tanding nu teu bisa dianggap enteng ! Jeungna deui kumaha mun Guru engke > neangan nu nelasan aswatamma ? Saha nu bisa ngalawan ?!" > > Kresna :" Moal. moal nepi ka kitu; Drona bakal mikir asa ka teu teu ari > males pati, lantaran moal ngahirupkeun Aswatamma !" > > Permadi :" Enya oge alus kituna mah , tapi keukeuh kumaha carana nelasan > Aswatamma !? Lain perkara gampang ! Komo bari dijaraga ku Pahlawan sejenna > jeung rebuan prajurit !? Wah hese Kresna hese !" > > Kresna :" Enya Kula ge ngarti ! Tapi keukeuh Aswatamma KUDU dibewarakeun > mati ka Drona !" > > Partha :" Naon !? Kudu diwartakeun tiwas ? Hartina .....!????" > > Kresna :" Enya bobodo we lah Resi Drona teh ! Mun teu kitu ancur urang !" > > Arjuna :" Naon !!!!??? Kudu ngabobodo Guru !? Ke heula Kresna ! Kula pasti > moal satuju, jeung moal dfaek pipilueun ngabobodo GURU ! Ih Baid pisan ! > Kaula kajeun eleh perang ti batan meunang ku ngabobodo mah ! Komo iru mah ka > Guru !" > > Rame pacental cenrtal antara Kresna sareng Arjuna ! Teu pisan nu asor salah > sahiji ! Antukna Kresna enggal mecut kudana ngantunkeun Partha, nu olohok > teu ngarti ka na polahna Kresna . > > Kresna enggal gesat gesut ka tengah medan deui nyampeurkeun Yudhistira; > nyarioskeun bahayana upami Resi Drona ngaluarkeun senjata Bramasytra; dimana > upami kapepet teu yasa ngawonkeun Arjuna senjata eta bakal dipake ! bahayana > teu tiasa dicaritakeun deui ku bahaya2na; teras nerangkeun yen Arjuna teu > kersaeun ngabobodo Resi Drona. > Yudhistira mutuskeun anjeunna nyalira nu bade ngabobodo Drona ! > > CATETAN : SEUEUR PANGARANG DI NA IEU PERANG BINGUNG TEU TERANG ALESANANA > NAHA KRESNA BET JADI AYA DI GIGIREUN YIDHISTIRA ! kAPAN KUSIR ARJUNA !? TAH > DI NA SERATAN MAH ESTU ECES NARATAS SABAB2NA ! > hE HE HE HE ( SANES 33X ) IEU HEBATNA ABBAS AMIEN !!!!! MUJI MANEH ! > > HANCA >
