Muhun nun, sapuk. Mung tong hilap oge yen Gusti Alloh teh Al-'Adl wal Hasiib, maha adil tur maha balitungan.
Perkawis ngangge uteuk atanapi henteuna saur abdi kedah ningal oge kasang tukangna, teu iasa kitu bae tunjuk irung batur ku curuk tapi nu opat deui nunjuk ka diri sorangan. Naon margi? apanan salian lantaran kulawarga nu hayang males pati oge masih seueur keneh faktor2 sanesna. Pami ditataan hiji-hiji kirang langkung: pamahaman para TKW/TKI kana sistem pangadilan satempat kalebet hukum qishosh, panyalindungan hukum ti pamarentah urang, ageung henteuna pangaruh diplomatik nagara urang, beres henteuna kinerja kamenterian luar negeri dina memeres kasus-kasus siga kieu, sistem perekrutan pleus pelatihan ti penyalur, puguh henteuna status kontrak kerja, jrrd. Janten panginten, teu aya gunana nyalahkeun hukum syariat, nu aya mah malah ngundang pacengkadan. Anggursi mending urang kapayunkeun naon adu manisna antara budaya urang sareng ajaran islam, sanes kalah siga anu resep pisan ngagugulung perbentenan teh. Pan bororaah kitu, dalah dua urang dulur saindung sabapa ge pan pasti aya wae bentenna... Nuhun, Deni >________________________________ >From: Gus Maman <[email protected]> >To: [email protected] >Sent: Friday, 15 July 2011 6:38 PM >Subject: Bls: Re: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya? > > > >Sae. Muhun kedah wantun nyarios. Ulah osok EUREUN teu pupuguh. >Abdi mah ningali hukum pancung di Arab Saudi anu berlaku ka TKW ayeuna teu >make polo, nyawa bayar nyawa teh kudu puguh motifna. >Da Gusti Allah mah ghufururrahim. > >Pada Jum, 15 Jul 2011 13:45 ICT Deni Indra Kelana menulis: > >>Tos kasabaraha kalina Gus Maman ngajejeleh lan ngadumundingkeun syariat Islam >>sareng budaya sunda, asana tos waktosna abdi nyarios EUREUN! >> >>Punten nya palawargi, abdi gaduh patarosan khusus kangge Gus Maman, pami >>syariat qishosh anu sacara jentre hartosna males kajahatan ku hukuman >>satimpal dianggap ku Gus Maman biadab, naha di urang make aya paribasa hutang >>uyah bayar uyah hutang nyawa bayar pati? atuh pami kitu mah urang sunda teh >>biadab oge? Naha mun aya nu tabrak lari atanapi nyopet/maling sok disiksa >>dugika kojor? Naha sok remen kacaturkeun ngeunaan teluh, baruang, jst? Mun >>kitu mah panginten saur panggalih Gus Maman teluh nu susulumputan langkung >>beradab tibatan hukuman nu ditembrakkeun ka umum tur diatur ku nagara atanapi >>majelis nu gaduh otoritas. >> >> >>Anu kaduana, naha dina carita2 anu asli asalna tina budaya sunda, aya >>kacarioskeun hukum pati? Mangga tingal dina carios ronggeng tujuh, pan jelas2 >>bajo anu tos teu walakaya langsung ditelasan harita keneh tanpa pangadilan. >>Oge carios Ratu Sima ti Kalingga nu neukteuk leungeun putrana pedah >>ngeserkeun kendi di alun2. Atanapi carios jaman wilwatika ngeunaan hukum >>picis di alun2. Atuh kabehdieunakeun hukuman gantung jaman walanda. Naon eta >>hartosna? >> >> >>Anu katiluna, na kapi kumaha Gus Maman ka Snouk sareng rengrengan orientalis >>nu remen pisan nembrehkeun yen Islam teh budaya Arab, Qur an damelan Muhammad >>(SAW), kalebet hukum qishosh nu aya enasna dina Qur an disakompetdaunkeun >>sareng kabiadaban bangsa Arab. Padahal hukuman samodel kitu teu ngan ukur aya >>dina ajaran Islam wungkul, malih nu langkung sadis oge seueur. Samodel >>hukuman ditarik opat jurusan ku kuda di Cina, digantung bari digebugan ku Awi >>di Jepang jaman restorasi Meiji, disisit kulit sirah di Amerika, diparepeh, >>dilelepkeun bari dibeungbeuratan ku batu, jst. Padahal oge hukuman teukteuk >>beuheung mung sahiji alternative tina pilihan antara dihampura ku >>kulawarga/ahli waris jeung/atawa mayar diyat. >> >> >>Abdi mah ningalna Gus Maman teu sabulang bentor, mung emang aya kaijid kana >>ajaran Islam teh kumargi tema ieu tos sababaraha kali diunggelkeun ka >>mailist. Duka panginten tujuannana mah ngarah urang sunda anu Islam janten >>ijid ka ajaran Islam nu leres, atuh anu di luar Islam beuki kandel ijidna >>teh. Ari kacindekan ti abdi mah kedah dibentenkeun mana anu budaya mana anu >>hukum nu sumberna ti Ajali. >> >> >>Hapuntan bilih lepat sangki oge hapunten abdi janten sabulang bentor. >>Nuhun, >>Deni >> >> >> >> >> >> >>>________________________________ >>>From: Gus Maman <[email protected]> >>>To: [email protected] >>>Sent: Friday, 15 July 2011 11:58 AM >>>Subject: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya? >>> >>> >>> >>>Janten kumaha maksadna? Upami bade CURHAT mah teu kedah KONGRES-KONGRES-an, >>>anggur mah mimilisan atawa EEFBIAN, kitu sanes? >>>Si Kuring lebet ka group di EFBI, utamina anu khas (paling sunda?) pisan >>>nyaeta TANGTUNG SUNDAYANA. >>>Group ieu sering ngabahas soal Sunda, tanpa/minus (budaya) Islam. >>>Ningali kanyataan pelaksanaan syariat(hukum) Teukteuk Beuheung anu kabeneran >>>keuna ka Ruhyati, nambih friksi anu kumaha sabenerna >>>(budaya) Islam/Arab jeung Sunda. >>> >>>Punten rada mengpar sabulangbentor tina subjek judul, mung asa kapecut ku >>>kalimat 'TEU WALAKAYA', asa urang Sunda nu jadi TKW di Arab. >>> >>>:) >>> >>>Pada Jum, 15 Jul 2011 08:20 ICT Jalak Pakuan menulis: >>> >>>>Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan KBS IX. >>>>Duka beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana ngagambarkeun >>>>kaayaan, aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring: >>>>1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa dipadungdengkeun >>>>di milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya bedana jeung di milis. >>>>Jadi patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah dikongreskeun dibanding >>>>dimilis?" >>>>2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan make rasa, boh dina nempo >>>>masalah oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet asa jadi forum >>>>"curhat".... Miskin panalungtikan nu jero kitu? >>>> >>>>Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho softcopyna >>>>diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya nyungkeun bantosan, ongkosna ku >>>>abdi digentos. >>>> >>>>salam >>>>JP >>>> >>>> >>>> Makarya Mawa Raharja >>>> >>>>. >>>> >>> >>> >>> >>> >>> > > > >
