Sateuacana gempungan di UPI, wakil paguron luhur manten BHMN teh ngarempel di 
UI 
sasih April anu kalangkung. Harita teh wakil mendiknas Prof. Fasli Jalal 
netelakeun, bade ngangge sistem BLU sapertos anu ayeuna diterapkeun kanggo  
rumah sakit. Tapi dipasihan "lolongkrang" otonomi terbatas. Sapertos kumaha 
otonomi terbatas eta, nya kedah dibadantenkeun  ku paguron anu kapungkur lebet 
ka PT BHMN. Ari paguron sanes mah masih tetep nganut sistem anu ayeuna 
dilarapkeun. Hasil rumusan ti tim paguron eks BHMN eta engke diajukeun ka 
Mendiknas, teras digodok sareng DPR janten hiji UU enggal atanapi PP. Tah, dina 
proses digodog sareng DPR eta, paguron eks BHMN disuhunkeun bantosanana supados 
ngawal secara ketat. Margi pangalaman waktos ngagodog UU BHP (Badan Hukum 
Pendidikan) anu dibolaykeun ku MK teh, konsepna di "tengah jalan"  ditambihan 
diberlakukeun kanggo sadaya tingkatan sakola ti SD dugi ka paguron luhur 
kalebet 
paguron swasta anu kaiket ka UU Yayasan. Puguh wae atuh, diprotes masyarakat 
margi ditafsirkeun pengelola paguron tiasa janten materialistik heunteu 
berpihak 
ka kaum papa.

Waktos kamari kempel di UI teh, aya conto paguron luhur anu ngalarapkeun sistem 
"ala" BLU, nyaeta Fakultas Kedokteran Universitas Islam Negeri Jakarta 
(kapugkur 
IAIN Jakarta). Kaleresan Dekan na teh manten Rektor UI Prof.dr.M.K. Tadjudin, 
sareng conto sistem BLU murni anu tos dilaksanakeun ku RSCM anu kaleresan 
direktur rumah sakitna teh staf pengajar UI oge nyaeta Prof.Dr. Akmal Taher. 
Rupina tina dua conto ieu, pamarentah tos gilig bade ngalarapkeun sistem BLU 
kanggo paguron luhur eks BHMN. Upami tos lancar, bade diterapkeun kanggo sadaya 
paguron luhur sanesna.

baktos,

mrachmatrawyani





________________________________
From: oman abdurahman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Mon, June 27, 2011 3:07:38 AM
Subject: Re: Bls: [kisunda] Atikan - BHMN vs BLU?

  
Kang Rachmat, cikan aya info ari aspirasi paguron luhur leuwih condong ka 
sistem 
mana? Tina pangalaman, kalan-kalan sistem pengelolaan keuangan anu aya di 
Pamarentah (Dirjen Anggaran) sok rada beda jeung manajemen kreatif anu sifatna 
efesiensi atawa efektivitas atawa win-win solution. Aya pamandangan sejenna?


manar


.

Kirim email ke