Karna bari terus perang teh mikir yen Arjuna nu ayeuna mah enya we beda jeung 
nu kamari ? Bener we meureun kamari mah manehna teh masih nguluwut ku sabab 
Resi Drona Pralaya ?
Wah susah yeuh ? Hanjakal senjata KUNTA geus dipake ka si Gatotkacha; mun 
henteu mah 10 Arjuna ge bakal MUSNA ku Kaula ! Kitu pikiran Karna waktu harita.

Ari Arjuna rada luut leet kesang ayeuna mah;lantaran nyata HESE jeung BANGGA 
nalukkeun Karna teh geuning ? Enyaan bener ieu Karna teh kaasup manusa utama, 
tandangna Dewa; sakti mnggulang manguling; pantes boga senjata HEBAT samodel 
Kunta Wijaya Danur; cacak mun ayeuna aya di manehna weu ! aing bakal cilaka ! 
Wah nuhun pisan Gatotkacha sampeyan geus ngawakilan Paman narima eta senjata !

Duanana masing mikir ge mentangkeun panah mah teu eureun2; terus we silih 
desek; nepi ka tengah poe ereng2an an aya nu kaciri asor; duanana masih keneh 
sumanget di na merangan musuhna; masing duanana oge geus taratu !

Karna bari mentangkeun jamparing terus we nenedaka Bhatara Surya supaya 
dipasihab kajayaan di na ieu perang. Caturkeun Karna geus meunang hiji panah nu 
ngagurilap pasti lain panah samanea; tah panah ieu ayeuna nu dipanahkeun ka 
Arjuna  Ari Arjuna kabeneran deuih waktu harita neneda ka ramana nu ngayufa nya 
eta Bhatara Ibdra kibeuwih; tos kenging panah nu kaciri sinarna biru matak 
geueumeun ; panah ieu ge dipanahkeun ka Karna !

Kumaha akibatna; kareta sareng kuda Arjuna kasabet mani ancur pisan; untung 
Kresna ngajejek BUMI; nepi ka teu telek keuna ka Arjuna; tapi katingal Arjuna 
rada leuleus ayeuna mah katancep ku panah sakti ti Karna; atuh ku Kresna Arjun 
teh digulang gaper supaya ulah terus kapiuhan.

Kumaha ari Karna !? Sami mawon; ieu ge ampir2 katuralengan kasikat ku panah 
Arjuna nu nancep na dada Karna; Karna ngarasa nyeri pisan jeung leuleus deui. 
Duanana ngaganti kareta perang bari istirahat sakeudeung.

Sigana mah aya aturan yen kareta bisa diganti lamun ruksak ! Tapi lamun teu 
ruksak mah can kaci diganti ! Kudu dipake terus saruksakna.

HANCA


Kirim email ke