Hahahaa , kuring mah ningal kabiasaan we. Ki  Dalang mah kapan kapungkur atawa 
baheulana mah ngan ukur ditonton ku para menak; ka ayeunakeun rada robah. Ngan 
wae lamun urang mikirkeun tata titi dina wangkongan, kapan cek pamikir Jawa mah 
( kaasup sunda ) para dedengkot Pandawa sareng Kurawa teh MENAK. Tapi mun urang 
nitenan film asli ti India; sigana BASANA satata; jadi kuring kadang2 jadi rada 
susah ngadongengkeunana. Matak akhirna mah angger we maning Bahasa Indonesia. 
Hehehehe.

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Dina edisi 60 jeung 61, katinggalina Bah AA rada leuwih laluasa
> ngadongengna, dibandingkeun jeung edisi samemehna. Geus tambah maher
> ngadongengna. Hal ieu jigana tumali jeung bahasa nu digunakeunana. Dina
> dongeng-dongeng samemehna mah rada ningnang, ngadongengkeun perang make
> bahasa menak.Priangan. Hahaha.
> 
> Mangga lajengkeun.
> 
> 2011/6/26 Abbas Amin <abas_amin08@...>
> 
> > **
> >
> >
> > Sajongjonan mah Durtodhana ngabetem we, teu iasa sasauran;  ku margi teu
> > nyangki yen saratna kitu !? Aduh kumaha yeuh ? Ditedunan pikasebeleun; teu
> > ditedunan Salya moal daek jadi kusir. Karna oge ti tatadi nahan napsu
> > amarahna, ku margi Salya terang2an pisan ngahinakeun ka anjeunna.
> >
> > Tapi akhirna mah Sutudhana gilig manah, kajeun narima panghina ti Salya, ti
> > batan eleh perang mah ! keun hayang nyaho nepi ka mana nyrekanana !? Ari
> > Salya tos gilig manah; mun wae anjeunnakuduperang ayeuna hartina lain nolak
> > parentah, tapi ngabela harga diri jrung bebenerab; keun kumaha engke we!
> > Kitu manah Salya.
> >
> > Tah mimiti Kaula rek nyarekanan sampeyan Prabu Anom Jakapitana !
> > "Eh Suyudhana ! Naon sababna Eyang Bhisma palastra ?! Naon sababna Resi
> > Drona pralaya ? Naon sababna Burisrawa, Baghadatta, jeung seueur deui
> > Pahlawan sanesna lastari ? Eta kabeh nu jadi sabab musabab "kasarakahan
> > andika" ! Suyudhna !"
> > Salya liren heula bari ngos2an nahan amarah mu tos lami kapegung ! Katingal
> > Duryodhana teup geuneuk ray pias nahan amarahna.
> >
> > :"Kurupati ! andika teh geus ngajak Para Satriya supaya mati di medan laga
> > ngabelaan DOSA NIPU smpeyan ka Pandawa ! Da ari sosoranganan mah andika teh
> > estu euweuh kawani ! Nya andika ngagunakeun nu sejen ! Pikeun ngalawan
> > Pandawa nu tungtutanana bener !!" Salya liren deui bari melong ka Kurunata.
> > sareng ngalirik para hadirin sadayana; katingal Dursasana. ngahrgak sareng
> > siga nu bade mesat wangkingan ! Ah memang si nurustunjung Dursasana ieu nu
> > bakal ku aing dicarekanan laklak dasar teh. Meureun ayeuna Kula bakal nyabut
> > nyawa si Dursasana ; keun masing aing paeh diraponan fe puas mun geus
> > modaran si durujana nu ieu mah.
> >
> > :Aeh Dursasana ! andika ngeunah2 we padahal adi2 andika kapan pada tiwas
> > ngabelaan diri sampeyan ! Ari andika aya di mana !? Nyumput nya ? Ku naon
> > atuh make pipiluan perang ari rek nyumput mah !? Enyaan sampeyan mah
> > durujana, nu wanina ngan ukur ka awewe ! nu tanpa daya ! Saperti Drupadi nu
> > digugusur ka sidang harita ! Memang sampeyan mah jalma nu kawas sato ! teu
> > aya mirip2 manusa sama sakali !"
> >
> > Dursasana memang teu kuat nahan napsu, harita keneh rek luncat merangan
> > Salya; tapi leungeunna dicekelan ku Sakuni mani pageuh, lantaran Sakuni
> > terang Dursasana mun diantep matak gukrud sarerea . Dursasana oge sadar,
> > lamun manehna ayeuna luncat nyerang ka Salya, can puguh bisa nelasan Salta,
> > malah mungkin wae dirina nu cilaka, lantaran kapan Salya kasohor jago, teu
> > sambarang jalma bisa ngalawan Salya.Nu matak napsu2 ge kapaksa Dursasana
> > nahan dirina.
> >
> > Ku margi Dursasana sigana teu kapangaruhan oge, lantaran dicekelan ku
> > Sakuni, nyel we Salya ijid pisan ka Sakuni. Teras wae laklak dasar ka
> > Sakuni, nu dilawan ku hehehe we ku Sakuni teh.
> >
> > HANCA
> >
> >
> >  
> >
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke