Dina edisi 60 jeung 61, katinggalina Bah AA rada leuwih laluasa
ngadongengna, dibandingkeun jeung edisi samemehna. Geus tambah maher
ngadongengna. Hal ieu jigana tumali jeung bahasa nu digunakeunana. Dina
dongeng-dongeng samemehna mah rada ningnang, ngadongengkeun perang make
bahasa menak.Priangan. Hahaha.

Mangga lajengkeun.

2011/6/26 Abbas Amin <[email protected]>

> **
>
>
> Sajongjonan mah Durtodhana ngabetem we, teu iasa sasauran;  ku margi teu
> nyangki yen saratna kitu !? Aduh kumaha yeuh ? Ditedunan pikasebeleun; teu
> ditedunan Salya moal daek jadi kusir. Karna oge ti tatadi nahan napsu
> amarahna, ku margi Salya terang2an pisan ngahinakeun ka anjeunna.
>
> Tapi akhirna mah Sutudhana gilig manah, kajeun narima panghina ti Salya, ti
> batan eleh perang mah ! keun hayang nyaho nepi ka mana nyrekanana !? Ari
> Salya tos gilig manah; mun wae anjeunnakuduperang ayeuna hartina lain nolak
> parentah, tapi ngabela harga diri jrung bebenerab; keun kumaha engke we!
> Kitu manah Salya.
>
> Tah mimiti Kaula rek nyarekanan sampeyan Prabu Anom Jakapitana !
> "Eh Suyudhana ! Naon sababna Eyang Bhisma palastra ?! Naon sababna Resi
> Drona pralaya ? Naon sababna Burisrawa, Baghadatta, jeung seueur deui
> Pahlawan sanesna lastari ? Eta kabeh nu jadi sabab musabab "kasarakahan
> andika" ! Suyudhna !"
> Salya liren heula bari ngos2an nahan amarah mu tos lami kapegung ! Katingal
> Duryodhana teup geuneuk ray pias nahan amarahna.
>
> :"Kurupati ! andika teh geus ngajak Para Satriya supaya mati di medan laga
> ngabelaan DOSA NIPU smpeyan ka Pandawa ! Da ari sosoranganan mah andika teh
> estu euweuh kawani ! Nya andika ngagunakeun nu sejen ! Pikeun ngalawan
> Pandawa nu tungtutanana bener !!" Salya liren deui bari melong ka Kurunata.
> sareng ngalirik para hadirin sadayana; katingal Dursasana. ngahrgak sareng
> siga nu bade mesat wangkingan ! Ah memang si nurustunjung Dursasana ieu nu
> bakal ku aing dicarekanan laklak dasar teh. Meureun ayeuna Kula bakal nyabut
> nyawa si Dursasana ; keun masing aing paeh diraponan fe puas mun geus
> modaran si durujana nu ieu mah.
>
> :Aeh Dursasana ! andika ngeunah2 we padahal adi2 andika kapan pada tiwas
> ngabelaan diri sampeyan ! Ari andika aya di mana !? Nyumput nya ? Ku naon
> atuh make pipiluan perang ari rek nyumput mah !? Enyaan sampeyan mah
> durujana, nu wanina ngan ukur ka awewe ! nu tanpa daya ! Saperti Drupadi nu
> digugusur ka sidang harita ! Memang sampeyan mah jalma nu kawas sato ! teu
> aya mirip2 manusa sama sakali !"
>
> Dursasana memang teu kuat nahan napsu, harita keneh rek luncat merangan
> Salya; tapi leungeunna dicekelan ku Sakuni mani pageuh, lantaran Sakuni
> terang Dursasana mun diantep matak gukrud sarerea . Dursasana oge sadar,
> lamun manehna ayeuna luncat nyerang ka Salya, can puguh bisa nelasan Salta,
> malah mungkin wae dirina nu cilaka, lantaran kapan Salya kasohor jago, teu
> sambarang jalma bisa ngalawan Salya.Nu matak napsu2 ge kapaksa Dursasana
> nahan dirina.
>
> Ku margi Dursasana sigana teu kapangaruhan oge, lantaran dicekelan ku
> Sakuni, nyel we Salya ijid pisan ka Sakuni. Teras wae laklak dasar ka
> Sakuni, nu dilawan ku hehehe we ku Sakuni teh.
>
> HANCA
>
>
>  
>

Kirim email ke