Sae. Muhun kedah wantun nyarios. Ulah osok EUREUN teu pupuguh.
Abdi mah ningali hukum pancung di Arab Saudi anu berlaku ka TKW ayeuna teu make 
polo, nyawa bayar nyawa teh kudu puguh motifna. 
Da Gusti Allah mah ghufururrahim.

Pada Jum, 15 Jul 2011 13:45 ICT Deni Indra Kelana menulis:

>Tos kasabaraha kalina Gus Maman ngajejeleh lan ngadumundingkeun syariat Islam 
>sareng budaya sunda, asana tos waktosna abdi nyarios EUREUN!
>
>Punten nya palawargi, abdi gaduh patarosan khusus kangge Gus Maman, pami 
>syariat qishosh anu sacara jentre hartosna males kajahatan ku hukuman satimpal 
>dianggap ku Gus Maman biadab, naha di urang make aya paribasa hutang uyah 
>bayar uyah hutang nyawa bayar pati? atuh pami kitu mah urang sunda teh biadab 
>oge? Naha mun aya nu tabrak lari atanapi nyopet/maling sok disiksa dugika 
>kojor? Naha sok remen kacaturkeun ngeunaan teluh, baruang, jst? Mun kitu mah 
>panginten saur panggalih Gus Maman teluh nu susulumputan langkung beradab 
>tibatan hukuman nu ditembrakkeun ka umum tur diatur ku nagara atanapi majelis 
>nu gaduh otoritas.
>
>
>Anu kaduana, naha dina carita2 anu asli asalna tina budaya sunda, aya 
>kacarioskeun hukum pati? Mangga tingal dina carios ronggeng tujuh, pan jelas2 
>bajo anu tos teu walakaya langsung ditelasan harita keneh tanpa pangadilan. 
>Oge carios Ratu Sima ti Kalingga nu neukteuk leungeun putrana pedah ngeserkeun 
>kendi di alun2. Atanapi carios jaman wilwatika ngeunaan hukum picis di alun2. 
>Atuh kabehdieunakeun hukuman gantung jaman walanda. Naon eta hartosna?
>
>
>Anu katiluna, na kapi kumaha Gus Maman ka Snouk sareng rengrengan orientalis 
>nu remen pisan nembrehkeun yen Islam teh budaya Arab, Qur an damelan Muhammad 
>(SAW), kalebet hukum qishosh nu aya enasna dina Qur an disakompetdaunkeun 
>sareng kabiadaban bangsa Arab. Padahal hukuman samodel kitu teu ngan ukur aya 
>dina ajaran Islam wungkul, malih nu langkung sadis oge seueur. Samodel hukuman 
>ditarik opat jurusan ku kuda di Cina, digantung bari digebugan ku Awi di 
>Jepang jaman restorasi Meiji, disisit kulit sirah di Amerika, diparepeh, 
>dilelepkeun bari dibeungbeuratan ku batu, jst. Padahal oge hukuman teukteuk 
>beuheung mung sahiji alternative tina pilihan antara dihampura ku 
>kulawarga/ahli waris jeung/atawa mayar diyat.
>
>
>Abdi mah ningalna Gus Maman teu sabulang bentor, mung emang aya kaijid kana 
>ajaran Islam teh kumargi tema ieu tos sababaraha kali diunggelkeun ka mailist. 
>Duka panginten tujuannana mah ngarah urang sunda anu Islam janten ijid ka 
>ajaran Islam nu leres, atuh anu di luar Islam beuki kandel ijidna teh. Ari 
>kacindekan ti abdi mah kedah dibentenkeun mana anu budaya mana anu hukum nu 
>sumberna ti Ajali.
>
>
>Hapuntan bilih lepat sangki oge hapunten abdi janten sabulang bentor.
>Nuhun,
>Deni
>
>
>
>
>
>
>>________________________________
>>From: Gus Maman <[email protected]>
>>To: [email protected]
>>Sent: Friday, 15 July 2011 11:58 AM
>>Subject: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya?
>>
>>
>>  
>>Janten kumaha maksadna? Upami bade CURHAT mah teu kedah KONGRES-KONGRES-an, 
>>anggur mah mimilisan atawa EEFBIAN, kitu sanes?
>>Si Kuring lebet ka group di EFBI, utamina anu khas (paling sunda?) pisan 
>>nyaeta TANGTUNG SUNDAYANA. 
>>Group ieu sering ngabahas soal Sunda, tanpa/minus (budaya) Islam. 
>>Ningali kanyataan pelaksanaan syariat(hukum) Teukteuk Beuheung anu kabeneran 
>>keuna ka Ruhyati, nambih friksi anu kumaha sabenerna
>>(budaya) Islam/Arab jeung Sunda.
>>
>>Punten rada mengpar sabulangbentor tina subjek judul, mung asa kapecut ku 
>>kalimat 'TEU WALAKAYA', asa urang Sunda nu jadi TKW di Arab.
>>
>>:)
>>
>>Pada Jum, 15 Jul 2011 08:20 ICT Jalak Pakuan menulis:
>>
>>>Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan KBS IX. Duka 
>>>beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana ngagambarkeun kaayaan, 
>>>aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring:
>>>1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa dipadungdengkeun 
>>>di milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya bedana jeung di milis. 
>>>Jadi patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah dikongreskeun dibanding 
>>>dimilis?"
>>>2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan make rasa, boh dina nempo 
>>>masalah oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet asa jadi forum 
>>>"curhat".... Miskin panalungtikan nu jero kitu? 
>>> 
>>>Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho softcopyna 
>>>diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya nyungkeun bantosan, ongkosna ku 
>>>abdi digentos. 
>>> 
>>>salam
>>>JP
>>> 
>>> 
>>> Makarya Mawa Raharja
>>> 
>>>. 
>>>
>>
>>
>> 
>>
>>


------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke