Barang sirah Drona sapat; Dristadjumna nu ngalakukeun eta teu ngaraos puas 
teras wae eta sirah Resi Drona ditalapung ; ragrag payuneun nu nuju leumpang 
tikatebihan; nyata Arjuna !

Jaya Bang Winga2 ! Amarahna Dananjaya tos teu tiasa katahan deui , barang 
ningal mastaka nu ditalapung teh guruna nu dipusti pusti pisan; enggal wae muru 
katempat kareta Drona; ningal Drestadjimna nuju nincakan jasmani Resi Drona 
bari nyarekanan laklak dasar; harita keneh Dristadjumna ditongtak ti na kareta 
Drona; dibanting sakali. Dugi ka tigogolenceng; barang gugah bari reuwas; 
katingal Arjuna nu nuju mentang jamparing bari nangtang :"Eh Dristadjumna mun 
anjeun lalaki sok geura lawan ieu Kaula Dananjaya murid Resi Drona ! Sok 
diapkeun pakean perang anjeun ! Ayeuna keneh urang silih panah jeung diri Kula 
murid Guru Drona !"

Dristadjumna sajongjonan mah ngayekyek ku sabab reuwas jeung rada gimir; 
anjeunna sadar tosngalakukeun kalepatan nu ageung pisan, nya eta nghina basa 
Resi Drona nu teu ngalawan sama sakali ! anjeunna akhirna pasrah :" Arjuna, 
memang Kaula salah, pek we Kul PnH KU sampeyan Kula hamo ngalawan ! Kaula teu 
nyahokumaha ujug2 napsu ngagugudug hayang nelasan musuh Kaula !"

Barang ningal kajadian nu nuju bahaya kitu; Kresna, Yudhistira sareng Bhimasena 
enggal datyang ngahalang halang maksad Arjuna.

Kresna enggal ngandika :"Eh yayi kipe ! Emut Sumpahna Bambang Ekalaya ! Tah ieu 
kajadian teh sumpahna Ekalaya nu sumurup ka na sukma Dristadjumna ........"

Teu acan ge tamat Kresna sasauran Arjuna nyentak :"Cicing Kresna ! Sampeyan teu 
kudu pipilueun ! ieu urusan Kaula jeung Dristadjumna ! Manehna geus wani2 
ngahina ka Guru Drona !"

Yudhistiraenggal ngalahir aris :" Yayi...........  Yayi Arjuna, emut ieu teh 
saha ? sareng urang teh nuju perang ..............."

Teu acan tamat Samyaji ngalahirna, Arjuna motong bari rada nyereng:" Kakang 
Yudhistira......... naha kakang ngantep waktu Guru dihina basa ku ieu 
Dristadjumna !?"

Bhima ngiring nyarios :" Hemmmmm ................. Jenet............ mun 
sampeyan teu tarima tah panah we Kula yeuh Bhimasena ! Lantaran nya ku 
Kulapisan Resi Drona dibobodo !
Sakalian wae Darmaputra, Nakula Sadewa pek panahan ku sampean ! Jewneeet ! Ulah 
kapalang !"

Leng   leeeng  ramyaningkang sasangka kumenyar................... Arjuna teu 
yasa sasauran............... ku baluweng baluwengna, Arjuna teu karaos 
gondewana ragrag; teras kapiuhan; atuh enggal wae digarotong ka kemahna.

Atuh Pandawa opat repot mirosea Arjuna; kitu deui Sri Kresna; Dristadjumna bari 
lesu sareng teu aya sumanget teras ka kemahna ngaleos bari tungkul; lantaran 
ngaraosisin sareng hanjakal kabina bina.

Caturkeun Aswatamma barang nguping Ramana Resi Drona tiwas, bari direka yasa 
enggalna wae miwarang kusirna mawa karetana ka tengah medan peuting eta keneh,

Teras Aswatama ngamuk ka Pasukan Pandawa; teu aya nu mangga pulia sadayana 
tiwas ku Aswatamma nu wantun ngahalang halang mah. Atuh seueur pisan Pahlawan 
nu kalabur; Satyaki nu tatu ku Resi Drona enggal maju ngalawanan; tapi ampir we 
Satyaki lastari lantaran aswatamma enya2 ngamukna. Untung ditulungan ku 
Srikandhi ! Tapi ieu oge ngadon nambahan tatu saparantos taratu ku Drona !

Sa Kurusetra ribut lantaran pangamuk Aswatamma; ka kuping ku Bhimasena nu nuju 
nungguan Arjuna sadar; enggal bae kaluar nyandak gada; katingal Pasukan Pandawa 
bubar katawuran ku pangamuk Aswatamma; enggal wae Bhima maju bari muter2 gadana 
Asoka kusirna diparentah ngabereg Aswatamma !

Atuh Bhioma saharita keneh pinuh ku panah Aswatamma; tapi teu diraos ieuh ; 
terus we marentah kusirnya ngadeukeutan Aswatamma ! aswatamma kaget ningal 
kakiatan Bhima; teu rengrot2 sakitu dipanahan teh; akhirna panahna bubuk 
dibabauk ku gada Bhima nuju olohok pisan ! Untung masih bisa ngagiwar; akhirna 
purat perot marentah ka kusirna ngaburkeun kudana ! Ger wae atuh pada 
nyarurakan ! Boh ku Pasukan Pandawa boh oge sabagean ti pihak Astina nu teu 
pati resepeun ka Aswatamma.

HANCA

Kirim email ke