Karna ayeuna mah tos buleud hoyong nalukeun Pandawa lima; teras wae 
marentahkeun salya maju ngadeukeutan ka Pasukan Pandawa; ti kajauhan nangtang 
perang :" Eh Para Pandawa Lima; sok lawnan ieu Kula Karna ! Tong nyumput 
satukangeun Pasukan !"

Yudhistira kaget ningal kareta Karna tos nyaketan teras we siap2 kanggo 
ngalawan; tapi Nakula miheulaan maju ! Terus wae Nakula nyecer Karna; tapi hiji 
ge teu aya nu keuna . 
Barang Karna males bandera perang Nakula ngajengjehe dipanah ku Karna; barang 
bade males; panah Karna datang deui; keuna ka na gondewa Nakula; kapaksa Nakula 
ngacir lamun henteu bahaya pisan, Karna seuri mani tarik pisan :"Hahaha; hiji 
geus eleh ku Kaula ! Sok ayeuna si Arjuna geura sina maju !"

Sadewa terus ngaganti Nakula nyanghareupan Karna; tapi ieu ge teu lami 
gondewana tos parotong sababaraha kali; saterusna Yudhistira maju; 
ngalempagkeun tumbakna; tapi ditengah jalan dipanah nepi ka parotong ku panah 
Karna, Yudhistira laju mentangkeun gondewana; tapi ngan sakilat2 ku Karna 
katakis; pamalesna kareta Yudhistira ringsek .

Katingal ku Arjuna terus wae maju ngahalangan Karna. ger we duanana silih panah 
!

Ketak Karna harita estu siga nu kasetanan pisan, pangamukna hese dihalangan; 
Arjuna harita ripuh pisan; mangkaning sumanget perang Arjuna harita teh masih 
melempem pisan; lantaram lu maotna GURU sareng tadi Wersasena; jadi di na 
perangna Arjuna kurang pisan sumanget tempur, atuh nya sakedap ge tos boborot 
getih.

Karna ngagakgak:" Hahahaha ! Nyata bener cek Kaula oge Murid Drona mah euweuh 
naon2na nu istimewa ! Cek Kaula baheula basa ditolak, Kaula ngomong ka Drona 
yen manehna bakal hanjakal nolak Kaula ! Hahhaha ! Kabuktian ayeuna murid Drona 
teh leuwih handap ti batan KARNA ! Hahahaha !"

Arjuna amarahna sakalangkung; ters wae manahan deui.  tapi ayeuna mah Karna 
keur aya di na kaunggulan; lantaran waktu ngamimitian Arjuna rada kendor ! 
Stand masih 3 - 1 ; Karna kapanah sakali Arjuna keuna tilu kali ! Jadi tetep we 
Arjuna ripuh. Akhirn Arjuna ngajungkel na karetana ampir2 kapiuhan. Barang ajeg 
deui badan karasa leuleus letek; nyata Arjuna tos seueur tatu na saluar awakna. 
Sigana mah sakali deui dipanah ku Karna; Arjuna perlaya !

Tapi harita panonpoe surup; terus wae Karna ngagakgak ! :" Hahahaha  Arjuna tah 
titip
nyawa sampeyan ! Ku Kula isukan bakal dianggeuskeun ! Ayeuna mah srangenge geus 
surup ! Kula geus jangji bakal ngeureunan perang lamun panonpoe surup ! 
Hahahaha ! untung maneh Permadi !"

HANCA


Kirim email ke