satadina bade ngomentaran gus maman teh ? Mangga we ulah asa2; manawi tiasa 
atuh panginten diwaleran; teu tiasa nya tomada tea. Mangga diantos

--- In [email protected], Gus Maman <manz2002@...> wrote:
>
> 
> 
> Pada Ming, 26 Jun 2011 11:26 ICT Abbas Amin menulis:
> 
> >Sajongjonan mah Durtodhana ngabetem we, teu iasa sasauran;  ku margi teu 
> >nyangki yen saratna kitu !? Aduh kumaha yeuh ? Ditedunan pikasebeleun; teu 
> >ditedunan Salya moal daek jadi kusir. Karna oge ti tatadi nahan napsu 
> >amarahna, ku margi Salya terang2an pisan ngahinakeun ka anjeunna.
> >
> >Tapi akhirna mah Sutudhana gilig manah, kajeun narima panghina ti Salya, ti 
> >batan eleh perang mah ! keun hayang nyaho nepi ka mana nyrekanana !? Ari 
> >Salya tos gilig manah; mun wae anjeunnakuduperang ayeuna hartina lain nolak 
> >parentah, tapi ngabela harga diri jrung bebenerab; keun kumaha engke we! 
> >Kitu manah Salya.
> >
> >Tah mimiti Kaula rek nyarekanan sampeyan Prabu Anom Jakapitana !
> >"Eh Suyudhana ! Naon sababna Eyang Bhisma palastra ?! Naon sababna Resi 
> >Drona pralaya ? Naon sababna Burisrawa, Baghadatta, jeung seueur deui 
> >Pahlawan sanesna lastari ? Eta kabeh nu jadi sabab musabab "kasarakahan 
> >andika" ! Suyudhna !"
> >Salya liren heula bari ngos2an nahan amarah mu tos lami kapegung ! Katingal 
> >Duryodhana teup geuneuk ray pias nahan amarahna.
> >
> >:"Kurupati ! andika teh geus ngajak Para Satriya supaya mati di medan laga 
> >ngabelaan DOSA NIPU smpeyan ka Pandawa ! Da ari sosoranganan mah andika teh 
> >estu euweuh kawani ! Nya andika ngagunakeun nu sejen ! Pikeun ngalawan 
> >Pandawa nu tungtutanana bener !!" Salya liren deui bari melong ka Kurunata. 
> >sareng ngalirik para hadirin sadayana; katingal Dursasana. ngahrgak sareng 
> >siga nu bade mesat wangkingan ! Ah memang si nurustunjung Dursasana ieu nu 
> >bakal ku aing dicarekanan laklak dasar teh. Meureun ayeuna Kula bakal nyabut 
> >nyawa si Dursasana ; keun masing aing paeh diraponan fe puas mun geus 
> >modaran si durujana nu ieu mah.
> >
> >:Aeh Dursasana ! andika ngeunah2 we padahal adi2 andika kapan pada tiwas 
> >ngabelaan diri sampeyan ! Ari andika aya di mana !? Nyumput nya ? Ku naon 
> >atuh make pipiluan perang ari rek nyumput mah !? Enyaan sampeyan mah 
> >durujana, nu wanina ngan ukur ka awewe ! nu tanpa daya ! Saperti Drupadi nu 
> >digugusur ka sidang harita ! Memang sampeyan mah jalma nu kawas sato ! teu 
> >aya mirip2 manusa sama sakali !"
> >
> >Dursasana memang teu kuat nahan napsu, harita keneh rek luncat merangan 
> >Salya; tapi leungeunna dicekelan ku Sakuni mani pageuh, lantaran Sakuni 
> >terang Dursasana mun diantep matak gukrud sarerea . Dursasana oge sadar, 
> >lamun manehna ayeuna luncat nyerang ka Salya, can puguh bisa nelasan Salta, 
> >malah mungkin wae dirina nu cilaka, lantaran kapan Salya kasohor jago, teu 
> >sambarang jalma bisa ngalawan Salya.Nu matak napsu2 ge kapaksa Dursasana 
> >nahan dirina.
> >
> >Ku margi Dursasana sigana teu kapangaruhan oge, lantaran dicekelan ku 
> >Sakuni, nyel we Salya ijid pisan ka Sakuni. Teras wae laklak dasar ka 
> >Sakuni, nu dilawan ku hehehe we ku Sakuni teh.
> >
> >HANCA
> >
> > 
>




------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke