أَفَحُكْمَ الْجَاهِلِيَّةِ يَبْغُونَ وَمَنْ أَحْسَنُ مِنَ اللّهِ حُكْماً لِّقَوْمٍ يُوقِنُونَ [5:50] Apakah hukum Jahiliyah yang mereka kehendaki, dan (hukum) siapakah yang lebih baik daripada (hukum) Allah bagi orang-orang yang yakin ? ========== Asa jadi beda pisan maknana lamun anu mere tanda kurungna siga kieu:
"Apakah hukum Jahiliyah (Arab) yang mereka kehendaki, dan siapakah yang lebih baik daripada Allah bagi orang-orang yang yakin ? " Ayat Al-Maidah 50 ieu anu jadi bibit munculna "syariat Islam" mangrupakeun "harga-mati" pikeun gerakan-gerakan anu keukeuh peuteukeuh hayang ngadirikeun nagara Islam. Keukeuh hayang nerapkeun hukum potong leungeun keur maling, potong beuheung keur anu nyebabkeun paeh hiji jelema, jeung rajam keur nu zinah. Loba anu nerjemahkeun yen Hukum Jahiliah teh hukum anu dijieun ku manusa, padahal ceuk kuring mah hukum jahiliah nyaeta hukum anu teu mempertimbangkeun KEADILAN jeung KAMANUSAAN. Hukum Qishos : "nyawa bayar nyawa", ku urang Arab ayeuna masih diterapkeun saujratna. TKW ngabela diri kusabab diperlakukeun biadab ku urang Arab teu dipake pertimbangan hukum. Jahiliah = bodo katotoloyo. Punten.
