"Para Hadirin sadayana, " Karna ngawitan biantarana. "Ayeuna Kaula dipercaya 
jadi Maha Senapati pikeun mimpin Balatentara Kurawa keur merangan Pihak 
Pandawa. Kaula narima ieu tanggung jawab, jeung bakal dilaksanakeun nepi ka 
Pandawa tumpes .........!" Karna liren heula biantarana, mere waktu keur nu 
sarurak.

"Memang Pahlawan2 Pandawa kaasup  jarago oge, utamana Arjuna jeung si Bhima, 
tapi saenyana mah kabeh ge euweuh naonana ............. Buktina ku Drona 
sorangan kapan bubar katawuran tah Pasukan Pandawa teh ! Nepi ka nyieun pokal 
aswatama lastari !" Di dieu ger deui rame nu susurakan bari komentar nyarekanan 
pihak Pandawa ! utamana Sri Kresna.

"Kula kamari teu  milu perang, lantaran Kula sedih senjata Kula dipakena ka 
budak leutik lain ka si Arjuna ! Sigana mah ngahaja
 tah Pihak Pandawa ngajukeun Gatotkacga teh mancing Kula ngaluarkeun senjata 
Kunta ! Licik deui wae tah pihak Pandawa teh !" Ger deui nu nyararekan Pandawa 
sareng Sri Kresna.

"Ayeuna Kaula bakal ngaluarkeun parentah kahiji. nya eta peperangan balik deui 
ka asal, nepi ka Panonpoe surup. Sanggeus panonpoe surup teu meunang aya nu 
perang deui. Jung geura umumkeun ka Pihak Pandawa !"

"Saenyana................" Karna neraskeun biantarana, :"Arjuna teu hebat2 
teuing lah ! Naon sababna jiga hebat pisan ? Eta teh lantaran KUSIR karetana 
jempolan nya eta si KRESNA tea ! Mun Kula aya kusir nu nandingan mah ka si 
Kresna tinangtu gampang wae nyabut nyawa Arjuna teh ! Kula geus boga implengan, 
tapi naha daekeun jadi kusir Kaula ? Tah eta nu rada beurat teh !?"

Sutudhana ngacung teras sasauran bari rada tarik :"Sok atuh sebutkeun lah ! 
Tong boro hiji kusir sarebu kusir moal teu diusahakeun ku Kaula !"

Karna ngawaleran :"Prabu Anpm
 Duryodhana, ieu teh gampang2 susah ! Mun sadrah jalmana, tangtu gampang, tapi 
mun henteu mah tinangtu bakal jadi masalah!"

Suyudhana:" Ah tong make tatarucingan Raja Angga ! Sok we sebutkeun Kula 
tinggal marentah !"

Karna :" Jalmana teu jauh malah ayeuna ge aya hadir ! Tah Prabu Salya ti 
Mandaraka !"

Leng    leng  ...........ramyaning kang sasangka    
kumenyar.....................
Suyudhana estu kaget barang nguping yen nu bade dijadikeun kusir kareta perang 
Karna teh SALYA ! Aduh jelas ieu mah hese bin musykil yeuh. Emh aing wawanianan 
jangji bakal marentah kusir nu mana wae ! Teu nyangka yen nu bakal dijadikeun 
kusir teh mertua kaula Raja Mandaraka !? Aduh kumaha yeuh? Beurat yeuh? Kitu 
manah Duryodhana pinuh pagaliwota ku sabab bingung.

Akhirna Suyudhana nyumpingan korsi Salya teras nyembah sareng nyuuh nyungkeun 
sih pikawelas ti Salya.

Salya sakedapan mah olohok we ningal Prabu
 anom Suyudhana nyembah ka anjeunna; sabab saumur dumelah kakara ayeuna 
disembah ku Suyudhana ! Padahal mantuna ? Salya makana teu pati panuju ka mantu 
nu mana oge lantaran tiluanana teu sapikiran. Tilu mantu teh nya eta Prabu 
Baladewa ti Mandura nu ngadahup ka Erawati. Kadua Surtikanthi nu nikah ka 
Karna; ka tilu Banowati nu ngadahup ka Suyudhana.

Tapi Salya enggal waspada, anjeunna bakal ngajukeun hiji hal nubakal beurat 
ditarimana; lamtaran na ,anah Salya teg yen si Karna sarua jeung ngahinakeun ka 
diri anjeunna ! Padahal masing Karna ayeuna jadi Maha Senapati, kapan teu pira 
anak kusir kareta !
Nu matak Salya asa kahina pisan. TYapi ku sabab Suyudhana mentana bari nyembah, 
watek Bangsawan nu saling ngahargaan, teu meunang henteu kudu ditarima; tapi 
kudu ngaluarkeun sarat nu beuret pisan ! Tos gilig manahna enggal wae Salya 
ngandika :

"Prabu anom Suyudhana, Kaula ku sabab geus jadi ngahiji jeung Pihak Astina; nya 
kapaksa kudu nurut ! Ngan wae Kaula ngajukeun sarat, naha kira2na bisa ditarima 
atawa henteu ? Lamun henteu mah teu naon2.....................Kaula ge haroream 
ngusiran jalma nu teu pantes mah !"

Suyudhana :" Ah tong boro hiji sarat atuh. Dalah 10 sarat gw sok mangga wae !"

Salya :"Ah teu kudu loba2 hiji we KUla mah, na enya sampeyan bakal nyatujuan !?"

Suyudhana :"Kapan Kaula nu butuh, piraku we sarat sampeyan ditolak ku Kaula ! 
Sok sebatkeun we !"

Salya:" Ieu sarat teh gampang2 susah oge, saperti tadi si Karna ngomong ! Tah 
sarat Kaula teh, samemeh jadi Kusir Kaula hayang nyarekanan sampeyan sakabehna 
!"

HANCA

Kirim email ke