Peuting eta, sanggeusna Arjuna peunang perang ti Karna ( bari rada curang) 
;Pandawa sareng Kresna ngahaja ngalongok ka tempat Bhisma nu keur nunggu waktu 
mustari pikeun perlaya;da Bhisma mah bisa nangtukeun iraha 2na maot teh.

Bhisma bingah manah ningal para Pandawa ngadep ka anjeunna; bari imut naroskeun 
kumaha kaayaan perang. Derekdek wae Darmakusmah nengkeun ramena peperangan; 
nepi ka carita Abimanyu. Bhisma naros:"Nyata si Jayadrata tah nu nyababkeun 
cilakana Abimanyu."
Yudhistira:"Leres pisan eyang; tapi tos kabales ku Arjuna !"
Teras deui Yudhistira nyarioskeun soal Gatotkacha;Bhisma motong deui:" Tah 
kumaha tah
Gatotkacha nu sakti teh ? Naha rame perang jeung Baghadatta ?"
Yudhistira:" Nyata Bhagadatta sakti Gatotkacha asor!"
Bhisma:"Mun peuting mah bakal sabalikna kajadianana !"
Yudhistira:"Tah nya eta eyang, Suyudhana ngumumkeun perang beurang peuting; 
terus ngabongohan ampir we Pandawa sadaya cilaka; untung datang Gatotkacha ! 
Pasukan Astina carem !" Tapi akhirna Gatotkacha lastari ku senjata sakti nu 
Karna."
Tah tadi mah tarung Ajuna sareng Karna !"
Bhisma semu kaget, terus naros mani ngadaregdeg :"Kumaha tah incu eyang Arjuna 
? Teu naon2!?"
Yudhistira:"Teu naon2 malah tuh aya kapan sowan kadieu."
Bhisma:"Wah! kasieun eyang mah nya eta ku Karna ! Beu bahaya pisan ! Komo mun 
kusirna samodel Kresna mah."
Yudhistira:"Nya eta Karna teh dikusiran ku Salya,"
Bhisma katingal ngadaregdeg deui :"Aduuh bahaya pisan etah........!"
Arjuna enggal wae ka payun cong nyembah teras ngandika:"Duuuh eyang. eta mah 
keleresan we putu eyang tiasa kenging perang teh; da memang nyata Kana sakti; 
sanes bantrak2eun sambarang jalmi."
Bhisma:"Hahaha ! syukur putu eyang salamet syukur pisan ! Adduuh  masih keneh 
lewang nepi ka ayeuna oge, kumaha carana merangan Karna !? Hahaha syukur 
sampeyan salamet ! Ayeuna putu eyang jung geura datangan tempatna Karna 
perlaya, pulasara sing bener kalawan kahormatan !"

Sajongjongan mah Yudhistira nghuleng melong ka Kresna; Kresna unggeuk bari mesm 
tanda yen parentah Bhisma kedah ditumut. Atuh enggalna sadaya Pandawa pamitan 
ka Bhisma bade mulasara mayit Karna.

HANCA

Kirim email ke