Sami-sami Kang :).

Leres Kang, dina danget ieu kabuyutan urang atawa lemah cai kurang dijaga 
euy... Walungan geus beak ku polusi/ limbah, gunung/ leuweung garundul kaina 
ditaluaran, cai bersih geus dijual ka batur :((. Ceuk Amanat Galunggung lamun 
urang teu bisa ngajaga kabuyutan urang bakal leuwih hina tibatan kulit lasung. 

Ayeuna kabuktian pisan... Indonesia salaku bangsa teh terhinaaaa pisan, loba nu 
dipeuncit ku deungeun-2, loba nu diperkosa, loba nu ditandasa bari jeung 
pamarentah/ nagara teu bisa nanaon, loba kakayaan nagara geus digadekeun ka 
batur... Jadi inget guyonan Prof. E. Goembira Said dosen S2 kuring di IPB 
manehna nyarita di Indonesia kabeh hahargaaan nararaek... Nu turun teh ngan 
hiji ceunah, HARGA DIRI :((.

Geus wayahna/ waktuna urang bangkit... Geura teuneung ludeung maju pertentang 
ka medan laga, soook lah sakabehna urang Sunda oge Indonesia nu disiklakna oge 
nu disikleukna hayuuu urang tunjukeun yen urang Sunda bisa ngalarapkeun Amanat 
Galunggung... Urang Panceg Dina Galuuuur Ngajaga Lembur :). Teguh pengkuh 
ngajaga lemah cai :).

Carana kumaha? Tumbuh jeung kembangkeun ekonomi lokal, pajukeun produk-2 anu 
aya di urang supaya bisa ulubiung dina percaturan dunya... Nu utamana mah 3 
sumber kahirupan anu utama anu kudu dipertahankeun pisan supaya ulah gumantung 
ka batur... Pangan, Cai, jeung Energi...Produk-2 lokal anu geus aya kudu 
dikembangkeun deui misalna... Kuningan Jeniper, Pamela, Gemblong, jrrd... Garut 
aya Jeruk, Dodol, Cocodot, kulit, jrrd... Tasik olahan sandang, kelom, jrrd... 
Sumedang Opak, Hui, Tahu, jrrd... Cianjur Moci, Tauco, Manisan, jrrd... Bogor 
Asinan, Taleus, jrrd... Cirebon Batik, Tarasi, jrrd... Sukabumi Lauk Emas 
Pepes, Moci, jrrd... Purwakarta Simpring, jrrd... 

Tangtuna urang kudu terus kreatip jeung inopatip ngembangkeun eta produk-2na 
jeung teu kawates ku eta bisa oge nyieun anyar atawa ngamodif ti nu aya. 

Deeer ah padungdung geura tarung :). Ulah epes meer jeung kumeok memeh dipacok 
:).

Nuhuuuns...

Powered By New KAsep
@dkabayan.com :)

-----Original Message-----
From: oman abdurahman <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 6 Jul 2011 05:57:19 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: [email protected]<[email protected]>; 
UrangSunda<[email protected]>; <[email protected]>
Subject: Re: [kisunda] Sunset @ Linggarjati Open Space Gallery Kuningan

Hatur nuhun mang Kabayan, seratan singgetna ngeunaan sajarah Kuningan sareng
Mandala/Kabuyutan parantos ngingetan urang sadaya. Kuningan, lamun kitu,
raket pakuat-pakaitna jeung adat atawa budaya "nyangu koneng", hiji tradisi
anu masih aya dikieuna nepi ka ayeuna, boh di lembur atawa di pakotaan.

Anapon "kabuyutan", numutkeun dadaran mang Kabayan ieu, maksudna nyaeta
lembaga atawa institusi atikan atawa pendidikan. Luyu jeung Amanah
Galunggung ti Prabu Darmasiksa, satiap anggota masyarakat (anak bangsa)
wajib ngajaga ieu kabuyutan. Harti penting sejenna tina "kabuyutan" nyaeta
alam anu jadi sumber kahirupan sarerea, kayaning gunung, leuwung, walungan,
jeung sumber-sumber cai, sakumaha dina prasasti Citatih titinggal Sri Jaya
Bupati. Raja anu ieu, mun teu salah, marentah dina tahun 1000-1100 M.

manar





2011/7/5 Mang Kabayan <[email protected]>

> **
>
>  [Attachment(s) <#130fb7182948ef0c_TopText> from Mang Kabayan included
> below]
>
> Enclosed Sunset View @ Open Space Gallery Linggarjati Kuningan :).
>
> The Tale of King Darmasiksa, raja resi yg memerintah Kerajaan Sunda selama
> 122 tahun, memulai dari Saunggalah Kuningan (Upacara Kuningan, Tempat
> Perayaan Kemenangan Setelah Melawan Kebathilan Dimana Dewa Dewi Kembali Ke
> Surga, Syukuran dengan membuat nasi kuning/ tumpengan), setelah dari
> Kuningan pindah ke Galunggung Tasik, lalu kemudian terakhir di Bogor. Salah
> satu karya besar Darmasiksa, beliau mengeluarkan Amanat Galunggung berisi
> ajaran moral kehidupan agar selaras dengan Alam, Pencipta, dan Sesama
> Mahluk. Pemerintahannya sejaman dengan Jendral Saladin di Timur Tengah
> sekitar abad ke 12 Masehi.
>
> Amanat Galunggung, Sanghyang Siksa Kandang Ng Karesian kemudian turun
> temurun dan terakhir yg berhasil mengamalkannya adalah Prabu Siliwangi,
> Sribaduga Maharaja Jayadewata abad ke 15 M, 300-an tahun kemudian di Pakuan
> Pajajaran Bogor. Mengembangkan kerajaannya menjadi makmur gemah ripah loh
> jinawi.
>
> Darmasiksa dan Siliwangi berhasil mengembangkan Mandala/ Kabuyutan ~ Pusat
> Ilmu Pengetahuan, Budaya, dan Keagamaan yang mana setiap anggota masyarakat
> wajib menjaga kabuyutan tersebut lebih dari apapun karena bekal untuk
> generasi yg akan datang. Guru/ Resi sangat dihargai dan dihormati. Mandala/
> kabuyutan ini dijamin dan dijaga oleh negara.
>
> Yang bisa kita cermati saat ini Mandala/ Kabuyutan/ Pusat Pendidikan/
> Sekolah harus dijaga kesakralannya sebagai institusi yg memegang teguh moral
> dan etika serta budaya. Barangkali PR kita saat ini bagaimana generasi kita
> bisa belajar dari Darmasiksa/ Siliwangi dalam menjaga kabuyutannya sehingga
> negara dan masyarakat ada dalam kemakmuran. 122 tahun bukanlah masa yg
> singkat. Indonesia saja belum sampai 100 tahun. Tentunya hal tsb merupakan
> pukulan telak dimana kita mendengar saat ini di media ada istilah contek
> masal atau nyontek berjamaah. Belum lagi institusi pendidikan yg semakin
> komersil dimana negara tidak lagi menjamin dan menjaga kabuyutannya :((.
>
> Selamat merayakan Galunggung eeeh Galungan dan Kuningan untuk rekan-2 yg
> merayakannya.
>
> Salam Sejuuuk Dari Kaki Gunung Ciremai...
> "Panceg Dina Galur Ngajaga Lembur"
>
> Powered By New KAsep
> @dkabayan.com :)
>  
>

Kirim email ke