Saterasna Allah diterangkeun deui ku asma Al Malik; yen Allah teh PENGUASA. Ngawasa naon? Alam Semesta sareng sadayana Alam ! Naha sadaya ? kapan aya Alam kubur; Alam Akhirat; surga Naraka. Tah Gusti teh Ngawasa sadaya Alam. Nu matak di Al Fatihah saterusna Iyya ka na_budu wa iyya Ka nasta'iin. Kapan Alhandu Lillahi Rabbil Aalamiin; Maaliki yaumiddiin. Tangtu asup akal. urang nyembah ka Mantenna nu mangeran alam semesta; sareng Ngawasa sadayana Alam.Kitu deui nyuhunkeun teh ngan ka Mantenna.
Saparantos Al Malik teras Al Quddus nu hartina MAHA Suci. Naon sababna disebut Al Quddus ?Lantaran moal bisa KATEPI ! Boh diCABAK sacara dhahir boh ku bathin ! leres2 tak tersentuh; tak terdeteksi ! Jadi moal kacampuran kuNAON bae oge ! As Salaam, nu nyepeng kasalametan. Saha nu hayang salamet kudu USAHA bari enya2 ku cara nurutkeun naon Parentah Anjeunna. Dugi ka dieu manawi aya nu bade naros ? Mangga. HANCA
